Angklung, Kesenian Asli Sunda, Ngandung Falsapah nu Jero

- 13 Oktober 2023, 19:09 WIB
Angklung, seni jeung waditra asli Sunda, ngandung palsapah  nu luhung, sabab tadina dalit jeung kahirupan Sunda.
Angklung, seni jeung waditra asli Sunda, ngandung palsapah nu luhung, sabab tadina dalit jeung kahirupan Sunda. /Nanang /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Angklung ditetepkeun ku Organisasi Pendidikan dan Kebudayaan PBB (UNESCO) jadi warisan budaya tak benda (WBtB), sarta tanggal 16 November ditetepkeun jadi Hari Angklung Internasional.

Angklung teh seni jeung waditra asli tatar Sunda, lain waditra nu asalna ti nagri deungeun atawa kapangaruhan ku waditra sejen. Ceuk Anis Jatisunda suwargi, angklung dalit pisan jeung kahirupan urang Sunda, anu hirup dina lahan tatanén huma.

Artéfakna masih katara, karasa, karampa tepi ka kiwari, di antarana di masarakat Kanékés (Baduy), di masarakat Gelar Alam, jeung masarakat anu masih kénéh maké tali paranti dina ngolah lahan tatanén,

Baca Juga: Di Lembur Siluman Rawa Onom Kota Banjar Lahir Wayang Geugeus, tina Kaarifan Lokal

Ti mimiti ngaseuk di huma atawa tebar di sawah tepi ka nyalin dianteur ku seni angklung. Di sababaraha daérah seni angklung masih sok ditarabeuh dina acara ritual tatanén, saperti Angklung Bungko di Cirebon, Angklung Gubrag di Cigudeg Bogor, Angklung Buncis, jeung Angklung Réak di Bandung.

Angklung buhun sejenna, Angklung Dogdog Lojor di Gelar Alam, Sinaresmi Sukabumi; Angklung Badéng di Limbangan Garut jeung Tasikmalaya; Angklung Seréd di Cisayong Tasikmalaya, Angklung Buhun di Kampung Naga Tasikmalaya, Angklung buhun di Pagerageung Tasikmalaya, Angklung Buncis di Kuningan jeung sajaba ti éta.

Pintonan angklung dina ritual anu aya patalina jeung tatanén, seuseuhanna keur ngahormat Nyi Pohaci. Ku kituna pola pintonanna teu weléh dina garis buleudan.

Pola buleudan teh gambaran tina opat kiblat kalima pancer. “Di tengah-tengah jagat téh aya pancer,” ceuk Mang Ayi Juru Pantun urang Cipunagara Subang.

Baca Juga: Festival Musik Bambu Jawa Barat Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX, Miara Seni Tradisi Titinggal Karuhun

Pancer teh, ceuk Mang Ayi, taya lian ti nu jadi udagan. Di juru kalér aya indung nu ngalahirkeun jeug indung nu teu ngalahirkeun, di juru kulon aya bapa nu ngayuga jeung nu teu ngayuga, di juru kidul aya tanaga, atawa tékad, anu nguatkeun jirim jeung jisim, di juru wétan aya cahaya, nyaéta pikiran atawa ucap.

Angklung dijieunna tina awi hideung, dipaénkeunna digeterkeun, diayunkeun, sorana ngurulung, nadana aya nu péntatonis “Da-mi-na-ti-la-da” larasna saléndro, pélog jeung madenda, aya ogé nu diatonis, nada angklung anu diciptakeun ku musikolog Daéng Sutigna waktu inyana jadi guru di wewengkon Kuningan.

Angklung pentatonis anu dipidangkeunna lagu-lagu tradisi, ari angklung diatonis bisa mirig lagu-lagu pop Indonesia jeung lagu Barat. Angklung réa diropéa ku Udjo Ngalagena, katut muridna.

Angklung anu tadina dipintonkeun di huma, jeung dina acara hajat lembur bisa unggah ka kantor gubernur ka kantor menteri jeung luar negeri.

Baca Juga: Jadwal Manggung Dalang Khanha Shandhika Giriharja 2 Putu Ade Kosasih Sunarya

“Angklung lain ukur panganteur dina seni ritual, kiwari jadi seni nu mibanda ajen jual, boh pintonana, boh waditrana. Lian ti éta seni angklung teh seni nu gedé patalina jeung atikan kapribadain, atawa atikan karakter,” ceuk Sulé Nurharismana Sukmasunda, seniman nu sok nyieunab angklung di daérah Cinéam Tasikmalaya.

Patali jeung ajén atikan kapribadian Anis Jatisunda suwargi nétélakeun dina jirim angklung aya beuti harti, anu gedé patalina jeung tata titi duduga peryoga.

Ceuk Anis angklung geus méré pépéling sangkan dina hirup kumbuh silih ajénan, anu kolot ka anu ngora, anu saluhureun ka sahandapeun.

Angklung salawasna papasangan, jeung jangkungna tara sarua: nu handap tara miheulaan nu luhur, nu ngora tara wani calutak ka saluhureun: méré nyaah ku ngéléhan.

Baca Juga: Embie C Noer jeung Carita Satukangeun Musik Film ‘Pengkhianatan G30S PKI’

Anu salilana ngéléhan teh jalma nu waspada, lébér ku wawanén, jembar ku pangabisa, ngalap elmu kasalametan.

Lian ti éta posisi angklung modél kitu gambaran tina soméah hadé ka sémah. Urang Sunda salawasna sok ngéléhan jeung teu weléh soméah.

Kecap mangga ti payun, mibanda harti ngéléhan, dina raraga ngaheulakeun anu kudu ti heula, sarta ngajénan ka tatamu atawa semah anu perlu diajén.

Angklung dipaénkeunna tara ku sorangan. Salawasna rampak babarengan. Hartina hirup kudu samiuk sauyunan, sabeungkeutan, ulah pakia-kia, mun aya pasualan alatan paketrok kawas angklung, ulah jadi papaséaan, tapi kudu pakalantay-antay tangan, pakaléng-kaléng agung, ngrarah sawirahma.

Ulah ngagugulung angklung anu ditiruna pakétrokna, tapi sawirahmana. Mun waktu metakeun angklung teu sawirahma sorana moal ngalagena, moal geunah kapirengna.

Bakal geunah kapireng jeung kajeueung mun nu nabeuh angklung rampak nabeuhna, bari silih béréan, silih eusian, teu aing-aingan.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah