Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

- 8 September 2023, 08:00 WIB

Ngeunaan eta tokoh-tokoh, kaasup Eyang Dalem Arya Kancana, ukur sakitu-kituna, tacan kakoreh saha-sahana jeung jujutanana. Ngan patokan keur maluruhna atawa ngira-ngirana mah aya katerangan taun nu ditepikeun ku akina Bah Ujul. Akina Bah Ujul teh ngaranna Sukatmi Natadiharja nu dijulukan Aki Gandeng atawa Ayah Kapit.

“Pun aki tilar taun 1995,” ceuk Abah Ujul. Keur aya keneh dikieuna, akina mindeng ngobrol soal patilasan nu aya di Cibangban. Ceuk akina teh, kabeh patilasan di Cibangban geus aya ti taun 1370 Masehi, malah aya patalina jeung Galuh nu puseur karajaanana di Kawali. Cibangban ka Kawali anggangna aya kana 16 kilometer.

Prabu Niskala Wastu Kancana

Dumasar babon sejarah Galuh, tepi ka taun 1370 anu jadi raja di Kawali teh Prabu Bunisora, nu nyuluran alona lantaran waktu lanceukna, Prabu Linggabuana, tilar di Bubat Majapahit, alona masih keneh budak, can meujeuhna jadi raja. Niskala Wastu Kancana diistrenan jadi raja taun 1371 Masehi sarta jadi  raja tepi ka taun 1475 Masehi.

Dipatalikeun jeung ngaran patilasan Eyang Dalem Arya Kancana bisa jadi Niskala Wastu Kancana samemeh diistrenan jadi raja kungsi ngalanglang wewengkon Cibangban. Kawasna Cibangban jeung sabudeureunana mibanda kaistimewaan, paling henteu tempat dumuk paraahli dina widang paelmuan jaman harita.

Baca Juga: Prabu Nusia Mulya Dua Welas Taun Mertahankeun Pakuan Pajajaran

Eyang Dalem Kancana teh ngaran tokoh nu ngaruju ka Niskala Wastu Kancana. Teu beda jeung patilasan di Nusa Gede di Situ Lengkong Panjalu, di dinya aya makam atawa patilasan Hariang Kancana. Aya sajarawan nu nyebutkeun bisa jadi Hariang Kancana teh taya lian ti Prabu Niskala Wastu Kancana.

Dina naskah Carita Parahyangan (CP), disebutkeun Prabu Nisakala Wastu Kancana dipusarakeun atawa dikurebkeun di Nusa Larang, nusa hartina pulo. Anu leuwih nguatkeunana, di Desa Ciomas, aya patilasan nu disebut Geger Omas. Prabu Bunisora mindeng nyepi dinya, tilar jeung dipusarakeun di Geger Omas.

Kumaha ngaran tokoh sejen nu bisa disebutkeun jaman beh dieu? Banten jeung Mataram kungsi parebut pangaruh di Priangan jeung di Cirebon. Banten mah apan tepi ka ngarecah Kasultanan  Cirebon jadi tilu: Kasepuhan, Kanoman, jeung Kacirebonan, sabab tadina pangaruh Mataram di Cirebon kuat pisan.

Di sababaraha wewengkon aya patilasan nu dipatalikeun jeung Banten katut Mataram. Gede kamungkinan Nawang Wulan teh utusan Cirebon. Manantura utusan ti Banten, Malikul Hakim utusan ti Mataram. Eyang Dalem Arya Kancana lain utusan ti Solo, tapi ngaruju ka Prabu Niskala Wastu Kancana.

Baca Juga: Karamat Talun Kabupaten Cirebon Patilasan Pangeran Cakrabuana Mbah Kuwu Sangkan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah