Dr. Supriatna, S.Sn, M.Sn, ti Seni Rupa ITB ka ISBI Bandung

- 26 Desember 2023, 14:30 WIB
Dr. Supriatna, S.Sn, M.Sn.
Dr. Supriatna, S.Sn, M.Sn. /galura.co.id/

Baca Juga: Pameran Republik Sandal Jepit Serupa Sekata, Gurat Lalakon Karya Nyata

Salian jadi birokrat pingpinan di ISBI Bandung, Supri gé angger jadi seniman. Aliran mah kumaha Kurator wé cénah gé, sabab inyana embung katalikung ku hiji  gaya. Lamun di ITB gambarna rada abstrak-éksprésif,  non piguratif,  leuwih condong kana tarikan koas, tapi nalika gabung jeung ISBI mah bentukna balik deui kana wangun piguratif, lolobana lukisan penari, da cénah, di ISBI mah atmosfir-na Sunda, atmosfir pertunjukan.

Supriatna brukbrak, lamun merhatikeun wanoja, pinuh  misteri jeung salawasna narik kana haté, bisa sénsual, bisa sakral ngawujud hiji indung nu kudu dipihormat jeung dibéré panyalindungan, seug komo penari nu laleuleus, lalempay badis widadari nu tinggarupay. Tah, penari nu jadi objek lukisan Supriatna mah dina nalika keur dangdan, nyisiran, menerkeun samping, karémbong, sampur, jsb, lain dina keur derna ngibing nu geus éksprésif, tapi nu natural kénéh. Lukisan penari éta kungsi dipamérkeun di China, judulna gé Sebelum Menari.

“Jadi, lukisan simkuring kiwari mah kapangaruhan ku lingkungan ISBI, rada ngiser. Batur-batur papada seniman gé seueur nu naroskeun, ku naon robah pisan. Muhun, pédah alim katalikung ku hiji gaya. Sok sanajan mupus ciri nu mandiri-brand, matak bingung aprésiator ka mana loyogna, tapi keur simkuring seni mah sanés kanggo jalma lian tapi éstu pikeun kasugemaan diri pribadi,” pokna tandes.

Istilahna, dahar kangkung unggal poé mah matak bosen, Supriatna hayang terus ngasah kaparigelanana ku gambar anatomi anu hadé,  proporsi nu hadé jeung rupa-rupa warna. Da keur nu ngarti jeung telik kana lukisan mah moal kaporong tina corétan, gorésanana gé pasti katohyan lukisan saha-sahana, da pelukis mah boga ciri séwang-séwangan, sok sanajan ganti aliran gé.

Hal éta kaalaman nalika Supriatna ka Hotél De La Rosa di Lémbang. Nalika asup ka sweet room, gebeg téh bet jiga lukisanana nu dijieun taun 1991, karya tingkat ahir nalika keur kuliah di  FSRD ITB, kumplit jeung tandatanganna “Prie”. Berebey téh teu ku hanteu cimata Supri harita bedah, badis hiji kolot panggih deui jeung nu jadi anakna sanggeus mangtaun-taun papisah. Kapan lukisan mah curahan hati. Ingeteun, éta lukisan téh nu dijual dina mangsa taun 1990-an da mémang harita keur booming lukisan. Tapi barang dideukeutan, disasar, dirarampa, sihoréng éta lukisan abstrak téh lain asli tapi répro-na. Sanggeus ditanyakeun ka patugas hotél sihoréng meunang meuli dununganana cénah ge ti Bali, beu!

Baca Juga: Tari Awi Ayo Sunaryo, Ngebrehkeun Awi Dalit jeung Urang Sunda

Lukisan Supriatna, lian ti dikoléksi ku koléktor ti Jepang jeung Malaysia, jeung kungsi work shop di  Washington DC Amérika téh, rébuan karyana sumebar di babaturanana, di dulurna, malah aya nu dikoléksi ku Aom Koesman (suargi). Kalan-kalan réngsé ngalukis jeung dipiguraan langsung diinjeum ku babaturanana, kapanggih-kapanggih geus sapuluh taun basa ulin ka imah babaturanana téa.

Karya lukisna geus dipamérkeun di sakuliah nusantara jeung mancanagara, kawantu ISBI (ti jaman STSI kénéh) maneuh sok miluan Féstival Kesenian Indonésia nu digelar dua taun sakali. Atuh inyana bisa milu ka mana-mana, ka Padangpanjang, Surabaya, Yogya, Solo, Bali, jsb. Di luar nagri mah kungsi ka Jepang, Malaysia, jeung China, malah geus aya tawaran ka Paris jeung London, sarta taun 2020 ka Bangladésh da kabeneran nu dipéntana dosén nu ngarangkep jadi seniman.

Mahasiswa Seni Rupa dan Désain ISBI Bandung kiwari aya 300 urang, pinuh sabenerna mah cénah gé keur kampus nu leutik mah, idéalna 30 urang dina sakelasna. Tapi keur ngudag student boddy jadi kampus Badan Hukum Pendidikan (BHP) jadi 40 per-angkatan  kali 3 jurusan-plus 10. Pasesedek. “Numawi, barudak tingkat hiji pami ngadamel patung téh dugi ka dina téras. Tapi keun sina kalatih méntalna, tur tiasa berinteraksi langsung jeung objék, engké rupina di kampus nu anyar di Bandung Barat mah laluasa,” pokna pinuh pangharepan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x