Perah Bedog tina Tanduk Munding Bule Dipercaya Mibanda Maunat

2 Januari 2024, 12:00 WIB
Perah bedog tia tanduk munding bule, dipercaya mibanda maunat: nu mawana ludengeun. /Nanang /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anu nyieunan perah jeung sarangka bedogna umumna lain panday, tapi dipigawe ku nu sejen. Di Tatar Sunda profesi nyieunan perah jeung sarangka bedog disebutna teh maranggi. Cenah perah bedog tina tanduk munding bule mibanda maunat.

Tukang panday di gasoli  umumna dina nyieun pakakas, pakakas tatanen, contona, tara sakalian jeung nyieunan gagangna. Upamana wae nyieun bedog tara sakalian jeung nyieunan perah katut sarangka, nyieun pacul tara sakalian jeung nyieun doran. Kitu deui mun nyieun arit, parang, congkrang jeung sajabana.

Husus dina bedog, nu profesina nyieunan perah jeung sarangka bedog di tatar Sunda mah disebutna maranggi.  Tempat maranggi jeung gasoli henteu ngahiji, tapi misah, ngan teu pati jauh. Panday biasana mah ngan ukur narima pesenan nyieun bedog, ari nu nyieun perah jeung sarangkana mah maranggi.

Baca Juga: Huma di Masarakat Sunda

“Kumaha nu pesenna,” ceuk Tatang, panday di Pasirhalang, Desa  Cisontrol, Kecamatan Rancah Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, nu bedog jeung pakakas tani sejenna produkna dimerekan Eno Ptr (Eno Putra). “Aya nu pesen bedogna wungkul, aya oge nu pesen bedog tos diperahan sareng disarangkaan, kantun nganggo,” pokna.

Umumna mah nu ukur paresen bedogna. Sanggeus bedogna jadi, ku nu pesen, bedogna dibawa ka maranggi, sina diperahan jeung disarangkaan. Ku maranggi sok ditanya, perahna anu biasa, anu huluna diukir wayang naga, maung jeung sajabana. Arek tina kai atawa tina tanduk munding. Ari sarangkana mah umumna sok tina kai, arang nu tina tanduk munding, ari lain keur gagayaan mah.

Anu biasa dijieun perah jeung sarangka bedog teh kai mahoni, sonokeling, jeung jati. “Ari abdi mah perah bedog sok tina kai jeruk,” ceuk Dedi Syamsul Maarif nu nelah Dede Kustija, urang Kampung Mekarjaya, Desa Kaso, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis. Dede sok nyieunan perah nu diukir, kitu deui sarangkana, bedog nu mibanda ajen seni.

Dede nu oge sok nyieunan wayang golek teh nyebutkeun kai jeruk dipake perah bedog hade pisan, lantaran kai jeruk mah henteu regas. “Upami dina karet mah elastis atanapi ngaret.  Kai sonokeling mah regas, janten teu patos kiat upami dianggo perah bedoh teh, apan bedog mah sering dianggo kudak-kadek kana kain, janten perahna kedah kuat,” pokna. 

Baca Juga: Cupu Manik Astagina Radar dina Pawayangan

Ari keur sarangka mah, Dede sok ngagunakeun kai pineus atawa mahoni, lantaran hade mun dicet dina wangun rupa-rupa motif, upamana motif maung tutul, maung loreng, jeung sajabana, diluyukeun jeung perahna. Salian nyieun perah ukir, Dede oge nampa nu hayang merahan jeung nyarangkaan bedog nu bedogna  pakeeun sapopoe

Pa Udin, Maranggi urang Pasirhalang, Desa Cisontrol nu imahna teu jauh ti gasoli Tatang, ari nyieun perah bedog teh sok tina sonokeling, kitu deui sarangkana. Perahna mah aya nu tina sonokeling aya oge tina tanduk munding. “Gumantung ka nu pesenna,” ceuk Pa Udin basa ditepungan ku Galura (17/12/2023).

Umumna Pa Udin dina nyieunan perah jeung sarangkana teh keur bedog pakeeun sapopoe lain keur pajangan. Perah jeung sarangka nu bedogna keur pajangan oge Pa Udin oge sok nyieunan. Perahna saperti hulu wayang, boh perahna boh sarangkana dijieun tina tanduk munding. “Ari kakiatanana mah perah tina kai sareng tina tanduk munding sami wae,” pokna.

Ceuk Dede saenyana mah sarangka bedog tina tanduk munding teu hade. Alusna mah alus, ngan mawa pangaruh goreng keur kualitas bedogna. “Lami-lami mah bedogna bakal mintul, sanaos tos diasah oge,” ceuk Dede. Matak teu aneh mun bedog nu sarangkana tandung munding mah lolobana ukur soreneun.

Baca Juga: Teu Meunang Nanggap Kasenian nu Ngalalakon Di Wilayah Budaya Cariu Ciamis

Umumna bedog ukur perahna tina tandung munding mah, lain jeung sarangka-sarangkana, lamun bedogna pakeeun sapopoe mah. Tungtung sarangka aya oge nu dijieun tanduk munding, jeung tali paranti meungkeut sarangka. Tapi aya oge sarangka nu dibeungkeut ku plastik nu warnana kawas tanduk munding, hideung atawa semu bodas.

Ngeunaan perah bedog, Ade Halimun panday jeung seniman ti Kampung Sukalila, Desa Kepel, Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis, nyebutkeun perah tina tandung munding bule dipercaya mibanda maunat.

“Upami dibantun ka leuweung, ka kebon atanapi ka tempat-tempat anu arang kasaba sarta dianggap sangeut, urang janten wanian, taya kakeueung, saurna mah,” pokna ditungtungan ku seuri.

Tina kituna, bedog nu perahna tina tanduk munding bule mah hargana leuwih mahal batan perah tina tanduk munding biasa nu warna hideung jeung perah tina kai. “Kaistimewaan sanesna: perah tina tanduk munding bule mah tembus cahaya, sapertos batu ali nu kuliatasna sae,” ceuk Ade Halimun.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler