Bupati Bandung Ngawanohkeun Seni Badawang jeung Wayang Golek di PWI Pusat

4 Januari 2024, 21:21 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna ngawanohkeun seni badawang jeung wayang golek basa silaturahmi jeung di -foto jang pamedalan majalah "Anugerah PWI" jeung nyieun video panarima anugerah jeung pangurus PWI Pusat di Kantor PWI Pusat Gedung Dewan Pusat Lt. IV, Jalan Kebon Sirih Jakarta, Kemis 4 Januari 2024.

Di hareupeun pangurus PWI Pusat, Bupati Dadang Supriatna diibarengan Kepala Dinas Komunikasi, Informatika, Statistik dan Persandian Kabupaten Bandung Yosep Nugraha ngungkabkeun, Kabupaten Bandung mibanda potensi jeung warisan budaya nu rupa-rupa, ti mimiti situs-situs sajarah tepi ka seni pertunjukkan, salasahijina kasenian badawang.

Kesenian badawang jadi ciri mandiri kesenian Kabupaten Bandung. "Badawang biasana dipintonkeun dina acara-acara pesta kesenian rakyat seperti mapag menak, ngareuah-reuah khitanan sareng nu sanèsna," pokna.

Baca Juga: Jaran Lumping Kalangenan Sultan Ki Ageng Danalaya

Bupati Bandung meunteun kasenian badawang minangka inovasi budaya lokal unggulan jeung identitas daerah Kabupaten Bandung. Kesenian badawang nampilken boneka badag wujud tokoh Panakawan Wayang Golek Sunda, nyaèta Semar, Cepot, Dawala jeung Gareng.

Tepi ka kiwari ceuk Dadang, masih aya sawatara lingkung seni nu mintonkeun kesenian Badawang. Pamarèntah Kabupaten Bandung ngasupkeun kesenian badawang jadi Warisan Budaya Tak Benda ti taun 2018 tur geus ditetepkeun ku WBTB Wilayah Kerja Balai Pelestarian Nilai Budaya (BPNB) Jawa Barat taun 2019.

"Pemkab Bandung nyurung mitra kesenian (Paseban) di desa-desa kanggo nampilkeun seni badawang dina kagiataan pagelaran atanapi pentas seni minangka wujud lajuning laku ngamumulè kasenian badawang mu tinulis dina Peraturan Daerah (Perda) Kabupaten Bandung No 5 taun 2021 patali Penyelenggaraan Pemajuan Kebudayaan Daerah," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna balaka, pamarèntah terus nyurung masarakat ngajalankeun kasenian badawang minangka identitas budaya Kabupaten Bandung tur muka luang bisnis pikeun boh senimanna boh pangrajin boneka badawangna.

Baca Juga: Genep Seniman Lukis ti Komunitas Seni Rupa Gradasi Kabupaten Bandung Aub kana Festival Art Tasik

Dadang Supriatna nyebutkeun, seni badawang bisa dijadikeun salasahiji warisan budaya khas Indonesia nu mibanda kaunikan mandiri, tur bisa dipintonkeun di kancah global minangka pintonan seni ti Indonesia.

Seni badawang nyumponan 3 borang ti 10 Obyek Pemajuan Kebudayaan (OPK) jeung Pokok Pikiran Kebudayaan Daerah (PPKD), di antarana seni pertunjukkan, ritual khusus (ritus) jeung adat istiadat.

"Disbudpar Kabupaten Bandung ngabentuk Forum Kebudayaan Paseban jeung DKKB (Dewan Kebudayaan Kabupaten Bandung)  wadah kanggo seniman sareng budayawan kanggo ngadugikeun aspirasi sakantenan ngabantos Pemkab Bandung ngamumulè kabudayaan lokal," ceuk Dadang.

Kesenian badawang, ceuk Dadang geus meunang pangajèn ti ORI (Original Rekor Indonesia) dina Festival Budaya Rancaekek dina kategori Rekor Opak Kolaborasi Seni Badawang jeung pinunjul 4 Parade Festival Kreasi Baring Reak Jilid II taun 2018.

Bupati Bandung miharep kasenian badawang bisa diusulkeun jadi risan Budaya Tak Benda ka UNESCO tepi ka bisa nguatkeun badawang minangka seni budaya unggulan khas Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler