Hampura

31 Oktober 2023, 15:41 WIB
Ilustrasi Carpon Hampura /Budi Riyanto/galura.co.id

Ku: Lely Mulyawati

GEUS biasa megat élf jurusan Kawali - Bandung hareupeun imah, jadi teu kudu ka terminal. Lalakon ti lembur ka kos-kosan salila nyuprih élmu méakkeun waktu opat jam. Lamun supirna siga nu édan, tilu jam nepi, ngan haté asa luluncatan teu puguh rasa. Antara hayang ongkék jeung hayang ngadegungkeun sirah supir. Siga nu meunang badami, supir élf mah arang nu nyalsé nincak pedal. Pikeun nu rusuh asa katumbu kabutuh, palebah nu jantungan mah kudu kerep maca istigfar. Jam dua Mimih nyodorkeun goréng lauk nilem nu muyutuk ku endog.

“Mekel nu kieu moal?”

“Mekel atuh, seueur teu?”

“Cukup keur Adé dahar saminggu, kari dibaturan ku sambel atawa kécap.”

Mimih beberengkes, adan ashar ngalanglaung, gancang solat da geus boga abdas. Pukul tilu leuwih duapuluh menit, geus saged, pamitan jeung ménta dunga jeung duit. UTS sakeudeung deui, teu bisa nyalsé datang ka kampus. Teu lila, elf Manunggal eureun. Coréngcang kénéh, diuk muru jok  ka dua ti hareup, deukeut jandéla, tumaninah.

Di Indihiang aya nu naék, lalaki geus aya umuran, pangawakanana jangkung gedé, gagah. Gék gigireun. Imut saulas, ngamanggakeun basa manéhna sasadu nitah ngagésér. Teu miroséa batur sajok, panon kalah ngajak nundutan. Less wé kaanginan tina jandéla nu dibuka saeutik kacana. Teu lila ngoréjat reuwas basa sadar, geuning sirah geus nyampay dina taktak tatangga, paingan sok ngeclak alias aday, komo lamun saré posisi diuk, duh aingah! Gancang ngusap beungeut bari babacaan. Nu disarandéan kalah nyengir. Huntuna ngaborélak rapih. Kaciri lain lalaki tukang udud.

“Ku naon Téh, santuy wé, mangga dilajeng, taktak abdi mah da kokoh sapertos saur semen, kuat kokoh dan terpercaya.”

“Hapunten Kang, teu kahaja.”

“Sanaos dihaja gé, tangtos dihapunten pisan.”

Pitunduheun leungit, gantina wawanohan, cenah Si Akang nu ngaranna Tito tas ngalongok kolotna, manéhna dines di kantor Telkom Kalimantan, ngan keur nyuprih élmu deui salila  dua taunan, téréh bérés. Ngobrol uplek nepi ka teu karasa, geus asup Términal Cicaheum. Ngajak dahar, sakalian solat Magrib. Najan rada elat.

Soto, sate, jeung gulé nu dipesen jeung  didahar. Tapi geuning sakitu geus teurab tilu balénan, Kang Tito  maksa kudu mungkus, cenah bisi lapar lamun di kosan, teu kudu masak deui.

“Tong nolak rejeki, anak kost mah jarang masak pan?”

Salian ti deungeun sangu, camilan bangsaning kikiripikan gé teu kaliwat. Mandeg-mayong. Anyar wawuh geus bageur. Tapi dipikir deui, apan kajadian  modél kieu téh lain ukur ayeuna.

“Naék naon ayeuna Dé?”

“Angkot Lédeng, lungsur di términal, teras ti Sersan Bajuri mapah ka luhur, kinten saparapat jam lah.”

“Ulah ngangkot, kana grab wé, kin Akang lungsur di Balubur, Adé langsung ka Cilimus. Dijajap dugi ka kos-kosan.”

“Dijajap ka kosan,  pan cenah lungsur di Balubur?”

“Muhun dijajap ku supir grab, ih.”

Teu kahaja sigana, bari ngusap kana sirah bangun deudeuh. Rada ngalenyap.  “Héy Adé! Ulah waka lelenyapan,  meureun bakatna bageur wé Kang Tito mah”. Haté norowéco sorangan.

Mobil grab datang, kalacat naék. Kakara jalan PH Mustofa, breg téh hujan turun gedé pisan. Lagu lawas Yuni Shara siga ngahaja ngawawaas tina radio Sinta.

Bulan ini, Desember kedua, aku menanti, dua tahun sudah, kusabar menanti, ku dilanda sepi . Angin dingin meniup mencekam, terasa oh nyeri.

“Tiris De?” sirah unggeuk

“Anggé sweater Akang.”

Leungeunna muka rangsel, ngasongkeun sweater hideung. Kakara diseuseuh sigana, da ngahiliwir seungit pewangi. Rap dipaké, puguh wé gombrang. Tapi lumayan, asa dikeukeupan ku kahéman. Switswiiiw.

Mobil nyemprung meulah kota Bandung nu jibreg katirisan.

Balubur geus kaliwat, tapi Kang Tito teu turun. Ditoél taktakna.

“Naha teu lungsur?”

“Melang ka Ade, bilih dikukumaha ku supir, paingan kasép.”

“His, teu lucu, maenya waé atuh.”

“Kajahatan mah Dé, teu mandang tempat, teu mandang nanaon, aya kasempetan langsung sikat.”

“Teras Akang bade ngiring ka kos-kosan Adé?”

“Jajap wungkul, wios dibooking ofline wé. Ka Balubur mah tiasa uihna.”

” Tapi ulah lungsur nya.” Kang Tito unggeuk surti.

Jam salapan nepi ka buruan, pamitan, basa sasalaman, bet hideng sun tangan. Deuh rarasaan dijajap ku emang atawa lanceuk.

“Kabar-kabari nya, ulah hilap telepon, kadé di-save nomerna.”

“Insya Alloh.”

“Kaci sun pipi?”

“Henteu, sanés waktos wé,  héhé.”

Supir dedeheman, ih ngadédéngékeun wé meureun ti tadi. Mobil ninggalkeun buruan, leungeun gugupay. Arumsari mapagkeun bari muka pager.

“Anjaayyy Sardé, geus meunang lauk deui waé.” Suku ngiclik ka kamar nu ditempatan ku duaan.

“Teu kahaja, bareng ti Tasik mula.”

“Ngaongkosan atuh?”

“Ngaongkosan, mekelan, ngabahanan.” Eusi  kantong diburusutkeun. Si Arum hayoh wé cruk-crek.

“Manéh boga pélét naon sih? Asana gampang pisan nyangreud nu balageur jaba karasép.”

“Ké dibéjaan dzikir nu kudu didawamkeun. Ngan siah kudu puasa mutih tujuh poé tujuh peuting, sanggup?”

“Embung ah, secara uing mah apan beuki dahar, bisi maot. Baé wé jadi balad Adé salawasna, apan milu weureu seubeuh ku pangirim.”

Seuseurian duaan bari nataan lalaki nu kerep barangbéré. Aya Kang Asikin, nu boga toko bangunan, Herman, ketua jurusan di MIPA angkatan 2015, Pa Endi, dosén kewirausahaan nu sok ngajak nongton, Lalan nu karyawan hotél bagéan dapur, kerep mere kukuéhan nu ngareunah. Wira, guru honorér nu jago ngagitar. Pian, Dian, Maman, Doni, Salim, ah geus poho deui ngaranna ogé.

Ras ka jenatna Ma Nini, mangsa keur cicing di Ema, SMU kelas hiji, wilangan bulan diwurukan jajampéan, dimandian ku cai kembang, puasa mutih, ngabatalanana  ukur ku sangray suuk, maca wirid réwuan, ulah loba saré, kudu loba ngisat awak.

“Ema gé baheula loba kabogoh, lieur milih. Balageur, béréhan, sukur-sukur meunang nu héman lahir-batin siga Aki. Sing bisa mawana.”

Kadang sok bungah, tapi lolobana mah asa dosa. Enya, maranéhna nu balageur, meureun kapélét ku kuring, ngarep-ngarep dibales rasana, tapi da ngan saliwat-saliwat can aya nu nepi kana haté. Ukur cocooan, ukur keur péntaeun. Hampura Kang, Mas, Pa, bongan waé atuh aranjeun bodo!*** (Dimuat dina Galura édisi III Desember  2019)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler