Urang Cireundeu Kota Cimahi Teu Butuh Sangu Paré

30 Juni 2024, 19:17 WIB
Imah adat di Kampung Cireundeu Kota Cimahi, Jawa Barat. /

 

Teu nanaon teu boga sawah asal boga paré

Teu nanaon teu boga paré asal ngéjo

Teu nanaon teu ngéjo asal nyatu

Teu nanaon teu nyatu, asal hirup

(Palanggeran hirup urang Cireundeu abad 18)

 

KAMPUNG Cireundeu téh, perenahna di Kacamatan Leuwigajah, Cimahi. Pilemburan di hiji pasir anu dieusian ku masarakat adat Sunda. Saban nagara keur werit ku béas, saban kalolobaan jalma keur ngangluh jeung ngarasula ku sabab harga béas apung-apungan, maranéhna mah hirupna ayem-tengtrem. Naha make kitu.

“Da di dieu mah tos ti ajalina tara nuang sangu tina béas paré,” ceuk Kosasih, padumuk di Cireundeu. Tangtu cenah panjang riwayatna, lain tradisi dadak-dadakan, henteu ujug-ujug bahan pokona lain lana sangu tina beas. Ceuk dongéng ti masarakat anu umurna leuwih kolot mah kieu riwayatna téh:

Baheula kira abad 18, urang Cireundeu hirupna teu weléh ngarasa tunggara. Pasir tempat dumukna, tanahna hésé dipelakan ku paré. Anu jadi mah ukur beubeutian kayaning sampeu, hui atawa jagong. Ku sabab werit ku paré, hirup maranéhna téh asa miskin. Jalma anu teu mampuh dahar sangu (maksudna sangu dijieun tina béas paré), dianggap masakat.

Kaharti, lamun sapopoéna rayat téh ngan ngangluh jeung ngangluh. Tua kampung dina jaman harita, mikir beurang-peuting, kumaha akalna sangkan rahayat jamuga. Ku sabab kitu, tua kampung ngalalana ka jauhna, hayang ngihtiaran sangkan kahirupan rayatna ningkat. Basa anjog ka Cirebon, nampa amanat ti anu jadi tokoh agama di éta tempat.

Nya cenah ukur dibéré jampé hirup. Jampéna jiga anu ditulis di luhur, nyaéta :

Teu nanaon teu boga paré asal ngéjo

Teu nanaon teu ngéjo asal nyatu

Teu nanaon teu nyatu, asal hirup

teu nanaon teu nyatu asal hirup.

 

Anu kaharti ku tua kampung manusa téh kudu tahan uji dina nyanghareupan sagala kasusah hirup, ulah cééhan, ulah ngarasula, komo jeung nyalahkeun batur. Naha aya kitu, anu bisa hirup bari teu dahar?  Ku manéhna diterangkeun   hirupna manusa mah lain baé ku kadaharan anu asup kana peujit.

Di sabudeureun alam téh hirupna manusa ditunjel ku angin (hawa, udara), cai, taneuh jeung seuneu, cenah, ngandung harti manua teh “ngonsumsi” angina, cai, taneuh, hawa jeung seuneu. “Geuning dina dongéng, aya anu tapa 40 dinten 40 wengi teu dahar nanaon, teu paéh. Tapi lain hartina kabéh kudu kitu,” ceuk Kosasih seuri.

Balik “guguru”, tua kampung ngajalankeun éta jampé ku ngageuri ka masarakatna, sangkan ulah ngandelkeun teuing kana paré. “Sabab sabenerna mah urang téh ukur sangsara ku paré, da ari kadaharan séjén mah ngaleuya. Popohokeun wé dahar sangu béas paré mah, dahar wae beubeutian” cenah.

Ti harita, urang Cireundeu ngalalanyahan mindahkeun tradisi. Anu tadina ukur tukuh kana sangu béas paré, ka dieunakeun dahar naon wé nu keur usum. Usum jagong nyieun sangu jagong. Usum melak sampeu, dahar sangu nu dijieun tina sampeu. Mun euweuh-euweuh teuing, deungeunna ogé angeun daun sampeu.

“Ku geus jadi kabiasaan kitu, ahirna urang Cireundeu teu ngarasa sangsara. Sabot batur ngangluh alatan harga béas mahal atawa langka, urang Cireundeu mah haré-haré da teu ngarasa butuh ku béas paré. Ku kabiasaan ngajauhan sangu tina béas paré, malah ayeuna mah  urang Cireundeu téh teu beuki kana sangu samodél kitu.

“Sakalieun nganjang ka lembur séjén, budak disuguhan dahar jeung sangu, naha da mugen,” ceuk Kosasih seuri. Ceuk Kosasih deui, ayeuna dina téknologi pertanian anu maju, sabenerna di Cireundeu ogé geus aya anu melak paré mah, tapi lain keur konsumsi. “Kanggo icaleun, da lumayan hasilna,” pokna seuri.

Taun 2000-an kungsi aya panalungtikan ti ITB. Malah kungsi dimuat dina Galura. Masarakat anu teu ngandelkeun jenis kadaharan poko (béas), IQ-na luhur. Baréto tepi  ka Perang Dunia 2, rayat Jepang mindeng  kalaparan saupama hésé béas. Ku sabab hésé jenis kadaharan poko, nya lumpat kana multi pangan.

Sabada teu ngandelkeun jenis kadaharan poko (béas), Jepang ngalaman kamajuan. Geus kitu dituturkeun ku Koréa Selatan, sarua ninggalkeun jenis kadaharan poko, Koréa ogé maju. Singapur ogé jadi nagara maju. “Logikana, dahar téh jang nambahan tanaga sangkan sumanget kana gawé. Tapi  rata-rata anu tas tuang sangu paré, kalah ka tunduh,” ceuk Aria

Ti jaman Orla kénéh, sabenerna rayat téh tetep ngalaman sangsara ku urusan béas. Ngantay béas téh ti jaman harita gé geus aya. Dina jaman Orba ogé kungsi ngalaman rawan pangan susah béas. Kitu sababna, harita, Pa Harto harita kungsi ngaluarkeun panggeuri “Ketatkan ikat pinggang”. Lian ti eta kampanye swasembada beas. 

Malah kungsi aya gerakan kepedulian sosial, di antarana sakur pangagung dipénta karidoanana ngumpulkeun sumbangan perhiasan jang mantuan rayat miskin. Bu Tien Soeharto ogé kungsi nyieun gerakan “tinggalkan jenis makanan pokok”. Dina saban pasamoan kanagaraan, teu nyayagikeun sangu, tapi ukur rupa-rupa kadaharan anu lain dijieun tina béas.

Ceuk Bulog minggu kamari, ku ayana anomali cuaca, loba sawah gagal panén. Sabulan mangsa panén, kalah hujan angin dordar gelap, paré sumedeng konéng euyeuh, malah kacaahan. Taun-taun béh ditu, Bulog masih bisa nabung béas tepi ka 15 rébu ton. Ayeuna ngan 4000 ton.

Sesa pangabutuh kudu impor, kudu nguyang ka nagara sejen.  Minggu  kamari pan impor 15 rébu ton ti Thailand, rék disebarkeun di Indonésia bagian wetan. Baréto mangsa surplus téh dalapan bulan, paceklikna 4 bulan. Ayeuna, paceklikna dalapan bulan, surplusna ukur opat bulan. Nya cenah gara-gara robahna iklim téa.

Naha bener gara-gara robahna iklim? Geuningan Thailand mah produksi parena surplus tepi ka bisa ngekspor? Kitu deui India, Vietnam. Padahal Thailand, Vietnam, India oge keuna ku pangaruh parobahan iklim. Anu ngalaman iklim teh lain ukur nagara Indonesia. Jadi naha enya kurang produksi pare di nagara urang gara-gara robahna iklim?

Asal-Usul Cireundeu

Cireundeu tina asal ngaran tangkal reundeu. Baréto loba tangkal reundeu anu mangpaat keur ubar-ubaran.  Cacah jiwa Kampung Cireundeui ayeuna aya 50 KK  diwengku ku 800 jiwa. Kalolobaan tani malawija sanajan aya ogé anu nyawah pare, ngahuma. Parena jualeun lain keur konsumsi urang Cireundeu.

Kampung Adat Cireundeu legana 64 héktar. Anu 60 héktar jang malawija, jang tempat mukim mah ukur 4 Ha. Kalolobaan masarakatna nyekel kana kapercayaan Sunda. Konsistén dina ngamalkeun ajaranana.  Tapi Kampung Adat Cireundeu ngindung ka jaman. Henteu ngalawan robahna jaman. Pendidikan modern diterapkeun.

Pon kitu deui dina urusan téknologi. Pikeun komunikasi jauh, maranéhna geus biasa ngagunakeun HP. Mun iinditan jauh nya ngagunakeun kandaraan modern, jiga ilaharna masarakat umum. Kulkas, TV mesin cuci ogé boga. Ngan baé cici mandiri teu leupas tina tradisi heubeul, enya henteu leungit.

Contona baé, konsép ngurus alam henteu robah,tetep nuturkeun karuhunna. Di sagigireun aya lahan keur tatanén, tapi masarakat ogé miara leuweung tutupan anu teu meunang diganggu. Tutuwuhan teu meunang ditigas sambarangan. Sabab ceuk maranéhna, leuweung téh tempat neundeun cai. Lamun kapaksa dituar, contona jang piimaheun, baroga kawajiban marelak deui.

Leuweung tutupan aya 3 hektar. Kasenian buhun jeung tradisi hajat taunan teu weléh dirumat. Dumasar kana pananggalan Sunda, urang Cireundeu teu weléh ngayakeun upacara ngabagaekeun taun anyar sarta kahirupanana dumasar kalender Sunda, kajaba keur kapetingan sejen nu ngagunakeun pananggalan Masehi.*** Aan Merdeka Permana

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler