Pamanggih Lianna: Urang Kanekes atawa Baduy Asalna ti Banten Kaler nu Narah Biluk ka Sultan Maulana

- 5 Maret 2023, 11:00 WIB
Urang Kanekes atawa Baduy di Desa Kanekes, Kecamatan Leuwidamar, Kabupaten Lebak, Banten. Aya nu nyebutkeun asalna ti Banten kaler.
Urang Kanekes atawa Baduy di Desa Kanekes, Kecamatan Leuwidamar, Kabupaten Lebak, Banten. Aya nu nyebutkeun asalna ti Banten kaler. /

GALURA -Yacob jeung Meijer J.J. nyebutkeun urang Kanekes atawa Baduy, salahsahiji kampung adat di Provinsi Banten, di Desa Kanekes, Kecamatan Leuwidamar, Kabupaten Lebak,  asalna mah ti  Banten kaler.

Masarakat di Banten kaler nu narah kapangaruhan ku Sultan Bantenna Maulana Hasanuddin. Ku sabab teu mampu ngabendungna, terus lalumpatan ka pagunungan Kendeng nu mencil hara-haraeun sarta ayeuna disarebut urang Kanekes atawa urang Baduy.

Kusmen jeung Penning mah nyebutkeun urang Kanekes atawa urang Baduy teh warga Banten asli nu masih turunan Pajajaran tapi kadéséh ku Maulana Hasanuddin dina abad ka-16.

Baca Juga: Harti Sunda dumasar Pantun Bogor: Suci, Nyampurnakeun

Lalumpatanana sabubuhan-sabubuhan, nu matak ayeuna, di Kanekes, aya nu disebut Kampung Dangka, kampung diluareun Kanekes, tapi masarakatna ngaku saturunan jeung urang Kanekes.

Ceuk urang Kanekes mah béda deui. Urang Kanekes yakineun jeung percayaeun, dirina geus nempatan wewengkon Pagunungan Kendeng geus ti jaman Nabi Adam mula.

Urang Kanekes mandang Kanekes téh tempat asal manusa dilahirkeun ka dunya. Tempat anu pangheulana dicicingan ku manusa Cikeusik, terus Cikertawana, ti dinya Cibéo.

Ku sabab beuki lila cacah jiwana beuki nambahan, pakampunganana ngalegaan lantaran pangeusi Cikeusik, Cikertawana jeung Cobéo aya nu pindah ka wewengkon sejen, ngababakan.

Baca Juga: Anis Jatisunda: Dina Agama Sunda Pajajaran Aya Sadat Sunda

Pangeusi babakan teu pati tuhu teuing kana katangtuan adat sarta disebut Panamping. Béda jeung Cikeusik, Cikertawana katut Cibéo, disebutna ogé Kampung Tangtu.

Urang Kanekes teu mikawanoh anu ngaranna Pajajaran jeung Prabu Siliwangi, dua ngaran nu kacida pisan populérna di masarakat Sunda, kaasup di Banten.

Ku kituna, mun mémang enya urang Kanekes asalna ti Pajajaran nu ngingkahan prajurit Banten, piraku teu wanoh ka ngaran Padjadjaran jeung Prabu Siliwangi.

Antropolog ti Unpad Bandung, Prof. Dr. Yudhistira K. Garna suargi nyebutkeun pikeun ngungkab asal-usul urang Kanekes, bisa ditingali tina rahang (caréham)-na.

Baca Juga: Ceuk Carita Parahyangan, Agama Sunda geus Diagem Samemeh Urang India Daratang

Dumasar hasil panalungtikan rahang ieu, rahang urang Kanékés tétéla béda jeung rahang umumna urang Banten. Ngandung harti urang Kanékés tadina lain urang Banten Kaler.

Lebah dieu bisa jadi pangakuan urang Kanékés dirina geus nyicingan pagunungan Kendeng geus ti baheula mula atawa ceuk kapercayaan urang Kanékés mah geus ti jaman Nabi Adam, teu nyalahan.

Paling henteu urang Kanékés téh tadina lain urang Pajajaran atawa Banten Kaler nu kakaburan alatan kadéséh ku Maulana Hasanuddin.

Masarakat Kanekes saenyana mikawanoh sahadat nu disebut Sahadat Sunda nu di Kampung Tangtu jeung di Kampung Panamping béda. Najan kitu, intina mah sarua.

Urang Kanekes ngaku kana kaésaan Allah jeung ngaku ayana Nabi Muhammad saw. Ngan cenah urang Kanekes karek tepi kanan Sahadat.

Saéstuna pikeun ngungkab asal-usul urang Kanekes ti urang Kanekesna sorangan lain pagawéan gampang. Ti baheula tepi ka ayeuna, urang Kanekes rada hararésé ngungkab jati dirina. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah