Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB
Ilustrasi carpon Sempalan Ahir Desember. /Budi Riyanto/galura.co.id

Carpon Lely Mulyawati

Keur nga­rasa­keun ni’matna ngoyagkeun su­ku jeung leungeun hareup­eun tipi, kirining HP disada. Ditempo kontakna, geuning ti Euceu di lembur. Gasik ditampa, tayangan senam érobik nu kakara sapuluh menit distop. Naha aya naon, apan mangkukna Euceu sarimbit ngaréndong di dieu, bari balanja keur hajatan walimahan Si Tétéh, budakna nu cikal.

Meunang dua poé nganjangna téh, cacap sagala dicaritakeun. Kaasup ngabahas Kang Dadang, lanceuk nu ka tilu. Kang Dadang lanceuk sabray kuring, adi Euceu.

Salila ieu lamun aya kariaan atawa lebaran, Kang Dadang tara ngajak Ceu Wiwi pamajikanana, jadi anu tara aya dina poto kulawarga Ema ukur manéhna. Alesan nu rada teu pikahartieun lamun ditanya, Ceu Wiwi tara kuat dina mobil umum. Ngan dina kariaan Euceu, rék dipapagkeun ngarah kumpul. Baju seragam brukat pulas kopi susu geus dipangmeulikeun, kaasup setélan batik keur Kang Dadang.

Kuring ogé nanyakeun Doni, budak cikal Kang Dadang. Apan salila opat taun cicing jeung Ema di lembur, kadang di imah Euceu da deukeut. Salian ti disakolakeun. Tamat SMK budak téh teu nuluykeun kuliah, da taya pakeunna. Keun wé saheulaanan sina diajar usaha. Di buruan Ema nu lega, dipangnyieunkeun angkringan keur dagang emih jeung inuman. Bisaan ngaracik kaolahanana mah, lumayan payu.

Hanjakalna budak téh kabéngbat ku awéwé, jadi kahusuan ngaladangan nu meuli kaganggu ku bobogohan. Nepi ka ahirna, dagangan kabolér, bobogohan ogé teu jucung. Saterusna Doni balik ka bapana. Kungsi sababaraha kali nelepon ménta duit nu pangajina teu sabaraha. Sok ditedunan wé da karunya, meureun hayang jajan atawa meuli pulsa.

Pleng wé taya deui iber.  Ngan opat bulan ka tukang, Kang Dadang nawarkeun balong di lembur, warisan ti jenatna Bapa. Cenah butuh duit keur nambahan modal, Doni rék nyobaan bisnis onlén. Teu dihaminan, da duitna euweuh. Ahirna perhiasan Ema cenah dihibahkeun, duka sabaraha puluh gram.

“Haloow, Liaaa, kalah cicing waé!”  Sora Euceu ngagareuwahkeun lamunan.

“Keur mikiran Euceu, kunaon nelepon, kakara gé mangkukna ngagosip dua poé dua peuting.”

“Ih, aya béja pikareuwasan puguh.”

“Béja kumaha ?” Haté jol ratug.

“Dadang aya nelepon teu ka Lia?”

“Henteu, kunaon kitu?”

“Bieu ngabéjaan, Doni ditarik kawin ku urang Acéh, wawuh sabulan dina pésbuk, terus budak awéwéna nyusul ka Cianjur, meunang saminggu. Dijajapkeun ka ditu, tapi pas datang, ku kolotna langsung ditarik kawin.”

“Astagfirullohaladzimm!” teu sadar biwir ngagorowok tarik.

“Puguh enya, Euceu ogé reuwas. Ayeuna Doni di ditu, teu bisa balik. Nungguan dikirim NA jeung KK, apan KTP-na mah milu ka kulawarga Ema basa nyobaan ngalamar pagawéan di lembur. Euceu kudu ngurus susuratanana, mun bérés rék dikirim ngaliwatan jasa kurir ka peuntas.”

“Asa lieur kieu, dicerek tuur di lembur batur bari malangmang-mulungmung jauh ti dulur ti baraya, naha cageur kolot budak awéwéna? Apan Si Doni téh kakara duapuluh hiji taun, lumého kénéh, usaha ogé acan bener. Réy Mbayang onaman ka Dinda Haw, najan kawin ngora ogé da puguh tingkat ékonomina.” Kuring kalah jadi ngacapruk inget ka artis.

“Nya ari mikir ka dinya mah, ngan cenah budakna daékeun da rék dimodalan ku pimitohaeunana.”

“Ngan angger teu ngarti, kunaon bet narik kawin ka jelema saliwat, boa budak urang dijadikeun boreh? Misal ieu mah, saha nu apal budak awéwéna geus aya eusian, néangan nu daék jadi bapa, manggih budak polos jeung boloho.”

“Bisa jadi, atawa sina mantuan di kebon boa?”

“Alah siah, kumaha lamun kebonna tutuwuhan nu teu meunang ku nagara?”

“Hiiy, budak urang lir asup kana bubu, biheung bisa balik deui.”

Telepon ditutup, pikiran teu pararuguh, dihenteu-henteu ogé  Doni téh apan sipat anak.

Pikiran ngalayang deui kana kajadian duapuluh dua taun ka tukang. Harita, kuring kakara semester dua, Kang Dadang mah geus kaluar ti kuliahna da ukur miluan D1.  Ku Bapa dipangmeulikeun motor RX-King nu keur usum. Ngan teuing kumaha, umur motor teu lana, cenah mah dijual ka babaturanana.

Ema jeung Bapa wera, ngan ngaranna ogé Kang Dadang, tonggoy wé. Saterusna nyobaan gawé di asuransi, teu betah. Sup deui ka jadi marketing di pabrik inuman, teu betah deui waé.  Ema pusingeun, ahirna  Kang Dadang dititipkeun ka Mang Iip, guru ngaji anu nyaba ka Cianjur, ngiridikteun alat-alat rumah tangga.

Sigana mimiti kapanggih, modal digolontorkeun leuwih ti dua puluh juta. Bapa, enya gé ukur bapa téré tapi bageur kacida, keur mah meureun aya duitna. Harita umur Kang Dadang nincak 22 taun. Meunang béja nu pikabungaheun, kiriditanana maju, bisa ngabarangan nu leuwih gedé, saperti lomari hias, méja makan, jeung korsi.

Basa kuring ngahaja ngalongok ka tempat kos Kang Dadang jeung Ema, imah kontrakanana pinuh ku rupa-rupa barang pesenan. Inget pisan, papatah Ema harita méméh balik, ngomat-omatan Kang Dadang supaya jujun kana usaha jeung ulah waka kagoda ku awéwé.

“Dang, sing inget, umur téh ngora kénéh, usaha kakara jalan, ayeuna keur mimiti neut-neutan, wayahna rada nyengker, ulah padu bobogohan, komo Ema meunang béja, sok aya kasebutna dicerek tuur, lamun pareng ulin ka imah awéwé di lembur ieu.”

“Muhun, maenya abdi bade nguciwakeun Ema sareng Bapa.” Jawabna siga nu enya.

Naaa atuh, teu ngaliwatan minggu, asa can garing ciduh Ema mapatahan, Mang Iip datang rurusuhan ka lembur, ngiberan ka Ema, yén Kang Dadang ditarik kawin, jeung waktuna geus ditangtukeun, tilu poé deui!

Ema teu sirikna ceurik lolongséran, ngarasa dibobodo ku anak.

“Aing mah teu rido, teu iklas Si Dadang kawin! Jor waé, moal, moal ieuh diuruskeun. Nyucud nurustun­jung pisan boga budak lalaki téh.”

Kabéh milu heneg jeung keuheul, tapi balik deui kana kaimanan ngeunaan takdir. Mana kieu ogé geus nasibna, kudu boga minantu ka urang dinya. Beuki ngenes deui barang apal, pipamajikaneun Kang Dadang umurna kakara kaluar ti SMP, embungeun nuluykeun sakola. Kabiasan di lembur éta, ngawinkeun budak awéwé lumého kénéh. Umurna sok dikolotkeun cenah.

Ema dilelemu, ahirna léah. Bring ka Cianjur, ukur mawa béas sakintal, jeung duit opat juta keur ipekah jeung maskawin. Tanggal 29 Desember 2001, Kang Dadang resmi jadi salaki Ceu Wiwi. Mani watir nempo pangantén lalaki, teu béngras, Ceu Wiwi dikabaya bodas, awakna pendék leutik. Salila acara, Ema mah teu eureun nginghak.

Parat nepi ka ayeuna, Kang Dadang masih disumbang ku Ema, boh keur ngontrak imahna, boh keur biaya sapopoéna. Da teuing kumaha atuh, saban usaha manggih kasugemaan, brek budakna gering, atawa usahana ngadadak bangkar. Naha ieu aya patalina jeung kateuridoan Ema waktu harita, wallohualam.

*

AYA notip pesen asup kana WA, geuning ti Kang Dadang. Carita Euceu dibalikan deui ku manéhna.

“Iraha ti ditu nangtukeun poé?”

“Sapuluh poé deui, tanggal 29 Désémber, mani sarua jeung tanggal kawin Akang harita nya. Mun NA anggeus dijieun, engké Akang rék ka Acéh sorangan, maenya teu nyaksian pisan. Ngan wayahna, Lia kudu méré nginjeum duit, 5 atawa 10 juta. Teu boga pisan cecekelan puguh!”

 Teu hayang némbalan, kalah seueul. Lalakon heubeul bruh-bréh, carita saterusna geus karampa!*** (Dimuat dina Galura cetak I Januari 2021)

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler