Ibu Omi Rahaeni Ahli Uubar ti Sukabumi, Kakuatan Batinna Hasil tina Wirid

16 Januari 2024, 20:00 WIB
Ibu Omi Rahaeni ti Sukabumi, Kakuatan Batinna Hasil tina Wirid /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Nyaritakeun jalma nu mibanda dunya spiritual, loba kaahenganna nu hese diudag ku akal sehat.   Ibu Omi Rohaeni nu dumuk di Jalan Rawasalak, Kota Sukabumi, hamo bireuk keur warga masarakat mah. Saban poe teu weleh kaseundeuhan jalma. Nu datang lain wae ti  sabudeureun Sukabumi. Dalah ti suklakna ti siklukna.

Samalah, basa Galura ngahajakeun datang ka panganjrekanna, di lante handap jeung di lante luhur, ngagimbung jalma nu antre hayang tepung jeung ieu sesepuh nu gumelar di wewengkon Banten teh. Ngan, nyakitu geuning hayang bisa wawancara atawa ngawangkong jeung ieu indung ti genep budak teh henteu gampang.

Pangpangna mah, ku kaapikan ngajaga elmuna. Ti baheula,  Bu Omi, kitu nenehna,  ngawatesan diri mun ditepungan ku wartawan teh. “Sanes nolak wawancara, mung namina tos dibewarakeun dina media, inggis Ibu mah eta teh lumpatna kana riya, Ibu alim kagolongkeun jalmi nu pupujieun,” pokna.

Baca Juga: Seni Beluk nu Ngaburahol

Sawatara kali, ditepungan.  Ahirna mah, teu burung ieu tokoh nu ahli ngubaran teh, leah, daek ngawangkong soal lalampahan hirup dirina. Hanjakalna, harita dirina kaburu rek asup ka kamar pribadina. Nilik kana waktu, nuduhkeun jam 09.15. “Mangga, upami kersa ngantos mah, rengse tawasulan, urang ngobrol,” pokna.

Disanggupan we, da angkanan teh moal lila. Naha, ari pek teh ngampleng tepi ka dur-duran maghrib, Bu Omi nu kungsi dagang sangu koneng teh kaluar ti kamarna, jam 20.23 menit. Kacida kagetna, ku kakara manggihan ahli uubar, wiridan di kamarna tepi ka aya kana 12 jamna.

Ngan, keur semah nu geus matuh datang kadinya mah geus teu aneh deui mun tawasulan dirina memang waktuna rada lila. “Loba semahna, rupa-rupa pasualan,” ceuk Dedi, warga Bekasi nu geus aya tilu poena mondok moek di imah Bu Omi. Pangna manehna can balik teh, lantaran masalahna dirina keur dikeureuyeuh, can rengse  dipigawe.

Kaluar ti kamarna, Bu Omi nyanghareupan heula semahna nu geus sakitu lilana ngadagoan. Bagilir saurang-saurang ditanya kaperluanana. “Sok atuh bari ngaleuueut,” pokna,. Ibu Omi katangen ngalesotkeun mukena, ukur make baju daster nu geus belel. Pakeanana kawilang basajan pisan.

Baca Juga: Dokter Cipto Mangunkusumo Saksi Pikaketireunana Sasalad Pes di Malang

“Nyaan hidep mah, ari keur kapentingan nulis dina koranna mah, daek temen wekel sabar ngantosan, hapunten, “ pokna bari seuri.  Memeh pok nyarita, Ibu Omi mencrong seukeut pisan. ”Sanes Ibu bade riya, nya, bongan ku hidep dikotektak wae, Ibu jadi waleh,” pokna deui.

Behna mah, Bu Omi nu ngaku estu jalma buta hurup, sawatara taun katukang hirupna weureu seubeuh ku kapeurih, weureu seubeuh ku panghina batur. Lain ku batur-batur teuing, nu ngahina kana kahirupan dirina, dalah ti dulurna sorangan. “Ibu ngalaman diciduhan, reuhak napel dina raray sorangan, teu disusut, ngalembereh we,” pokna.

Hirup loba kapeurih, antukna Ibu Omi tara lesot tina tirakat, puasa sunnah tara tinggaleun. Kabeneran deuih, nu jadi sepuhna nu harita masih aya dikieuna, ngadorong pisan kana perjuangan hirupna. Nya, ku alatan getol tirakat, diaku ku Bu Omi, dirina loba ngalaman lalampahan spiritual nu kawilang aheng.

Ti mimiti kadatangan Aki Sahir, nu malangmang-mulungmung nepungan dirina, bari mamawa iteuk. Eta aki-aki teh ujug-ujug mere kalimah, cenah keur bekel tawasulan. Ngan sakedapan mah ku Bu Omi, ditolak, da sieun musrik. Komo eta aki-aki nu datang teh teu dipikawanoh. 

Baca Juga: Kaulinan Barudak Jaman Baheula, Sluip Door

“Tong nyebutkeun sieun musrik, kuring utusan ti Gunung Masigit, Banten, da teu maksud rek nyasarkeun aqidah anjeun,” pokna. Lian ti kalimah nu kudu didawamkeun, ku eta aki-aki Bu Omi, dibekelan deuih batu nu jumlahna dua, ngaranna, batu Mangkunaraga jeung batu Eyang Raga Nata Kembang.

Ngan, harita, nu jadi salakina, ningali datangna aki-aki make baju rudat-radut teh, nganggap nu gelo. Eta aki-aki teh celengkeung nyarita, kuring lain nu gelo, kuring jalma normal, anjeun nu gelo mah.

Dikitukeun, Bu Omi ngarasa reuwas, gancang menta  dihampura. Manehna pamit. Ku Bu omi dibere duit Rp 1000, ditambahan deui Rp 5000, itung itung meuli ijajahna.

“Kuring teu butuh duit, butuh ge ku anjeun,” ceuk Aki Sahir. Naon atuh nu kudu dibikeun? Mun anjeun rek ikhlas mere ka kuring, menta baju koko we. Ras inget, dijero lomari aya aya baju koko anyar meuli nu salakina, dibikeun we jeung sarung. “Tah ieu ditarima,” pokna tuluy pamit.  

Ki semah teh nangtungkeun tongkatna, ujug-ujug hibar, rohangan ngadadak hurung ngemprung, Bu Omi kaget taya hinggana, tepi ka istighfar. ”Anjeun kaget,” ceuk manehna, leos indit.

Baca Juga: Ucang Angge Kaulinan Barudak Jaman Baheula, Tingciripit jeung Ucang Angge

Diitung tujuh lengkah, eta jalma teh ngiles duka ka mana. Samemeh ngaleos teh, eta aki-aki, nitah saban peuting, tawasul, ngawirid kalimah nu geus dibikeun ku dirina.

Ti harita, ti saprak ngadenge papagah ti Aki Sahir, Bu Omi jadi ngabogaan kamampuan nu linuwih. Dimimitian ku ngubaran nu jadi dulurna, antukna tatalepa ka emper-emper. Nu datang uubar ka Bu Omi, dikersakeun cageur ku nu Maha Kawasa. Lian ti Aki Sahir, Waliyullah Sunan Gunung Djati, Sembah Dalem Syarif Hidayatullah, kungsi nepungan dirina.

Kitu deui Pangeran Suryakencana nu dibarengan ku istrina, sarua datang ngawirid elmu geusan jadi bekel Bu Omah, tutulung ka papada mahluk. Beunang disebutkeun, nyiar elmu teh Bu Omi mah ku ngaliwatan proses dzikir jeung tawasul.

Kiwari, semah nu datang taya towongna. Ti mimiti cacah tepika gegeden. Meh beurang jeung peuting, Bu Omi ngayakeun tawasul, mumuntang ka nu ngersakeun, sakumaha pamenta semah nu datang. Mun pareng kudu dibawa jarah, Bu Omi henteu kaleked.

Teu nyaho beurang atawa peuting, Bu Omi sok ngahajakeun mawa sawatara semahna ka tempat-tempat nu dianggap karamat, ngadon babarengan tawasulan. Kabiruyungan, Galura, kasorenakeun diajak ku dirina tawasulan di sawatara tempat kuburan karamat di wewengkon Sukabumi.

Lian ti di Cikahuripan, suku Gunung Gede, Bu Omi ngajak ka makam karamat Sembah Dalem Cikembar jeung Kapiten, Tokoh Islam asal China nu nyebarkeun ajaran Islam di wewengkon Sukabumi, labas tepika Cirebon. “Ari Kapiten teh masih seuweuna Gunung Jati, ti pihak istrina Syarif Hidayatullah,” pokna.

Ngaran kapiten teh, aslina mah, Sim Keng Koen. Ari pamajikanna, Louisa Zocha. Duanana kumereb di makam muslim Cikundul, Sukabumi. Tawasulan teh cacap tepi ka tengah peuting.*** Cecep Ks

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler