Akip Prawirasuganda Marajian Lambang Provinsi Jabar, Moto Provinsi Jawa Barat jeung Moto Kodam Siliwangi

- 2 Maret 2023, 12:00 WIB
Akip Prawirasuganda jeung istrinya. Akip Prawirasuganda Marajian Logo Provinsi Jabar, Moto Provinsi Jawa Barat jeung Moto Kodam Siliwangi.
Akip Prawirasuganda jeung istrinya. Akip Prawirasuganda Marajian Logo Provinsi Jabar, Moto Provinsi Jawa Barat jeung Moto Kodam Siliwangi. /Nanang S/Galura

GALURA -Akip Prawirasuganda milu marajian lahirna Lambang Provinsi Jawa Barat jeung Moto Provinsi Jawa Barat. Akip Prawirasuganda oge milu marajian Moto Kodam Siliwangi: Esa Hilang Dua Terbilang.

Keur ngajenan kana jasa-jasana nu lian ukur marajian Lambang Provinsi Jawa Barat, Moto Provinsi Jawa Barat jeung Moto Kodam Siliwangi, Ir. Soekarno, netepkeun ngaran salahsahiji jalan protokol di Kota Bandung ku ngaran Jalan Akip Prawirasuganda.

Akip Prawirasuganda kalendep ku Presiden Soekarno, atuh jeung pamarentahan Provinsi Jawa Barat oge jadi raket. Eta sababna Akip diajak milu tim waktu Jawa Barat rék nyieun Lambang Provinsi Jawa Barat jeung Moto Provinsi Jawa Barat. Kitu deui waktu Kodam Siliwangi rek netepkeun Moto Kodam Siliwangi.

Baca Juga: Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

Deukeutna Akip Prawirasuganda jeung tentara Siliwangi, sabab Akip lir geus sahate jeung tentara Siliwangi. Lain ukur tentara di Jawa Barat make ngaran Siliwangi tapi oge salasahiji putrana, Hidayat, lahir 5 April 1931, sakumaha ceuk Akip dina buku kenang-kenanganana, ilang dina waktu ngabaktikeun dirina jadi tentara.

Kabinangkitan Akip Prawirasuganda teu kungsi suda. Lain ukur aktif jeung merhatikeun kasundaan katut sajarah, Akip oge nulis sababaraha buku.

Naskah tulisanana nu masih aya nepi ka kiwari di ahli warisna sarta diteundeun kalayan hade: Negri Bandung, Sajarah Dayeuh Bandung, Sajarah Berdirinya Kota Bandung, jeung Uga Bandung.

Robahna jaman, iti kurih Akip dina tim nu ngawujudkeun lambang jeung moto Provinsi Jawa Barat, ayeuna mah geus teu dipikawanoh deui. Jalan Akip Prawirasuganda di Kota Bandung sanggeus Presiden Soekarno tilar oge diganti ku pamarentah Kota Bandung.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah