Gusjur Mahesa, Penyair Jeprut ti Nganjuk ka Bandung, Merangan Korupsi Liwat Puisi

- 27 Januari 2023, 21:47 WIB
Gusjur Mahesa, penyair nyentrik nu ngalakonan kampanyeu anti korupsi liwat puisi.*
Gusjur Mahesa, penyair nyentrik nu ngalakonan kampanyeu anti korupsi liwat puisi.* /DOK GUSJUR MAHESA/

GALURA - Pikeun penyair Gusjur Mahesa, loba cara keur merangan korupsi teh, salasahijina nyaeta liwat puisi.

Minangka media ekspresi ngungkabkeun pikiran jeung parasaan, puisi-puisi Gusjur Mahesa nu temana merangan korupsi teh pamianganana tina kanyataan kahirupan sapopoe.

Praktek korupsi nu geus lir ngadaging di ieu nagara, dina puisi-puisi Gusjur Mahesa mah bet siga nu digeuhgeuykeun.

Baca Juga: Misteri Gunung Salak, Mistik jeung Pependeman Harta Karun

Tina eta puisi-puisina Gusjur Mahesa ngageuing balarea rehna praktek korupsi di urang teh enya-enya kajadian di sabudeureun urang.

Tah, kampanyeu Gusjur Mahesa kana eta praktek korupsi, didasaran ku guligahna kana kalakuan korupsi tepi ka tingkat panghandapna.

Lian ti ka guligah, puisi-puisina sual merangan korupsi ge jadi bahan lenyepaneun.

Baca Juga: Kalender Sunda, Lain Kalender Klenik, Tapi Dumasar Itungan Matematis

Waktu ditepungan di padumukanana, anyar-anyar ieu, di wewengkon Darul Halim Cibaligo, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Gusjur Mahesa mertelakeun, nu jadi pangna kajadian korupsi teh bisa rupa-rupa.

“Unggal waktu, samalah unggal bulan loba pajabat nagara nu kacerek alatan diduga ngalakukeun korupsi,” pokna.

Ceuk Gusjur Mahesa, nu oge dosen Prodi Bahasa dan Sastra Indonesia IKIP Siliwangi Cimahi, loba hal nu ngabalukarkeun laku lampah korupsi, antarana ku hawek, faktor lingkungan, gaya hirup, sikep masarakat kana korupsi, tur nu lianna.

Baca Juga: Rekomendasi 2 Tempat Wisata di Bogor, Ngopi di Sawah, Kukudaan di Gunung Mas, Healing keur Kulawarga

Masarakat ge lir nu teu sadar yen nu paling utama jadi korban alatan korupsi teh nya maranehanana.

“Dina kaayaan ajen-inajen masarakat nu meh ngabaekeun korupsi, jadi matak korupsi mingkin mahabu,” ceuk Gusjur Mahesa.

Ku kituna, saenyana korupsi teh bisa disinglar jeung diperangan mun tea mah urang sarerea milu aub kalawan aktif dina agenda nyegah katut meranganana.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

Perelu ayana sosialisasi sarta edukasi kalawan noron ka masarakat ngeunaan kasadaran enggoning nyegah praktek korupsi.

“Kuring ngalakukeun gerakan ngalawan korupsi teh liwat puisi,” pokna.

Gumelar di Nganjuk, 1 Agustus 1966, ngaran aslina mah Agus Priyanto. Nyuprih elmu di IKIP Bandung (ayeuna UPI Bandung) taun 1993, laju S-2 di STSI Bandung (ayeuna ISBI Bandung) taun 2013.

Baca Juga: Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

Manehna aktif di dunya teater, jadi aktor, penulis naskah, katut sutradara.

Remen mentas di sababaraha daerah jeung mancanagara, bareng jeung komunitas teater, antarana Bengkel Teater Rendra, Komuntas Celah Celah Langit, AUL Bandung, sarta Teater Tarian Mahesa (TTM).

“Ngaran Gusjur teh pamahanan sastrawan Sunda Godi Suwarna, anapon ngaran Mahesa mah pamahanan ti WS Rendra,” ceuk ieu penyair nyentrik teh.

Baca Juga: Karaton Karajaan Sukapura kari Waasna, Titinggalna Diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura

Kampanyeu merangan korupsi, diungkabkeun dina dua buku antologi puisina.

Kahiji, dina buku “Mending Gelo Daripada Korupsi” medal taun 2016, sarta nu kadua, buku “Mending Edan Daripada Kebagian Korupsi” medal 2020.

Eta dua buku antologi teh ngamuat ratusan puisi, nu salian tema merangan korupsi, oge diwengku ku tema sejenna tumali jeung kanyataan kahirupan sosial sapopoe.

Baca Juga: Lolongok ka Museum Galeri Wayang Purwakarta, Aya Wayang Golek jeung Kulit, Kumplit jeung Gamelanna

Demi gaya ungkab puisi-puisina rupa-rupa, ti mimiti narasi, ngulinkeun tempo jeung rima, oge mindeng aya daya ungkab renjagan, kaasup dina kecap atawa kalimah nu dipasieup ku basa Sunda.

Ceuk Gusjur, korupsi teh minangka laku lampah nu estu ngarugikeun nagara, ngahambat tumuwuhna paekonomian, ngaronjatna angka kamiskinan, sarta mingkin jauhna kana karaharjaan masarakat.

Kampanyeu ngalawan jeung nyegah cegah korupsi dilakonan ku Gusjur Mahesa kalawan ngider ngadongdon ka 130 instansi pamarentah, saperti kantor desa/kalurahan, kacamatan, dinas-dinas, Polsek jeung Koramil, sarta nu lianna.

Baca Juga: Ngelehkeun Borneo FC 1-0, Persib Bandung Ngangsrod ka Puncak Klasemen Liga 1, Bobotoh : Luis Milla Hebat!

“Eta instansi teh sumebar ti mimiti kawasan Bandung Raya, tepi ka Cianjur, Subang, Garut, Tasikmalaya, katut Ciamis,” pok Gusjur Mahesa.

Kumaha responna? Sapuk, yen urang kudu terus ihtiar nyegah laku lampah korupsi.

Kaprihatinanana kana praktek korupsi, saperti nu kaunggel dina puisi “Curhat Koruptor”, kieu :

Yang mulia, maafkan kami, eh saya

Bukan saya bermaksud mengambil uang negara

Tapi rakyat kami yang mendorongnya

Mereka kalau datang berkunjung ke rumah

Selalu minta dikasih amplop mewah

Klo gak dikasih, aku dianggap hina, dan dibilang pelit

Klo aku kasih, mereka memuji setinggi langit

Siapa yang suka dihina? Siapa yang tak suka dipuja?

Rakyatlah yang mengajariku korupsi

Begitu yang mulia...

Ceuk sastrawan Deri Hudaya, tina kecap dua antologi puisi Gusjur Mahesa, nyaeta gelo jeung edan, lir nguatkeun patekadan Gusjur enggoning terus mapay “jalan kegilaan.”

Kitu deui, dina tema puisina teh, tembong yen Gusjur Mahesa konsisten ngalakonan kampanyeu nyegah korupsi. ***

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x