GALURA - Kanggo nu hoyong apal lirik atawa rumpaka lagu "Runtah" karyana Doel Sumbang, di handap ieu dicatet kumplit.
Ieu lagu sabenerna lagu lawas ti Doel Sumbang. Ngan ti saprak aya nu mopupelerkeun di media sosioal, laguna jadi viral, malah nepi ka mancanagara sagala.
Viralna lagu Runtah teh nepi ka kiwari.
Baca Juga: Mabokuy, Momones Anyar Ti Rajadesa, Ciamis, Mucunghul tina Jiwa Seni Warga nu Apal Kana Potensi Desa
Runtah
Panonna alus, irung alus, biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan kalakuan siga sétan
Gunta-ganti jalu teu sirikna unggal minggu
Naha kunaun nu geulis loba nu bangor?
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis?
Sigana mah ngarasa asa aing hadé rupa, Jang Oman
Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh beut dimumurah?
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju
Panonna alus, irung alus, biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan kalakuan siga sétan
Gunta-ganti jalu teu sirikna unggal minggu
Naha kunaun nu geulis loba nu bangor?
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis?
Sigana mah ngarasa asa aing hadé rupa meureun, Jang Oman
Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh beut dimumurah?
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju.
Baca Juga: Lolongok ka Museum Galeri Wayang Purwakarta, Aya Wayang Golek jeung Kulit, Kumplit jeung Gamelanna
Sakitu tah lirik atawa rumpaka lagu Runtah ti Doel Sumbang teh.***