Jadwal Manggung Dalang Khanha Shandhika Giriharja 2 Putu Ade Kosasih Sunarya

- 4 Oktober 2023, 16:21 WIB
Dalang Khanha Shandika Giriharja 2 Putu dina bulan Oktober 2023 boga jadwal manggung 4 kali.
Dalang Khanha Shandika Giriharja 2 Putu dina bulan Oktober 2023 boga jadwal manggung 4 kali. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID- Khanha Shandhika, dalang ti Giriharja 2 Putu, incuna Ade Kosasih Sunarya suargi di satengahing kasibukanana kuliah di  Fakultas Ilmu Komunikasi (Fikom) Universitas Padjadjaran Bandung  dina bulan Oktober 2023 boga opat jadwal manggung.

Dimimitian tanggal 7 Oktober 2023 manggung di Jalan Ciguruwik lembur Cipondoh Girang RT 01/012 Desa Cinunuk Kecamatan Cileunyi Kabupatem Bandung.

Tuluy tanggal 19 Oktober 2023 shooting di TVRI, ngan lain pintonan keur umum, Jalan Cibaduyut Raya No. 269 Kelurahan Cibaduyut Wetan Kecamatan Bojongloa Kidul Kota Bandung.

Dina tanggal 20 Oktoberna ieu dalang nu keur nyepeng piala Bokor Emas Astagina, sabab jadi pinunjul Binojakrama Wayang Golek Purwa di Sukabumi dua taun kalarung mungkas manggung di bulan Oktober 2023 tanggal 20 di Pesona Nirwana Waterpark, Jalan Legokjeungjing Desa Panyirapan Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung .*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x