Hate Ngait ka nu Indit

27 November 2023, 19:00 WIB
Ilustrasi Carpon Hare Ngait ka nu Indit karya Budi Riyanto. /

Carpon Aam Amilia

LANTARAN teu wani kana motor, kapaksa maké taksi. Nyupiran mobil sorangan sieun teu apal jalan. Bubuhan kakara dua kali ka imah Armi téh. Kapok basa mapagkeun manéhna harita, ampir-ampiran sasab.  Rarasaan mah enya éta jalan ka lebah imahna téh. Tapi basa asup ka gangna, asa lain. Rarasaan mah aya warung méméh méngkol téh. Tapi warung téh bet loba geuning. Jeung naha atuh potongan imah téh mani méh sarua. Malah kawas nu seragam. Ngan nu inget téh  cét imahna héjo bolu pandan.

Mobil dipénta laun, basa geus asup ka gang-na. Kuring kudu nepungan Armi poé ieu. Kudu poé ieu. Lantaran isukan kudu ka luar kota, marengan dunungan. Hég aya opat poéna. Basa ku kuring ditelepon cenah manéhna téh geus kawin. Teuing kudu bungah, teuing kudu sedih ngadéngé manéhna geus rarabi téh. Ngan asa ngurangan dosa. Sukur manéhna aya nu mikanyaah. Peupeuriheun ku kuring dinyerikeun. Deudeuh teuing, Geulis. Cacak sanggup mah midua haté, cacak wani mah ngabagi cinta jeung kanyaah,  manéhna moal kudu dilésotkeun.

Bet lain kuring wungkul, supir taksi gé bangun bingungeun. Manéhna nanyakeun. Cék kuring, mun teu salah mah, méngkol sababaraha péngkolan deui.

“Da kapungkur mah, lebah dieu teh mung aya sawah wé sareng balong. Na mani téréh teuing. Abdi nembé sakali, mani pangling,” cék supir.

Tapi da kudu kapanggih. Kuring kudu ménta dihampura. Kuring rumasa nyieun dosa anu kacida gedéna ka manéhna. Mun ditarimana ku ambek mah puguh deui, ieu mah mani pasrah nyebut sawios da tos milik abdi cenah.  Dileuleuyan mah kalah beuki asa kandel kasalahan téh.  Jeung asa ngaheureuykeun deuih ka manéhna. Padahal da tadina mah geus gilig rék ngawin manéhna, sanajan henteu meunang idin ti pamajikan ogé. Kuring hayang boga anak.

Geus taunan kawin, pamajikan tacan katémbong rék kakandungan. Malah kalah brek gering, ampir teu beunang dideukeutan. Bangun geuleuh ka kuring téh.

Sora klakson motor kadéngé mani tarik, ngareureuwas. Tapi supir mah salsé wé.  “Bet ngabodo-bodo manéh. Pa, urang nyimpang heula ka warung,” cék supir

Tapi basa mobil eureun  kuring nu turun, terus ka warung. Langsung dibagéakeun ku nu boga warung, bisi rék meuli naon. Rét kana gogoréngan.

“Cobi Néng nyuhunkeun pisang goréngna sapuluh,” cék kuring.

Bari nungguan pamulangan kuring nanyakeun ngaran jalan ka imah Armi. Jawabanana pasti.

“Muhun itu, nu péngkolan kadua, tuh geuning aya wa­rung nu rada ageung, méngkol wé ka kénca, Pa,” cék nu dagang.  

“Nuhun,” cék kuring, bari terus mayar. Sup deui kana mobil.

“Tebih kénéh, Pa?” cék supir, bari majukeun deui mobil.

“Eta tos caket,” témbal téh.

Ampir teu bisa saré. Reuwas basa meunang béja cenah manehna geus kawin.  Sanajan bu­ngah, haté maké rada nyérédét. Té­réh meunang jodo geuning. Can lila putus jeung kuring, geus aya béja kawin. Ukur dina WA ngabéjaanana téh. Tapi kuring gagancangan nanyakeun deui ka manéhna.  Jeung saha? Kalah ada déh cenah jajawabanana téh. Padahal salilana gé manéhna mah daria waé, tara cetaan. Atoh aya, sedih aya. Boa-boa asal waé boga salakina téh. Ku kanyenyerian pedah diputuskeun ku kuring, terus narima saaya-aya nu haat mileuleuheungkeun. Kawin tanpa cinta, rék kumaha bagjana, cék paribasana gé.

Kuduna kuring téh buru-buru nepungan. Tapi aya béwara ti RT jeung RW, teu meunang waka ka luar ti komplék. Aya sasalad anu nerekab gancang naker. Ti RW kuring aya saurang nu katerap éta kasakit. Ku kituna salembur éta ditutup. Sagala kaperluan cukup ku WA , SMS, jeung telepon. Barangbeuli ngan bisa ka toko nu bisa online. Kapaksa ngerem manéh. Ari geus dibuka deui, kuring leungiteun komunikasi. HP-na teu bisa ditanya. Ngabigeu.  

Abringan meri ti jalan lalawaneun kuring, maksa mobil eureun heula. Teu loba tapi da meureun tikusruk mun terus maju mah. Péngkolan nu itu cék tukang goréngan téh. Basa geus kaliwatan nu kahiji masih kénéh maju. Tah ayeuna mah apal. Enya bener ieu. Warungna, enya éta. Inget kénéh harita Armina ngajak eureun heula. Kuring nungguan dina motor, manéhna lumpat heula ka warung. Ngan nu kaciri téh meuli amplop. Teu terus ka imahna, kalah ngajak ka warung sangu nu teu jauh ti dinya. Tepung pamungkas meureunan.

Kacipta kénéh kumaha bungahna basa kuring nyarita rék ngawin manéhna. Rék nékad wé, da hayang boga anak. Rék kawas kumaha hirup teu boga turunan. Naon nu dibélaan? Geus diwangwang ambekna pamajikan, tapi keun rék disanghareupan waé. Rék dilelemu,  moal midua kaasih. Bakal adil, Insyaallah. Pamajikan gé yakin bakal ngartieun,  kuring téh hayang boga anak. Moal enya ngorétkeun  mun  kuring kawin deui. Tapi sanajan kitu gé da harita can wani balaka ka pamajikan mah.

“Landi, nyikalan téh hoyong istri, hoyong pameget?’”

“Naon waé, kumaha pamasihan Gusti. Mun istri pasti geulis siga Armi,”

“Mun pameget pasti kasép siga Landi,” cék manéhna.

Mani asa geus enya rék ngahiji. Kacinta nu diuntun ti basa tepung di tempat kariaan sobat, bakal laksana. Tapi ka pamajikan mah kuring angger nyaah. Lain rék nganyerikeun, ngan hayang boga anak, cék kuring.

Manéhna dianteurkeun henteu tepi ka jero imahna. Di buruan wé. Kitu gé henteu buruan imahna pisan. Dua imah deui, kakara turun. Manéhna nunjuk imahna mah nu itu cenah dua suhunan ti éta. Kuring ngadius mulang.

“Ieu rupina, nya Pa,” cék supir. Kuring déhém nyaenyakeun. Sidik nu éta imahna téh. Bener pulas bolu pandan. Supir dipénta nungguan, da kuring moal lila. Ukur rék ngeupeulan duit, itung-itung kado pernikahan.

Deudeuh Geulis, naon nu jadi impian téh buyar teu nyésa. Teu géséh saminggu, pamajikan ngagabrug, nyebutkeun positif cenah kakandungan. Manéhna némbongkeun hasil pamariksaan ti Ginekolog. Antara atoh jeung reuwas ngadéngé caritaan pamajikan. Bréh imut anjeun Armi, basa urang lalamunan rék gaduh budak. Lain bohong. Atuh apan sakitu taun kuring ngarep-ngarep pamajikan kakandungan. Henteu waé. Enyaan Geulis, kuring henteu niat ngaheureuykeun. Haté ratug tutunggulan. Atuda kuring téh  heubeul teu wani nepungan. Kumaha nyaritana? Mutuskeun, da karunya ka pamajikan. Mangka nyiramna gé mani ripuh pisan. Tepi ka diopnameu sagala aya sabulanna.

Ayeuna rék ménta hampura, sakalian ngawilujengkeun. Bongan anjeun Armi nu ngamimitian nyarita rék undur waé, sapu nyéré pegat simpay.

“Kanggo naon atuh abdi,  ari Tétéh tos badé kagungan putra mah,” cék anjeun.

“Naha, keun teuing, urang angger kudu ngahiji,” cék kuring.

“Narah ah, janten pelakor bari teu aya alesan mah,” pokna.

Anjeun ngejat. Geulis, hampura. Kudu kumaha meresihan ieu rasa dosa?

“Milari saha, Pa?” cék awéwé nu keur sasapu di buruan, nénjo kuring.

“Dupi Bu Armi aya?” 

“Oh, sanés di dieu, bumina. Tah aya gang alit, lebet ka dinya. Taroskeun ka Bu Awis, da ngontrak di anjeunna,” témbalna mani rengkuh.

Haté ngagebeg, tapi teu burung nurut kana pituduhna. Enya langsung arapaleun basa kuring nanyakeun Bu Awis. Kuring nanyakeun naha Armi aya? Nu disebut Bu Awis téh bangun hookeun. Kalah malik nanya saha ari kuring. Dijawab gé kalah calangap. Jol aya awéwé séjén nyampeurkeun.

“Tos ngalih minggu kamari,” témbalna.

“Naroskeun saha Etéh?” cék nu anyar datang.

“Néng Armi, “ témbalna.

“Oh muhun tos ngalih,” pokna milu nerangkeun.

“Manawi uninga ka mana ngalihna?”

“Duka,” cék duanana, méh bareng.

“Sareng carogéna?” Cék kuring.

Duanana silirérét, bangun nu baringungeun.

“Kumaha? “ Cék Bu Awis.

“Ngalihna tangtos sareng carogéna,” cék kuring, ngaralat. Kakara sadar pananya téh kawas nu bolon. Nya tangtu atuh pindah mah jeung salakina.

“Na, da teu acan, teu acan nikah,” témbalna rada aga-eugeu.

Kuring langsung amitan sabada nganuhunkeun. Awak asa ngadégdég. Deudeuh teuing Geulis. Demi kuring, anjeun ngabohong.  Meureun ngarah kuring henteu ngarasa dosa. Naha maké ngabohong tos nikah sagala? Naha maké ngabohong linggih téh ngontrak?  Kudu ka mana kuring néangan?  Kudu ka mana ménta pangampura. Supir taksi teuing nanya naon.

Ukur ditémbalan ku peta, sina maju, terus balik ka tempat tadi. Aya nu nambag dina tikoro. Beurat, beurat pisan.  Tepi ka teu wasa nyarita. Ti dinya nepi ka imah, teu nyarita deui. Terus turun we. Basa supir taksi nyebutken ieu pisang goréng kakantun, ukur dijawab ku isarah, kop baé kanggo Emang. Da hate ngait ka nu indit. *** (Dimuat dina Galura cetak edisi IV November 2021)

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler