Pangajaran Basa Sunda, Apresiasi Sajak

- 29 Juni 2024, 19:00 WIB
Buku pelajaran basa Sunda.
Buku pelajaran basa Sunda. /

 

Ilo sajak di handap nepi ka kaharti eusina!

Gondang
Karya Sayudi

Tingtung tutunggulan gondang
ratug ku pakarang perang
lisung sumpung tapak gondang
nu boga kari babatang

Tingtung tutunggulan lisung
baluas buntung ku tarung
kampung liwung kari panggung
nu boga teu wasa mungpang

Tingtung tutunggulan gondang
ratug ku pakarang perang
disenggakan indung beurang

Alah seuyang
alah seuyang
paranakan Pajajaran
si utun tempat nya muntang
ukur tungtung kumelendang
mun lembur direbut batur
nu boga ngalamot tulang.
Tina :Lalaki di Tegal Pati.


Jawab panalék di handap ieu!

1. Naon nu jadi kasangtukang panyajak nulis éta sajak téh?
2. Rasa nu nyampak dina diri panyajak téh rasa nu kumaha? Kagumbiraan, kasenangan, kaédanan ku gondang, atawa katugenahan.
3. Lisung sumpung tapak gobang. Ngagambnarkeun naon éta kalimah téh?
4. Nu boga teu wasa mungpang. Naon maksud éta kalimah dina sajak téh?
5. Naon amanat nu hayang ditepikeun dina éta sajak téh?

Mun urang maca sajak di luhur bakal katangen ku urang, yén dina derna urang nyurahan éta sajak téh teu babari. Maksud sajak bébas téh teu ujug-ujug kaharti, kajugjugan ku urang, ari sababna:
a. cara nulis jeung macana béda pisan jeung cara dina carita pondok atawa dongéng,
b. kecap-kecap nu dipakéna sok dina harti injeuman. Dina sajak mah tara ditétélakeun naon nu dimaksud, sedeng dina carita pondok mah diterangkeun kalawan écés,
c. wangunna parondok, maksud téh teu bisa ditétélakeun kalawan écés,
4. Nu rék ditepikeun téh cukup diwakilan ku lambang
Sangkan urang bisa ngarti kana eusi sajak bébas, paling copél urang kudu:
a. ngarti kana harti kecap-kecap nu disusun dina ungklara kalimah
b. mindeng maca sajak bébas.
c. sajak téh sok ngawirahma, maksudna sora-sorana téh padeukeut sok disebut ogé murwakanti. Ayana purwakanti téh dianggap ngadatangkeun karesmian ka nu ngadéngékeunana atawa nu macana.

Geura purwakanti dina sajak di luhur :
Tingtung tutunggulan lisung
baluas buntung ku tarung
kampung liwung kari panggung
Purwakanti sora ung dina sajak di luhur pan karasa mawa karesmian kana haté urang nu macana.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah