Di Leuweung Sancang Kawenehen keneh Maung Kajajaden

11 Februari 2023, 13:00 WIB
Di Leuweung Sancang di Kabupaten Garut mindeng kawenehan maung kajajaden.* /

GALURA -Basa kapapancénan ngumpulkeun carita rayat (folklor) ti Panitia Taun Buku Internasional Indonesia 1972 nu disponsoran ku UNESCO, di Leuweung Sancang rea carita kawenehan maung kajajaden.

Lain ukur di Leuweung Sancang, di sawatara wewengkon lianna, carita rayat atawa folklor ngeunaan maung kajajaden masih jadi bagian tina kapercayaan hirup kumbuh sapopoé.

Cenah mindeng kénéh aya nu ngalaman kawenehan maung kajajaden, dipatalikeun kana kajadian atawa lingkungan alam. Teu ngan ukur di Leuweung Sancang. Carita rayat atawa folklor sarupa kitu teh kapanggih di ampir wilayah Tatar Sunda.

Baca Juga: Versi Asal Asal usul Nyi Roro Kidul Lianna: Julukan keur Mayang Sagara, Siwi Dewi Purnamasari

Babakuna di wewengkon sabudeureun leuweung gerotan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati, kawas Leuweung Sancang, rea carita rayat nu disebut folklor tea kawenehan maung kajajaden.

Di Leuweung Sancang nu pernahna di Kecamatan Cibalong, pakidulan Garut, sok aya (malah réa) nu kawenehan nénjo awéwé geulis atawa lalaki kasép, jajadian tina Maung Sancang.

Ceuk carita rayat atawa folklor, Maung Sancang téh asalna prajurit Pajajaran. Nuturkeun Prabu Siliwangi mubus ka Leuweung Sancang, sabada diobrot ku Kian Santang sabalad-balad.

Di Leuweung Sancang diaku ku Prabu Maharaja Di Lewa. Prabu Siliwangi terus “tilem” (moksa). Sakapeung-kapeungeun sok ngajirim jadi Maung Bodas. Dumukna di Guha Garogol.

Baca Juga: Versi Asal Usul Nyi Roro Kidul sejenna: Julukan keur Mayang Cinde, Rundayan Katujuh Prabu Hariangbanga

Mun kabeneran hujan poyan, cenah sok ngangin di Karang Gajah, sisi Samudra Hindia nu ombakna teu weleh motah.

Prajurit katut pawarangna, robah jadi Maung Sancang. Maung konéng udat-udat hideung, manjang (horizontal).

Maung Sancang beda jeung Maung Lodaya nu belangna coréléng ti luhur ka handap (vertikal).

Maung Sancang kajajadén prajurit Pajajaran téh darumukna dina rungkun-rungkun kai kaboa nu tumuwuh di basisir deukeut muara walungan nu ngamuara ka Laut Kidul (Samudra Hindia), kayaning Cijeruk, Cisanggiri, Ciparéang, jeung sajabana.

Baca Juga: Putri Kendita, Siwi Prabu Siliwangi, Ditenung laju Tatapa di Basisir Laut Kidul, Dilandi Nyi Roro Kidul

Nu kawenehan sok manggihan jalma kasép atawa geulis keur arulin sisi leuweung. Barang ngarasa katangén, sok ngiles atawa ngarupakeun deui maung.

Puguh wé nu kawenehan ngadadak soak. Ngabecir lumpat atawa ngayekyek kusah-koseh bari ngompol.

Carita kawénéhan nenjo maung kajajaden lain di Leuweung Sancang bae. Tapi di tempat-tempat séjén oge sok aya. Biasana maung kajajaden téh ngarupakeun nini-nini kolot.

Ngomongna ngirung. Ngélék boboko buntung. Biasana témpo sareupna keur hujan ngaririncik. Katelah adén-adén.

Baca Juga: Nyi Roro Kidul teh Bojo Panembahan Senopati, Lain Mahluk Gaib Panguasa Laut Kidul

Ayeuna Leuweung Sancang, sarua jeung leuweung-leuweung gerotan sejenna di Tatar Sunda (Cikepuh Sukabumi, Bojongmanik Cianjur., Cipatujah Tasikmalaya, jsb), geus coréngcang.

Fauna pangeusina, bangsa banténg, maung, manuk julang, hingkik, aul, tuweuw, jeung rea-rea deui geus malabur ka mana. Maung di Pulo Jawa, kaasup di Leuweung Sancang apan geus lila musnah.

Flora bangsaning kekembangan (utamana angkrék), kai langka (werejit, reunghas), béak dibukbak. Kituna teh sabada reformasi tepi ka ayeuna.

Sabagian wilayah Leuweung Sancang kasempog ku jalan raya Lintas Selatan nu tembus ti Palabuan Ratu (Sukabumi) ka Pangandaran.

Najan kitu ari carita kawenehan mah angger wae aya keneh, najan Leuweung Sancang ayeuna mah henteu gerotan deui.*** Panineungan H. Usep Romli

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler