Ceuk Carita Parahyangan, Agama Sunda geus Diagem Samemeh Urang India Daratang

27 Februari 2023, 10:30 WIB
Paimahan di urang Rawayan (Baduy) di Kanekes, Banten. Ceuk sakaol urang Rawayan ngagem agama Sunda: Sunda Wiwitan. /Nanang S/pemprov Banten

GALURA -Samemeh datang pangaruh India, naon agama urang Sunda? Tacan aya nu bisa mastikeun. Ceuk Anis Jati Sunda suwargi, dumasar Carita Parahyangan, agama urang Sunda baheula disebut agama Sunda sarta aya sahadatna.

Anis Jati Sunda sawargi dina sababaraha tulisanana negeskeun dina Carita Parahyangan agama urang Sunda baheula teh nyaeta agama Sunda. Anu disebut agama Sunda geus aya jauh samemeh urang India patingrarongheap ka Nusantara kaasup ka Pulo Jawa.

Pangna Anis Jati Sunda mibanda kamandang agama urang Sunda teh agama Sunda sarta geus diaragem saacan datangna pangaruh India Carita Parahyangan nerangkeun ayana para wiku atawa pandita “nu ngawakan Jati Sunda”.

Hartina: para pandita anu ngamalkeun ajaran agama lokal anu ngamumule “kabuyutan parahyangan”. Anu nuluykeun ngamumule kabuyutan teh Urang Rawayan (Baduy).

Baca Juga: Bewara tina Pantun Bogor: Agama Raja Sunda teh Agama Sunda

Urang Rawayan anu cenah ngagem agama Sunda Wiwitan dumukna di Mandala Kanekes, pamukiman urang Baduy jeung sistem anu ngatur sapopoe warga Baduy utamana Baduy Jero anu masih keneh tuhu kana adat.

Kabuyutan anu dijaga tur dipulasarana disebut Sasaka Domas, Sasaka Pusaka Buana, atawa disebut oge Sasaka Pada Ageung.

Katerangan sejen anu negeskeun agama Sunda geus aya ti baheula sakumaha anu dipedar dina Pantun Bogor bagian Pantun Gede (pantun sakral episode “ Curug Sipada Weruh”).

Unina kieu “ …Saacan urang Hindi ngaraton di Kadu Hejo oge, Karuhun urang mah geus baroga agama, anu disarebut agama Sunda tea….”

Kadu Hejo ceuk Pantun Bogor pernahna di Kabupaten Pandeglang Provpinsi Banten, nepi ka ayeuna eta wewengkon masih keneh disebut Kadu Hejo.

Baca Juga: Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran

Ari dimaksud urang Hindi teh Dewawarman nu dina naskah Wangsakerta dijentrekeun minantuna Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya, dikawinkeun ka Pohaci Larasati, anakna Aki Tirem.

Dewawarman anu ngagem agama Hindu, tuluy diangkat jadi raja Salakanagara nu puser dayeuhna di Rajatapura (130-168 M) ngagantikeun Aki Tirem.

Ari Aki Tirem, ceuk Anis Jati Sunda mah lain urang asli Pulo Jawa, tapi sarua urang Hindi. Boh Dewawarman boh Aki Tirem lunta ti Indiana teh kakaburan alatan pulitik.*** Luki M

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler