Galendo, Abon, Dengdeng Sapi jeung Kecap Serbasari Kuliner Has Ciamis

- 2 Februari 2023, 09:30 WIB
Tukang meletik di Ciamis. Lian ti ngaproduksi minyak keletik nu djieun CVO, oge ngolah galendo tepi ka hargana  leuwih mahal batan minyak keletik*
Tukang meletik di Ciamis. Lian ti ngaproduksi minyak keletik nu djieun CVO, oge ngolah galendo tepi ka hargana leuwih mahal batan minyak keletik* /

GALURA -Anu disebut galendo, eta mah eces kadaharan has ti Tatar Galuh Ciamis nu geus kasohor ka mana-mana. Ari awalna mah nu kakoncarana teh minyak kalapa atawa minyak keletik.

Ku perbawa jaman, galendo nu taya lian ti dedek atawa tai minyak teh kiwari harga sakilona leuwih mahal batak minyak keletik. Malah rasana oge rupa-rupa.

Kaolahan ti Ciamis nu geus aya ti baheula, lian ti minyak keletik jeung galendo, oge abon, dengdeng sapi jeung kecap.

Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo

Minyak keletik mah dijieunna meh di sakuliah wewengkon Ciamis, ngan ayeuna mah minyak keletik geus arang. Ari kecap puseurna di Pecinan, di Jalan Ampera Ciamis jeung sabudeureunana.

Tepi ka danget ieu, di Jalan Ampera aya nu masih keneh nyieunan kecap nuluykeun usaha kolotna.

Di luar pecinan nu masih keneh mabrik kecap teh di antarana jenatna M. Gopar Kusuma, pangsiunan kepala urusan kepegawaian Dinas P dan K Kabupaten Ciamis (1981)  jeung bojona Siti Surahmah (almarhumah). Nyieunan kecapna ti taun 1959.

Lain pedah bogaeun modal kandel ancrub kana nyieunan kecap teh, tapi hayang boga duit. Malum guru SR (sakola rayat) jaman harita. Ku ripuh-ripuhna hirup ngandelkeun  gajih loba nu eureun jadi guru. 

Baca Juga: Panday ti Sunda, Sanggeus Pajajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

Gopar mah  angger jadi guru, ditulungan ku usaha nyieun kecap. Karirna oge nerekel jadi pajabat di  Dinas P dan K Kabupaten Ciamis.

Mimitina mah anu dijieunna teh minyak rambut, hasilna dititipkeun di warung-warung. Eureun tina minyak rambut, ganti ngawadahan tipung hunkue, dikantongan, terus dipihapekeun di warung.

Ti dinya, taun 1959, nyoba-nyoba nyieun kecap. Tetela tina usaha nyieun kecap, bisa diandelkeun.

Waktu keur jaya-jayana, memeh kecap kaluaran pabrik modern mahabu, Gopar ngolah kacang kadele jadi kecap teh heuleut sapoe.

Baca Juga: Putri Anjungsari (15)

Produksina sumebar di Banten, Bandung, Cianjur, jeung kota-kota sejenna nu aya di Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Bisa nyakolakeun barudakna tepi ka ngahontal sarjana oge sareatna mah ladang kecap.

Anakna teh dalapan, ngan saurang, nu cikal,  nu sakolana tepi ka SMA. Anu lianna mah mun lain sarjana pendidikan, gelarna insinyur. Malah nu kaopat, lalaki, gelar kasarjaanana doktor ti paguron luhur nu kakoncara di Bandung.

Dina sakali ngolah meakkeun bahan baku kacang kadele hideung 15 kilo, gula kawung 150 kilo jeung uyah 50 kilo.

Gopar nyieun kecapna bener-bener tradisional, henteu make pakakas modern, teu kawas pabrik-pabrik badag. Bahan bakarna suluh. Ti atah tepi ka asak merelukeun waktu paling sakeudeung dua bulan.

Baca Juga: Bedog-Bedog Kakoncara ti Tatar Sunda, Dijieun Teu Dapon, Pandayna Kudu Bari Puasa

Nempe kacang kadelena lilana lima poe lima peuting. Ti dinya tempe teh dibeleng, dikeueum ku ciuyah ngarah protein jeung sarisarina kasedot, lilana paling sakeudeung dua bulan.

Asakna henteuna kecap teu bisa ditangtukeun ku lilana. Lebah dieu mah nu jadi patokanana teh geus asak henteu kecapna.

Kecap nu geus jadi terus diwadahan kana botol eusi 300 mililiter (ml) jeung 600 ml. Kecap buatan Gopar nu dimerkan Serbasari teh lolobana dijual di koperasi guru di kacamatan-kacamatan di Ciamis jeung di Banjar.

Kakoncara pisan kecap merek Serbasari teh, rasana beda jeung kecap nu asalna ti Majalengka.

Lian ti kecap, kaolahan has Ciamis nu geus boga umur teh abon jeung dengdeng sapi ti Rancapetir Kalurahan Ciamis. Tepi ka ayeuna, masih keneh loba nu nyieun abon jeung dengdeng sapi.

Baca Juga: Pranatamangsa Sunda, Usum Hujan Panen Suung Cirina Siraru Rabeng

Najan harga daging sapi apung-apungan, urang Rancapetir angger ngeureuyeuh nyieunan abon jeung dengdeng sapi.

Industri dahareun di Ciamis di antarana gula kawung, gula kalapa, rupa-rupa kurupuk, kueh garing, kiripik sampeu jeung kiripik cau, bolu, opak, raginang jeung sajabana.

Ngan lolobana mah industri leutik jeung ukur nyieunan atawa ngolah. Ari masarkeunana  ku nu sejenna ku nu gede modalna. Teu aneh mun aya kadaharan asal Ciamis nu disulap jadi buatan daerah sejen.

Prospek kadaharan has Ciamis teh kawilang hade. Eta wae Pusat Oleh-oleh Makanan Khas Ciamis di Jalan Jendral Sudirman, kuloneun Polres Ciamis, kaseundeuhan ku nu mareuli.

Mobil pariwisata jeung mobil pribadi loba nu nyimpang. Aya kana 60 rupa kadaharan ti Ciamis nu dijual di dinya sarta payu, loba nu mareuli. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah