Ngaran Bangunan jeung Tempat di Sunda,  Dumasar kana Kaayaan Bangunana atawa Tempatna

21 Januari 2023, 19:23 WIB
Dingaranan Gedog Sate pedah penangkal petirna kawas sate. /Alexius Sutandio/

GALURA -Urang Sunda dina méré ngaran tempat jeung bangunan anu dipaké titincakanana kawilang basajan. Biasana dumasar ciri has bangunan atawa tempat. Upamana Gedong Sate.

Ngaran tempat anu diawalan ku kecap "ci", saperti Cianjur, Cisayong, nuduhkeun di éta wewengkon loba caian. Kitu deui ngaran bangunan, upamana, kantor gubernur Jawa Barat: Gedong Sate.

Ngaran Gedong Sate dicokot tina ciri penangkal petir (kilat), luhureun munara. Dijieunna tina beusi barani, anu nojos 6 siki bola métal.

Disawang ti handap atawa ti kajahuan siga saté. Dingaranan waé Gedong Sate nu terus jadi trade merk Bandung jeung Jawa Barat. Réa wangunnan anyar, babakuna munarana nu kawas Gedong Saté.

Baca Juga: Kembaranana Aya di Surabaya Gedong Saté Teu Bisa Dijadikeun Model Arsitektur Sunda

Jaman Walanda ieu bangunan téh disebut Gouvernements Bedrijven, disingget GB Dipaké kantor Departemen Pekerjaan Umum (PU) jeung Lalu Lintas Jalan Raya.

Perpustakaan PU harita panglengkepna sa-Asia. Tepi ka taun 1980-an, GB masih kénéh dipikawanoh, babakuna keur nyebut lapang nu pernahna gigireun Gedong Saté.

Lapangan GB mindeng dijadikeun pertandingan olah raga siswa, kiwari éta lapang dipaké bangunan DPRD Jawa Barat.

Para arsitéktur loba nu manghanjakalkeun arsitéktur gedong DPRD Jabar, sabab ningnang jeung bangunan Gedong Sate. Alusna mah arsitékturna téh sabanding jeung kaéndahan Gedong saté.

Ngeunaan bola métal nu jumlahna genep siki dina beusi penangkal petir, aya nu nyebutkeun éta téh ngalambangkeun waragad keur nyieun Gedong Sate.

Baca Juga: Nu Kabawa Cai Walungan Citanduy Basa Neangan Bayawak di Banjar, Kapanggih Jadi Layon di Bendungan Manganti

Hijina ngalambangkeun sajuta gulden, jadi waragad keur ngadegkeun Gedong Sate téh jumlahna genep juta gulden. Tapi dina kanyataanana mah ukur méakeun waragad lima juta gulden.

Di Bandung, bangunan nu sanasib jeung Gedong Saté, dingaranan tina ciri bangunana, nyaéta Gedong Sirap, bangunan utama kampus Institut Téknologi Bandung (ITB) di Jalan Ganésa.

Dingaranan Gedong Sirap, pédah hateupna ku sirap, lain ku kenténg. Ngan béh dieu ieu ngaran teu pati diparaké deui teu kawas ngaran Gedong Saté.

Bangunan séjénna, Balé Kota Bandung, di Jalan Wastukancana, sohor ku sebutan Gedong Papak, pédah hateupna datar.

Gedong Sabau di Jalan Kalimantan, jaman Walanda dipaké kantor Departemen van Oorog. Ngaran sabau dicokot tina legana lahanna nu dipaké keur ngawangunna; sabau (kira-kira 7.096, 50 méter pasagi).***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler