Jaman Karajaan Sunda Galuh, Kawali di Kabupaten Ciamis kungsi Mibanda Kalungguhan Penting

- 21 Juni 2023, 09:43 WIB
SItu Lengkong Panjalu. Prabu Niskala Wastukancana, raja Karajaan Sunda Galuh nu puseurna di Kawali, ayeuna kabawah ka Kabupaten Ciamis, dipusarakeun di Nusa Larang Situ Lengkong.
SItu Lengkong Panjalu. Prabu Niskala Wastukancana, raja Karajaan Sunda Galuh nu puseurna di Kawali, ayeuna kabawah ka Kabupaten Ciamis, dipusarakeun di Nusa Larang Situ Lengkong. /Nanang/Galura

GALURA –Salila 149 tahun, saabad satengah kurang sataun, Kawali nu jaman kiwari pernahna di Kabupaten Ciamis jadi puseur Karajaan Sunda Galuh. Hartina mungguh tempat, Kawali teh dipandang strategi, boh tina jihad pamarentahan, ekonomi, boh tina tina jihad militer.

Kawali dina abad ka-14, ngageser kalungguhan Galuh (Barunay, ayeuna kabawah ka Kabupaten Ciamis) jeung Saunggalah (Kuningan) nu samemehna dipake puseur karajaan. Kawali posisina strategis lantaran pernahna di tengah-tengah segi tiga Gunung Galunggung, Saunggalah jeung Galuh. Nu matak Kawali dijadikeun puseur Karajaan Sunda Galuh.

Tilu urang raja Karajaan Sunda Galuh: Rakeyan Gendang gelarna Brajawisesa (989-1012 Masehi); Prabu Langlangbumi nu mibanda gelar Sang Mokténg Kerta (1065 - 1155); Mahaprabu Darmakusuma atawa Sang Mokténg Winduraja (1157 - 1175), dimakamkeun atawa dipusarakeun di Winduraja nu ayeuna asup ka Kecamatan Kawali Kabupaten Ciamis.

Baca Juga: Galura Cetak III Juni 2023, Astana Gede Kawali Payus Dijadikeun Ekomuseum

Puseur pamarentah atawa puseur dayeuh karajaan condong ka wetan (ti Pakuan Pajajaran) geus tembong ti jaman Prabu Ragasuci (1297-1303). Prabu Ragasuci nu jeneng jadi ngaganti bapana (Prabu Darmasiksa), henteu terus pindah. Tapi angger di Saunggalah, ongkoh deui tadina geus nyekel kalaungguhan di Saunggalah.

Ragasuci ceuk para sajarawan saenyana lain putera mahkota. Putra mahkota karajaan teh lanceukna nu ngaranna Rakeyan Jayadarma. Pustaka Rajyatajya i Bhumi Nusantara parwa II sarga 3, nyebutkeun Jayadarma teh minantu Mahisa Campaka di Jawa Timur. Inyana ngadahup ka Dyah Singamurti nu leuwih dipikawanoh ku sebutan Dyah Lembu Tal.

Pustaka Rajya Rajya i Bhumi Nusantara nulis Jayadarma jeung Dyah Lembu Tal boga seuweu nu ngaranna Sang Nararya Sanggramawijaya atawa leuwih dipiwanoh ku ngaran Raden Wijaya. Sang Nararya lahir di Pakuan. Dyah Lembu Tal ku Rakean Jayadarma dibawa ka Pakuan, lantaran Rakean Jayadarma digadangkeun jadi raja.

Rakean Jayadarma tilar ngora keneh. Dyah Lembu Tal sanggeus ditinggalkeun maot ku Jayadarma teu daekkeun dumuk di Pakuan. Urang Pakuan teu bisa maksa, ahirna Dyah Lembu Tal jeung Wijaya diantarkeun ka Jawa Timur. Dina Babad Tanah Jawi, Wijaya disebut Jaka Susuruh ti Pajajaran nu saterusna ngadegkeun Karajaan Majapahit.

Baca Juga: Galura Cetak Edisi IV Juni 2023, Nagarajaya, Silib, Siloka, Palsapah ti Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis

Ku sabab Wijaya nu dumasar tradisi karajaan harita boga hak jadi putra mahkota dumuk di Jawa Timur, di Pakuan taya putra mahkota. Prabu Darmasiksa tuluy ngangkat Citraganda jadi putra mahkota. Citraganda teh seuweuna Prabu Ragasuci, prameswarina Dara Puspa, putri Kerajaan Melayu, adina Dara Kencana, prameswari raja Singosari, Kertanegara.

Citraganda cicing di Pakuan jeung akina. Sanggeus Prabu Darmasiksa tilar, pikeun saheulanan Citragangga jadi raja daerah di Pakuan lilana genep taun. Harita, raja Sunda dicangking ku bapana, Ragasuci, di Saunggalah. Ragasuci tilar, Citragangga jadi raja Sunda (1303-1211) sarta puseur dayeuhna di Pakuan, henteu di Saunggalah.

Citragangga tilar sarta dipusarakeun di Tanjung. Anu ngagantina seuweu cikalna, Lingga Dewata. Teu jentre di mana puseur dayeuh karajaaanana bisa jadi di Kawali. Ngan anu jelas, waktu karajaan dicangking ku Prabu Ajiguna Wisesa (1333-1340), minantu Citragangga, puseur karajaanana di Kawali, lain di Pakuan atawa di Saunggalah.

Kitu sababna ti taun 1333 tepi ka taun 1482, puseur dayeuh Karajaan Sunda Galuh di Kawali. Kalungguhan Kawali jadi puseur karajaan, ditulis dina prasasti nu tempatna ayeuna dipiwanoh ku sebutan Situs Astana Gede. Ngaran Kawali diabadikeun dina prasasti titinggal Prabu Niskala Wastukancana.

Baca Juga: Sri Baduga Maharaja Mindahkeun Puseur Karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran, Sangkan Maritimna Kuat

Dina Prasasti Kawali I ditulis “mangadeg di kuta Kawali” (nu nyekel pamarentahan di Kawali) sarta karatonna dingaranan Surawisesa. Karaton Surawisesa teh “dalem sipawindu hurip” (karaton nu matak nengtremkeun hirup). Kawali teh dijadikeun puseur karajaan, karajaan hasil univikasi Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh.

Pikeun leuwih ngungkab kalungguhan Kawali jaman harita, panalungtikan di wewengkon Kawali kudu leuwih dihangkeutkeun sarta ulah museur teuing di Astana Gede, tapi kudu leuwih dilegaan. Tempat-tempat anu dianggap situs bisa disebutkeun loba di wewengkon Kawali jeung sabudeureunana.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah