Abah Awie, Resep Maca Sajak, Remen Kapeto Jadi Narator

18 April 2023, 06:42 WIB
Heri Heryadi alias Abah Awie.* /Joko Kurnain/ISBI/

 

 

AMPIR dua minggu ka tukang, pancegna Jumaah – Saptu, 7 – 8 April 2023, Teater Senapati Bandung magelarkeun drama réligi Sunda Kasidah Cinta Al Kubra di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Jl. Baranangsiang 1, Kosambi, Kota Bandung.

Éta pagelaran drama réligi Sunda karya Rosyid E Abby téh, dina seuhseuhanana para pamaénna lain baé ngabaud anggota Senapati wungkul, tapi ogé ngabaud anggota ti téater séjén, saperti ti Teater Lima Wajah, Toneel Bandung, jeung Barak Teater. Lian ti éta téh, ogé ngabaud para seniman senior. Salasaurang di antarana Heri Heryadi anu loma disebut Abah Awie, jadi narator “duét” jeung Rinrin Candraresmi.

 

Kami, Mush’ab, Mush’ab ibn Zubair

Salaki Sukainah binti Husain

Ieu kasaksian kami

Kasaksian kami ngeunaan jiwa nu pasiksak ku kaadilan

Dikucilkeun ti kaomna anu satia

Diwewejét ajén dirina

Ieu, ieu kasaksian kami, Mush’ab ibn Zubair

Ngeunaan raga nu guyang ku getih

Ngeunaan layon nu ngababatang

Dipergasa taya ras-rasan

Di ditu...

Di Tanah Irak, tanah para syuhada

Di hiji palagan:

Karbala!

 

Kitu Abah Awie ngamimitian lalakon Kasidah Cinta Al-Kubra. Dina Kasidah Cinta Al-Kubra ieu, Abah Awie merankeun Mush'ab ibn Zubair, carogé Sukainah binti Husain nu diperankeun ku aktor Rinrin Candraresmi. Ari Sukainah téh putra Husain bin Ali (Imam Ali) anu salamet tina tragédi Karbala. Heri Awie jeung Rinrin Candraresmi minangka narator, ngariwayatkeun nu karandapan ku kulawarga Sukainah jeung para ahlul-bait séjénna nalika dipergasa di Palagan Karbala.

Baca Juga: Kasidah Cinta Al Kubra, Gambaran Cinta Zainab ka Allah jeung Rasul-Na

 

Abah Awie jeung Rinrin Candraresmi dina adegan perlayana Imam Husain, dina drama

Éta drama téh minangka kasaksian Mush'ab ibn Zubair jeung Sukainah binti Husain ngeunaan kajadian di Karbala, di mana bibina, Zainab binti Ali bin Abi Thalib, bajoang tanggoh lir Srikandi Padang Karbala, ngalawan musuh-musuhna.

Nurutkeun Abah Awie, pesen moralna nu ditepikeun dina ieu lalakon, yèn kiwari jeung baheula téh tacan robah, Islam jeung Islam masih silibadug, sanajan sa-Pangeran, ogé sa-Rasul.

Ku peran Abah Awie jeung Rinrin Candraresmi, carita nu diperankeun ku para aktor leuwih karasa muncunghulkeun daya empati. Kana hal ieu, Abah Awie boga kamandang, yèn sakumna aktor dina drama mah silipageuhan.

"Saleresna mah, silipageuhan, silikuatan, silisimbeuhan. Abah ngupayakeun masihan kakiatan kanggo para aktor ngalangkungan narasi nu dibaca. Ogé masihan kasumangetan sareng motivasi dina wangun latihan anu kudu enya-enya, kaasup tepat waktu," ceuk Abah Awie ka Galura, Ahad (9/4/2023).

Ditanya pangna Abah Awie kabaud dina drama “Kasidah Cinta”, ku lantaran cenah Rosyid E. Abby minangka sutradara, mercayakeun. "Duka kumaha mimitina mah. Panginten pédah Abah resep maca sajak wé, dugi ka disamber ku Kang Rosyid. Kedahna ka Kang Rosyid narosna, ku naon Abah bet diajakan maén,” ceuk ieu seniman nu gumelar di Bandung, 25 Agustus 1960 téh.

Pikeun Abah Awie, jadi narator dina pagelaran drama téh lain sakali dua kali. Saméméh ayana sasalad Covid-19, unggal taun dina bulan Ramadan, ti taun 2007 kénéh, Abah Awie geus remen diajak magelaran ku Rosyid E. Abby dina sawatara épisode “Kasidah Cinta”-na Teater Senapati SMA Pasundan 3 Bandung.

Mémang, drama réligi Sunda “Kasidah Cinta” téh diwengku ku sawatara épisode, ngangkat fragmén-fragmén kahirupan jeung perjuangan para sahabat/ahlul-bait di jaman Rasulullah jeung sabadana. Nu kungsi diiuluan ku Abah Awie, di antarana épisode Kasidah Cinta Sang Muadzin, Kasidah Cinta Sang Abid, Kasidah Cinta di Palagan Karbala, Kasidah Cinta Al-Kubra, Kasidah Cinta Al-Faruq, Kasidah Cinta Shahabiyah, tepi ka Kasidah Cinta Hamzah Asadullah.

Baca Juga: Kasidah Cinta Al-Kubra, Konsistensi Teater Senapati Ngagarap Pintonan Réligi, Miara Regenerasi Drama Sunda 

 

Abah Awie jeung Rinrin Candraresmi dina salasahiji adegan drama Sunda religi

Jauh saméméh mantuan garapan Teater Senapati, Abah Awie geus lila teuleum dina dunya kasundaan, utamana widang seni-budaya. Kétakna dina tarékah nanjeurkeun basa, sastra, jeung budaya Sunda, salasahijina jadi YouTuber ngadongèng Sunda. Sababaraha judul dongéng Sunda geus dipedar ku Abah Awie dina kanal Youtube-na, di antarana sérial Jaka Santang, Si Buntung Jago Tutugan, Kujang Pusaka, Waliwis Bodas, Gumilar, Enok Maé, Balati Demit, jeung Cipanon Indung, anu kabéhna karya S. Sukandar. Lian ti éta, carita Mapay Jalan ka Naraka karya Ki Masram, jeung Néng Élah karya S. Sukarna.

Abah Awie tèh pituin urang Kabupatén Bandung, kiwari dumuk di Kampung Burujul, Desa Mekarrahayu, Kabupaten Bandung. Inyana pisan anu naratas ngadegna Paguyuban Seniman Budayawan Kabupaten Bandung (Pasebban) téh. Éta paguyuban anu diadegkeun taun 2002, tapi kakara diresmikeun ku Bupati Bandung (jaman Bupati H. Obar Sobarna, S.Ip.) taun 2005 téh, dina seuhseuhanana rék miara-ngamumulé seni budaya nu sumebar di Kabupaten Bandung. Atuh leuwih jauhna deui, bisa ngaberdayakeun para seniman-budayawan Kabupaten Bandung supaya leuwih hojah, guyub, tur leuwih kréatif.

Mimitina nu dipikahayang ku Abah Awie, Pasebban téh ngadeg aya di tingkat Jawa Barat. "Malah mah geus saklek harita jeung Pa Danny Setiawan (Gubernur Jawa Barat 2003-2008, -Ed/Red), Pasebban téh aya di tingkat Jabar, tuluy ka handapna aya Pasesbban Kota Bandung, Cimahi, jeung Kabupaten Bandung nu harita Bandung Barat can misah, masih ngawengku 45 kecamatan. Tapi ku sabab Pa Dany teu jadi Gubernur (deui), nya Kabupaten Bandung wé," ceuk ieu pupuhu manten Pasebban téh.

Ayeuna geus kana sababaraha taun Abah Awie teu mingpin deui Pasebban, geus dicekel ku pupuhu entragan sahandapeun. Ngan Abah Awie kapeto jadi sesepuh.

Najan geus teu aub langsung, tapi tapakna ngajungkiringna Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) téh cohagna mah kahayang Pasebban. Malah mah Abah Awie milu nempatkeun batu munggaran pangwangunan GBS.

Naha bisa pintonan drama saperti Kasidah Cinta Al-Kubra minton di GBS Kabupaten Bandung?

"Kahijina kedah aya sponsor, kadua kedah nyambung sareng Disdik, atanapi Disparbud.  Upami teu kitu, tah ieu nu katiluna, kedah kagungan modal!" ceuk Abah Awie, tandes.*** Sopandi

 Baca Juga: Abah Awie, Nanjeurkeun Basa Sunda ku Jadi ‘Youtuber’ Ngadongéng

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler