ANJOG ka Kabuyutan Linggahyang wanci sareureuh budak. Maharaja Sakti leumpangna anca, henteu gancang, henteu rusuh. Make jalan muter, ngaliwatan paimahan, henteu make jalan satapak, ngaliwatan leuweung jeung pakebonan, nu langsung nepungkeun Karaton Surawisesa jeung Kabuyutan Linggahyang.
Di jalan henteu pasarandog jeung wargana. Kabeh geus ngampih, kawantu keur werit jeung pinuh ku kahariwang. Di saung ronda oge taya nu jaga. Lain hartina warga mumul ngajaga lembur. Anu bagean ngaronda cicingna di tempat-tempat anu henteu negrak, ngan ti dinya bisa ngawaskeun kaayaan, datangna musuh bisa gancang kanyahoan.
Maharaja Sakti henteu langsung asup ka Kabuyutan Linggahyang nu pinuh ku kakayon baradag jeung jaranggotan, tapi ngajanteng heula di hareupeun lawang asup: liang sapaseun awak dina dapuran haur gereng. Cucuk haur gereng tembong pikapaureun, salawasna sayaga ngaranggeum jeung meulit nu datang bari sologoto.
Pikiran Maharaja Sakti ngabayangkeun Kabuyutan Linggahyang jaman karuhunna, jaman Kawali masih keneh puseur dayeuh Karajaan Galuh-Sunda. Embaran nu nepi ka dirina, Kabuyutan Linggahyang jaman harita pangimpungan tokoh nu ngadarmakeun dirina pikeun kapentingan rahayat jeung karajaan.
Di Kabuyutan Linggahyang aya pabukon, buku-bukuna loba. Malah ti Kabuyutan Linggahyang medal buku dina jumlah anu kawilang rea: buku agama, pamarentahan, paelmuan, pananggalan, uubar, jeung sajabana. Prasasti di Linggahyang nu mangrupa garis-garis nu ngawangun bentuk kotak-kotak oge baheula mah lengkep jeung buku panduanana.
Prasasti bieu teh, pikeun nangtukeun, ngitung pananggalan jeung pranata mangsa: ngitung waktuna tatanen, panen, indit-inditan. Ngan buku nu nerangkeun kumaha cara ngagunakeunana jeung ngitungna ti saacan Maharaja Sakti ka Kawali oge geus leungit. Parasepuh nu maher dina soal eta, nungtutan ninggalkeun alam pawenangan.
Atuh kabeungharan pangaweruh dina pananggalan jeung pranata mangsa teh henteu kawariskeun ka entragan saterusna. Anu hayang nyaho jeung neuleuman pananggalan jaman karuhunna, pugag, lantaran taya nu bisa dipake keur diajar, boh buku boh nu tapis dina pananggalan. Aya nu nyahoeun oge ukur sapotong-sapotong.
Baca Juga: Putri Anjungsari (38), Di Karaton Surawisesa, Maharaja Sakti Nyoreang Sejarah Luluhurna