Gonjak Asmara

7 November 2023, 12:53 WIB
Ilustarsi carpon Gonjak Asmara /Budi Riyanto/galura.co.id

Carpon R. Saéful Hayat

"REN, nuju di mana? Akang hoyong tepang heula”.

Ngan ukur ngaheruk dibarung rasa kabingung, nalika maca Whatsapp nu neueul kana angen-angen ti jajaka nu kungsi niruk jajantung nunda katresna. Basa mangkukna, manéhna ngadadak nyaritakeun pamaksudanna rék nuluykeun kuliah S-2 ka Amsterdam, haté teu puguh rasa. Naha bet kudu ayeuna manéhna indit ninggalkeun lemah cai? Haté, da puguh haté, dipangpalérkeun gé hésé, sok sanajan taya hubungan nanaon, tapi da kumaha deui ari geus ngajadi tali asih nu meungkeut dina ati mah, sok baperan waé.

Ngolébat kembang lamunan, basa Jalan Braga kungsi jadi saksi, nalika manéhna wakca  geus lila neundeun rasa kacinta. Hanjakal. Harita téh ukur ditanggap ku paroman kuring nu judes siga biasana. Manéhna gé ukur nuluykeun ku imut bari semu ngahuleng, siga nu nganti-nganti témbalna asih kuring ka manéhna. Haté sok jadi nggeremet. Naha harita kuring beut teu ngedalkeun ogé rasa kacinta? Naha beut téga némbal imut manéhna ku paroman nu marahmay? Lainna manéhna téh sok aya nalika kuring bagja jeung nalangsa? Teu karasa, cimata ngeclak marengan diri nu keur teu puguh rasa. Lalampahan nu geus karandapan jeung manéhna téh lir nu ngajorélat sakedét nétra.

Dina sajeroning lamunan nu keur ngoléang sakaparan-paran, jol aya sora  ti kajauhan, singhoréng Kang Radyan nu tatadi kumalangkang dina lamunan. Buru-buru cipanon téh disusutan. Teu lila, Kang Rad­yan gék diuk sisieun kuring anu harita keur nyorangan handapeun tangkal kawéni deukeut Gedong Réktorat.

“Rén, Akang nga-WA téh geuning teu dibales?” ceuk Kang Radyan bari imut semu kuciwa.

“Muhun Kang, punten, bieu téh nuju ngobrol heula sareng réréncangan,” ceuk kuring bari imut nutupan kasedih.

“Oh kitu, paingan atuh. Akang téh tatadi milarian Réni.”

Kuring ukur imut. Tidinya, Kang Radyan teu lemék teu nyarék, ukur neuteup leleb pisan. Nalika paadu teuteup, lalaunan dua dampal leungeunna raket ngarang­geum dampal leungeun kuring. Karasa pisan geter kaasih nu ngagolak dina batin nu sedih kingkin. Cimata nu tadi di­sum­putkeun téh teu wasa némbongkeun keclakna nu méré siloka haté nalangsa.

“Rén, mun kudu ngaduakalian mah Akang nyarita, Akang téh nyaah pisan ka Réni. Ngan nepi ka danget ayeuna Akang mah can meunang jawaban nu pasti. Salila ieu can aya wanoja nu meulit ati Akang, iwal ti Réni,” ceuk Kang Radyan, panonna neuteup leleb.

“Teu kedah gombal Kang. Kekecapan téh siga-sigana bakal sirna, nalika engké patepang sareng wanoja-wanoja di Amsterdam, nu pasti langkung geulis ti Réni. Sok komo dua taun diditu, moal henteu bakal seueur nu kapincut,” témbal kuring bari malieuskeun paneuteup.

“Mémang enya kodrat lalaki mah pasti bakal resep ka wanoja nu ditingalina. Tapi ari nu paheut dina ati mah mung ukur hiji. Pikeun Akang mah éta téh geus jadi tetekon hirup,” ceuk Kang Radyan nyaritana tatag pisan.

“Kumaha mun Akang ngarempak tetekon éta?” tanya kuring bari semu dareuda.

“Berarti Akang lain jajaka Sunda nu panceg,” walonna teges.

Ngadéngé omongan kitu, keclakna cimata beuki kerep waé. Beuratna kuciwa nu keur karasa, neueulkeun ieu sirah kana dada manéhna anu harita katémbong aya nu nyangkrung di sajeroning paneuteupna. Wanci sariak layung marengan dua ati nu keur pada-pada tumanya, naon hartina cinta?

“Rén, Akang mah moal incah balilahan saacan Réni kersa nampi Akang mah. Ti mimiti pendak tug dugi ka ayeuna, Akang mah masih ngantosan,”

“Naon hartina, upami abdi kersa nampi Akang? Sedengkeun ayeuna kénéh Akang rék ninggalkeun banjar karang pamidangan pikeun nyorang nagri batur nu jadi harepan.”

“Naha beut kudu hariwang? Ari enya bakal silipikacinta mah ati téh bakal siga langlayangan, anu sina ngapung ngawang-ngawang tapi tetep pageuh dicekel ti kajauhan,” ceuk Kang Radyan teges pisan.

Beuki pageuh reujeung keukeuh diri paheut pisan embung papisah. Moal boa kumaha kabayangna lamun geus aya dijauhna. Ngan ukur dipirig ku sesegrukan tandaning aya dina katunggaraan. Jol ngolébat sikep perhatianna nu moal aya dua, naha salila ieu kuring beut ngamomorékeun baé. Watekna nu mindeng ocon, bakal neuteuli yén kungsi remen jadi ubar nalika ati keur nalangsa. Singhoréng nyaan ceuk béja, ulah sok nganggap biasa kanyaah nu dibikeun ku papada jalma, sok komo geus pada-pada sawawa. Geuning ieu eusina cinta. Datangna teu méré béja, inditna gé matak tunggara. Kecap nyaah teu bisa kedal lantaran kahalang ku nyelekna ati.

“Atos Rén, tong nangis, Akang mah sok teu téga,” ceuk Kang Radyan ngupahan.

“Muhun Kang, punten,” témbal kuring bari ngaleupaskeun maneh tina rangkulan.

“Teu kudu melang jeung teu kudu hariwang Rén, Akang mah moal ngajauhan.”

“Bandung - Amsterdam téh lain dua tempat nu tatanggaan, Kang. Jauh pisan,”  ceuk kuring jero pisan.

“Memang, tapi Akang mah yakin pisan urang moal paanggang,” témbalna semu miharep.

“Gampang Kang kedal jangji mah, nu hése téh maheutkeunana,” ceuk kuring bari segruk ceurik ngahinghing.

“Rén....”

“Kang! Mémang salami ieu Réni rumaos sok ngamomorékeun Akang. Tapi ayeuna Réni sadar,  Akang téh sok rajeun jadi batur Réni nalika bagja jeung nalangsa,” ceuk kuring bari cimata mah angger murubut.

“Rén....”

“Réni rumaos Kang! Réni mah sok judes, tapi katingtriman hate Réni téh ngancikna nalika babarengan jeung Akang!”

“Muhun Rén, tapi....”

“Tapi naon Kang?! Tapi geus cunduk waktu ninggang mangsa Akang rék ninggalkeun Réni?”

“Sanés Rén, Akang mah moal wasa maké jeung kudu ninggalkeun Réni.”

“Moal wasa kumaha? Geuning Akang mah réla ninggalkeun cinta pikeun nyorang nagri nu sakitu jauhna!”

“Ceuk saha Akang rék ninggalkeun ieu nagri?” tanya Kang Radyan bari ngangkat dua leungeunna.

“Na mémangna Akang gaduh jurus ngapung ti Bandung ka Amsterdam?” walon kuring judes.

“Rén dangukeun heula.”

“Mangga, geura caritakeun satarabasna, saacan Akang miang ka jauhna,” témbal kuring bari ngabalieur.

“Akang mah teu hayang paanggang,” ceuk Kang Radyan.

Simpé. Kuring teu lemék teu nyarék. Kang Radyan nuluykeun caritaanna.

“Rék paanggang kumaha atuh Rén, da Akang mah kuliah di Amsterdamna gé kuliah onlén, sabab masih kénéh palaur ku mahabuna sasalad Covid-19. Jadi Akang mah masih aya di sagédéngeun Adén Putri,” ceuk Kang Radyan bari semu nahan seuri.

Jelebét! Lir kabéntar gelap tengah poé. Rey beungeut téh beureum. Asa gendok siga bueuk meunang mabuk. Kuring nyorongot bari haté mah éra kacida. Kang Radyan tembong ceuceuleukeuteukan semu mupuas.

“Euh, dasar, sanés nyarios ti tatadi! Apal kitu mah teu kudu maké diceung­ceurikan,” témbal kuring bari ngadilak tuluy ngelapan cimata nu tatadi masehan pipi. Aslina éra pisan. Asa hayang ngaliang.

“Ulah bendu atuh, pan ari hirup mah kudu heuheuy jeung deudeuh saur Si Kabayan gé,” ceuk Kang Radyan bari ditungtungan ku seuseurian, bangun nu genah pisan.

“Tong seuri, teu lucu!” walon kuring muncereng tapi semu ogo. Sakadar nutupan kaisin.

“Goréng-goréng gé nu penting mah diceungceurikan ku wanoja nu dipikacinta,” ceuk Kang Radyan bari nyusutan cimata bakat ku genah seuri tayohna mah.

“Ayeuna mah mending urang mapay-mapay Jalan Braga, susuganan aya café nu muka, urang silih tanya ngeunaan cinta,” ceuk Kang Radyan dirungtungan ku seuri keom.

“Lebay!” témbal kuring kapiasem.

Wanci manjing ka sareupna, layung beureum geus némbongan.*** (Dimuat dina Galura cetak I November 2020).

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler