GALURA.CO.ID -Sebutan sawarga lokomotif uap ditepikeun ku urang Barat taun 1970-an sabab harita maranéhna héraneun. Di pabrikna mah karéta uap téh geus euweuh sanajan ukur jang teundeunan. Tapi naha cenah ari di Indonésia harita, ampir karéta api ditarikna ku lokomotip uap.
Taun 1975 kungsi tumpak karéta api ti Bandung ka Cikajang Garut. Hulu karétana ngagunakeun lokomotif uap. Katelahna téh Si Gombar. Harita di jero gerbong aya sapasang turis Walanda anu gawéna cilingcingcat. Lamun karéta keur méngkol di Lebakjero, geuwat dipotrétan hulu karétana téh, ti gerbong tukang.
Basa karéta keur ngabengkot muru Stasiun Cikajang, tuturubun kana bordés gerbong hareup, cenah pikeun ngarékam sora lokomotif anu gujas-gujes. Harita mah jauh keneh kana HP nu multiguna, bisa nyieun video jeung sorana. Tustel paranti motret oge apa make keneh make seluid, teu diteundeun dina memori.
Baca Juga: Nyieun Anemometer, Alat Paranti Ngukur Angin
Harita mah panumpang lokal nyeungseurikeun nempo paripolah turus Walanda kitu teh, sabab ongkoh urang Barat tapi dusun. Piraku sora karéta baé maké kudu direkam. Béh dieu béh dieu kakara eungeuh, maranéhna mah kikituan téh sabab pikiranana geus nganjang ka pagéto, geus bisa ngaramal hiji waktu lokomotif uap bakal leungit ti dunya.
Di hiji waktu, jalma moal ngadéngé deui sora lokomotif uap, boh gujas-gujesna, boh hatongna anu disadana jigaa nu ceurik ngabangingik geus moal kadéngé deui. Jeung ngabukti deuih. Apan lokomotif desel oge dina kareta api cepat mah teu dipake. Hulu kareta api cepat mah meh teu beda jeung hulu kapal udara.
Sora gujas-gujesna lokomotif uap, kaasup ngabangingikna hatong, tepi ka ayeuna jadi nostalgia romantis. Taun 1990-an, lamun aya sandiwara radio cacarita ngeunaan karéta api, sorana téh angger gujas-gujes jeung hatongna ngabangingik. Padahal pan dina kanyataan harita, taun 1990-an lokomotif uap geus henteu dines deui.
Lokomotif uap diganti ku lokomotif désel anu mesinna ngaguruh jeung anu sora hatongna jagreug lempeng, teu kawas hatong lokomotif uap. Saban lagu-lagu pop lamun cacarita dina karéta, intro awalna make background sora lokomotif uap, padahal jelas geus euweuh basa éta lagu keur diciptakeun jeung dihaleuangkeun.
Baca Juga: Kaulinan Barudak Jaman Baheula di Tatar Sunda: Ucing Jibeh
Nu matak lamun turis Barat dina taun 1975, pahibut motrétan lokomotif uap di Indonésia, kumplit jeung ngarékam sorana, mikirna geus pnjang. Bisa jadi maranéhna lain ahli sajarah, tapi ngarti hiji waktu, bakal aya téknologi anu jadi sajarah, nu ditinggalkeun ku masarakat. Nya lokomotif uap téa contona.
Tepikeun ka taun 1978, karéta di urang masih ngagunakeun karéta uap. Ceuk catetan harita, jumlah lokomotif uap di Pulo Jawa wungkul leuwih ti 700 unit. Geus aya anu dines ti taun 1920-an kénéh. Ari tahun produksi mah, malah aya anu maké angka 1890. Lomotif uap anu dines di Indonésia rata-rata buatan Krupp, Jerman Barat.
Harita kira taun 1978, aya pengamat karéta api di Barat nyarita, cenah Indonésia téh sawargana lokomotif uap. Dina mangsa sawatara nagara di dunya, kaasup nagara-nagara di Asia Tenggara geus ngagunakeun lokomotif désel, Indonésia mah harita téh masih satia mamaké lokomotif uap.
Disebut lokomotif uap téh, sabab tanagana mémang ngagunakeun tekanan uap. Aya tangki cai jiga dreum badag. Cai anu geus diwadahan dina tangki digodog tepi ka ngagolak tur ngaluarkeun tanaga uap. Bahan bakarna, bisa ku suluh, bisa ku batu bara, beh dieu umumna mah ku batu bara, dianggap leuwih efektif batan ku suluh.
Baca Juga: Ibu Omi Rahaeni Ahli Uubar ti Sukabumi, Kakuatan Batinna Hasil tina Wirid
Dina rangkean karéta jaman ayeuna, gerbong kadua umumna gerbong mesin desel, disebutna teh kereta pembangkit, ngahasilkeun litrik keur lampu, keur AC jeung keur paranti nga-cahrger. Ari dina jaman lokomotif uap mah, tukangeun lokomotif téh karéta suluh atawa batu bara nu lobana kira-kira mahi sariteun.
Lamun masinis dina jaman ayeuna, maké uniform rapih, malah saliwat mah jiga pilot pesawat terbang, ari masinis lokomotif uap jaman harita mah, calaludih, beungeutna cémong, leungeunna pinuh ku méhong. Sakapeung ukur dikakaos sangsang bari ngulawitkeun anduk leutik dina beuheungna. Sarua andukna ogé caludih.
Éta téh ku sabab kabin tempat masinis, ngahiji jeung hawu paragi mirun seuneu, boh seuneu suluh boh seuneu batu bara. Anu pangcaludihna mah, asistén masinis anu harita katelahna sroker sabab tugasna purah mirun seuneu. Sajajalan kudu haben ngawaskeun hawu ulah tepikeun ka seuneuna ngececes pareum.
Manéhna mah teu weléh nyekel singkup di jero kabin lokomotif lamun éta lokomotif bahan bakarna tina batu bara. Ahir taun 1980, Indonésia kakara aya kamajuan: ngadatangkeun lokomotif désel. Tapi kitu ogé jumlahna masih kénéh ngawates, henteu rea. Loba keneh lokomotif uap batan lokomotif desel.
Baca Juga: Seni Beluk nu Ngaburahol
Lokomotif désel mah ukur dipaké jang kelas-kelas anu husus. Contona, karéta api jurusan Jakarta-Bandung, lokomotifna geus ngagunakeun tanaga désel. Tapi Bandung-Banjar, Banyar-Kroya, Bandung-Cikajang, Bandung-Sukabumi, Bandung Purwakarta, masih ngagunakeun lokomotif uap.
Karéta api jurusan Bandung-Jogyakarta, satengah-satengah. Ti Bandung tepi ka Banjar, ditarikna ku lokomotif uap. Tapi ti Banjar tepi ka Jogyakarta diganti ku lokomotif désel. Naha maké kitu? Ceuk patugas stasion harita, salian ti jumlah lokomotif désel masih ngawates, di Jawa Barat anu jalanna luak-léok jeung loba tanjakan, anu kuat mah lokomotif uap.
“Ti Banjar bangblas ka Jawa Tengah Jawa Timur mah, jalanna lempeng jeung rata. Nu mawi ti Banjar nembé giliran lokomotif désel anu tugas,” ceuk patugas Stasion Banjar harita. Basa rék muru Surabaya (1989), lokomotif désel téh kakara ngaliwat ka Cicaléngka ogé ngabengkot, geus kitu mogok sabab jalanna nanjak.
Lamun ti wétan geus ngaliwat Stasion Lélés rék muru Nagrég, karéta ngabengkot, malah mundur deui pikeun ngawahan. Teu kaalaman ku lokomotif uap mah. Enya ieu mah harita. Da ayeuna mah lokomotif désel téh geus baredas. Sanggup narik gerbong salapan rangkaian, kaasup kareta pembangkit.
Baréto mah paling loba lima gerbong. Kitu gé sakapeung di stasion sok ditinggalkeun sagerbong mah. Atuh panumpang kudu parindah ka hareup. Pangna ditinggalkeun sagerbong teh panumpangna teu pinuh jeung hariwang teu kuateun nanjak. Ari di jalan datar mah lokomotif baheula oge kuateun nyemprung. *** Aan MP