Gopar mah angger jadi guru, ditulungan ku usaha nyieun kecap. Karirna oge nerekel jadi pajabat di Dinas P dan K Kabupaten Ciamis.
Mimitina mah anu dijieunna teh minyak rambut, hasilna dititipkeun di warung-warung. Eureun tina minyak rambut, ganti ngawadahan tipung hunkue, dikantongan, terus dipihapekeun di warung.
Ti dinya, taun 1959, nyoba-nyoba nyieun kecap. Tetela tina usaha nyieun kecap, bisa diandelkeun.
Waktu keur jaya-jayana, memeh kecap kaluaran pabrik modern mahabu, Gopar ngolah kacang kadele jadi kecap teh heuleut sapoe.
Baca Juga: Putri Anjungsari (15)
Produksina sumebar di Banten, Bandung, Cianjur, jeung kota-kota sejenna nu aya di Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Bisa nyakolakeun barudakna tepi ka ngahontal sarjana oge sareatna mah ladang kecap.
Anakna teh dalapan, ngan saurang, nu cikal, nu sakolana tepi ka SMA. Anu lianna mah mun lain sarjana pendidikan, gelarna insinyur. Malah nu kaopat, lalaki, gelar kasarjaanana doktor ti paguron luhur nu kakoncara di Bandung.
Dina sakali ngolah meakkeun bahan baku kacang kadele hideung 15 kilo, gula kawung 150 kilo jeung uyah 50 kilo.
Gopar nyieun kecapna bener-bener tradisional, henteu make pakakas modern, teu kawas pabrik-pabrik badag. Bahan bakarna suluh. Ti atah tepi ka asak merelukeun waktu paling sakeudeung dua bulan.
Baca Juga: Bedog-Bedog Kakoncara ti Tatar Sunda, Dijieun Teu Dapon, Pandayna Kudu Bari Puasa