Nusakambangan Ceuk Versi Jawa, Kembang Wijaya Kusumah, Bathari Durga jeung Sang Hyang Pramoni

- 29 Januari 2023, 11:30 WIB
Nusakambangan di Cilacap Jawa Tengah, ceuk versi urang Jawa, tempat dumuk panguasa bangsa lelembut sapulo Jawa. (Poto: deskjabar).*
Nusakambangan di Cilacap Jawa Tengah, ceuk versi urang Jawa, tempat dumuk panguasa bangsa lelembut sapulo Jawa. (Poto: deskjabar).* /


GALURA -Dina carita padalangan di Jawa, Nusakambangan disebut Nusa Kambana, Nusa Barambang, Watu Masigid, Sela Marsigid, atawa Dhandang Mangore.

Carita wayang purwa ngagambarkeun kaayaan kahyangan Nusakambangan atawa Nusa Kambana teh kacida pisan geueumeun. Nu ngawasa Nusa Kambana teh Bathari Durga nu mibanda gelar Sang Hyang Pramoni.

Bathari Durga nu ngawasa Nusakambangan atawa Nusa Kambana dina sababraha literature disebut oge Bathara Durga Umayi. Urang Karaton Surakarta Hadiningrat, nyarebut ka Bathari Durga teh Sang Hyang Bathari Kalayuwati.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

Bathari cenah cicingna di karaton Watu Masigid, karatonna agreng jeung hurung-herang lantaran dijieun tina bahan emas jeung dilapis ku emas.

Nusa Kambana oge dipercaya puseur dayeuh keur bangsa lelembut nu sumebar di tanah Jawa. Panguasa alam lelembut di unggal wewengkon teu bisa baha ka Sang Hyang Pramoni.

Panguasa lelembut nu jadi patalukan Sang Hyang Pramoni teh di antarana: Jin Balabatu di Blambangan Banyuwangi, Buta Locaya di Kediri, Sidagori di Pacitan, jeung Klenthing Mungil di Magetan.

Anu lianna: Jin Abur-abur di Madiun, Kala Jangga di Malang, jeung Pilang Putih di Cepu Blora. Unggal taun kabeh oge seba ka Nusakambangan.

Baca Juga: Misteri Gunung Salak, Mistik jeung Pependeman Harta Karun

Karaton Surakarta oge sataun kali ngagelar upacara Wilujengan Negera Maesa Lawung di Alas Krendha Wahana, tujuanana keur ngahormat Bathari Durga atawa Bathari Kalayuwati, panguasa Nusakambangan.

Dina eta ritual, hulu munding dikubur lengkep jeung sasajenna. Daging nu disadiakeunana kabeh oge atah keneh. Wadya balad atawa pasukan ti Nusakambangan, cenah,, raksasa atawa buta bangsa lelembut nu moal katempo ku mata lahir.

Aya sababaraha jin kapercayaan Bathari Durga. Di antarana Jin Trenggiling Wesi, sekretaris Bathari Durga, cicingna di wewengkon Majenang; Jin Nyai Bathithing ti Tuban nu ngokolakeun properti karaton.

Nu sejenna: Jin Nyai Puspakati nu ngurus pakaean Sang Ratu, jeung; Jin Nyai Roro Denok nu pancenna nyadiakeun kadaharan di karaton.

Baca Juga: Putri Anjungsari (11)

Ceuk sakaol, di karaton tempat dumuk Bathari Durga tumuwuh Kembang Wijaya Kusumah.

Dipercaya sing saha wae nu bisa metik Kembang Wijaya Kusumah hirupna bakal jeujeuh jeung mibanda komara. Malah rundayanana bakal terus-terusan nyekel kakawasaan di tanah Jawa.

Ceuk beja, Amangkurat Amral (Amangkurat II) nu jadi di Mataram ti taun 1677 tepi ka taun 1703, satekah polah bisa metik jeung mawa Kembang Wijaya Kusuma ti Nusakambangan.

Tepi ka ayeuna, cenah mah, masih loba nu hayang meunang Kembang Wijaya Kusuma ti karaton Watu Masigid, ngan teu kacaturkeun aya bisa metik.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah