Era ku Budak

24 Oktober 2023, 15:30 WIB
Ilustri carpon Era ku Budak. /Budi Riyanto/galura.co.id

Carpon Nunung Hodijah

DINA umur 37 taun,  kuring geus boga budak dua. Nu kahiji awéwé, nu kadua mah lalaki. Nu panggedéna 11 taun geus kelas genep sakola dasar. Adina karek umur tilu taun.

“Ka mana si tétéh?” tanya kuring ka budak anu keur momobilan.

Teu nembalan. Ukur nunjuk ka lebah kamer.

“Ris?” kuring nyalukan.

Taya anu nembal.

“Riska?” kuring nyalukan deui.

Masih euweuh nu nembalan. Ti tas mandi si cikal can tembong kaluar ti kamerna. Piraku ngadon saré deui mah. Sakanyaho mah budak téh tara saré ti beurang.

“Keur naon?” tanya kuring bari nyampeurkeun.

Pantes atuh teu nembalan ogé. Riska keur nangtung nyanghareup ka girang luhureun sajadah. Maké mukena warna konéng ngora. Sakedapan ngahuleng. Can cunduk waktu sholat Dhuhur tapi budak geus sholat. Ahirna kuring yakin yén budak keur ngalaksanakeun sholat sunnah Dhuha. Leos kuring ninggalkeun lawang panto kamerna.

Riska nyuprih elmu di MI. Sakola nu teu ukur ngajarkeun elmu umum tapi dilengkepan ku elmu agama anu euyeub.

“Naon Mah?” tanya Riska bari kaluar ti kamer.

“Ka warung. Meuli tipung jeung tempé,” titah kuring.

Ngahuleng. Budak sakitu rajinna ngalaksanakeun sholat sunnah Dhuha. Pasti sapopoéna ogé osok sohat Dhuha di masjid anu aya di sakolana. Ari kuring? Kungsi ngalakonan sholat Dhuha ngan teuing iraha. Mangalam-alam. Hadéna budak teu nanyakeun osok tarana kuring ngalakonan sholat sunnah Dhuha. Ngan meureun dina haténa mah hayang nanyakeun. Mun ayeuna teu keur halangan mah rék gancang abdas terus sholat. Tapi poé ieu kuring keur halangan.

Ngalaksanakeun sholat wajib waé ogé kuring mah sok tara pas waktuna. Remenna elat. Ngan henteu ari nepikeun ka teu ngalaksanakeun sholat mah. Budak deui teu gurah-geureuh. Meureun éra nga­geunggeureuhkeun mah. Berjamaah di masjid ogé jajauheun. Salila ieu Riska mah sakitu rajinna sholat berjamaah di masjid bari ngaji. Kaasup sholat Shubuh berjamaah. Bet karék ayeuna kuring jadi ngarasa éra sorangan. Inget kana kakurang diri anu geus kolot. Umur téréh kapala opat. Ari ibadah sakieu buktina. Eléh ku budak sorangan. Kalah ka waé remen marentah ka budak, kudu kitu kudu kieu, ari indungna? Duh, nyaan jadi éra. Tapi karék ayeuna ngarasa era.   

Dina wanci tengah peuting nu tiris kuring maksakeun hudang. Najan tunduh nu pohara. Hayang kiih. Suku nu keur ngaléngkah ngadadak eureun. Aya rasa si­eun basa kadéngé nu nyiuk cai di jero kamer mandi. Sada nu keur sibeungeut.   Jaba salaki keur euweuh di imah.  

Budak kaluar bari beungeutna baseuh.  

“Alhamdulillah,” gerentes haté diba­rung ku kabungah.

Ti luar hordeng nu rada carang katempo lanceukna Dafa keur ruku. Suku asa pageuh kana ubin. Nenempokeun budak anu keur husu sholat. Kaera beuki ngandelan. Kuring mah duka iraha pamungkas ngalakonan sholat sunnah Tahajud jeung witir téh. Witir mah baréto bulan puasa. Eta ogé lamun milu sholat Tarawéh di masjid. Mun keur hayang sholat Tarawéh. Bet asa hayang ngeclakeun cimata saking ku atoh. Mun teu keur halangan kuring hayang ngalaksanakeun sholat Tahajud. Era ku budak. Ari kahayang boga budak anu soléhah ari kuring ngedul kana ibadah.  Teu bisa deui saré. Padahal tadi sakitu tunduhna. 

Isuk-isuk kuring nyangu.

“Rék dikumahakeun endog téh? Dikulub atawa digoreng?” tanya kuring ka budak nu geus maké saragam.

“Nuju saum,” walonna.

Kuring ngahuleng.

“Saum naon?” tanya kuring.

“Saum sunnah dinten Senén,” pokna.

“Atuh lain bébéja? Meureun Ema nyiapkeun dahareun pikeun saur?” kuring rada keuheul.

“Tadi saur neda roti sareng ngaregot susu,” ceuk budak bari nunda cangkang roti jeung cangkang susu kana wadah runtah.

 Kaéra mingkin nambah.

“Iraha deui rék ngalaksanakeun puasa sunnah?” kuring ngolongan.

“Dinten Kemis,” jawabna.

“Kuat kitu puasa poe Senen? Rek upacara lin?” kuring rada hariwang.

“Insya Alloh, kiat!” walonna kalayan sumanget.

“Enya atuh. Ngan mun teu kuat mah, buka we,” ceuk kuring.

Sainditna budak ka sakola kuring asup ka kamerna. Néangan Al Qur’an nu budak dina erak buku. Dibuka lebah halaman anu aya pembatas halaman. Tinggal sajuz deui ka tamat Al Qur’an. Rét kana kalender. Tanggal 30 Oktober. Jadi poé isuk tamat Al Qur’an. Kudu ngayakeun acara sukuran. Bet karék ayeuna kuring apal. Ari kuring jeung salaki jajauheun kana ngaderes Al Quran. 

Poe ieu kuring kudu nyiapkeun kadaharan pangaresepna. Ketang, Riska mah tara pipilih kana dahareun. Naon waé didahar. Ngan ari nu haseum jeung lada mah langka. Alus. Supaya teu nyeuri beuteung nu matak ngaganggu kana kagiatan sakola jeung ngaji. Rék nyadiakeun kadaharan pikeun buka puasa. Kuring ogé rék milu buka najan teu keur puasa.

Riska buka puasa dibarengan ku kuring jeung Dafa. Teu kungsi nyaritakeun kacapé jeung leuseuh najan cenah tadi di sakola loba kagiatan ti mimiti upacara bendera tepi ka kagiatan ekstrakurikuler drum band.  

“Isukan mah saurna dahar sangu nya?” kuring ngingetan.

Cenah mah lain teu hayang saurna ngadahar sangu. Ngan embung ngaganggu kuring anu keur saré. Mun apal rék puasa mah, saha anu embung hudang pikeun nyangu. Atoh nu aya anaking. Ema ngarasa bungah, campur éra! Era nu beuki ngandelan. Apaleun teu nya budak ka kuring nu ngarasa éra. Meureun ieu conto éra nu sakuduna téh. Kuring dahar kabawa ponyo. Panungtung dahar téh tadi isuk. Teu hayang balangdahar deui sabab jadi hoream. Nikmat pisan atuh komo mun  kuring puasa.

Panasaran. Hudang dina kira tabuh dua peuting. Terus muru kamer Riska. Eta budak téh keur emok luhur sajadah. Leu­ngeun­na ranggah. Keur ngado’a.

“Ya Alloh, muga-muga ema jeung bapa abi ulah ngedul waé kana sholat,” sorana halon tapi kadéngé pisan ku kuring.

Kuring neureuy ciduh. Duh era kabina-bira. Teuing kudu dikamanakeun ieu beungeut. Hampura Ris. Ema jeung bapa salila ieu teu mere conto nu alus ka hidep.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler