Sabada Sakola Istri ngadeg bari guruna ngan tiluan ( Raden Dewi Sartika, Ibu Purma, jeung Ibu Uwit), awitna rea pihak nu teu panuju kana eta sakola.
Ngan lila ti lila, Sakola Istri meunang rojongan nu rea, kaasup ti pamarentah. Pamarentah Walanda harita samalah kacida bungahna ningali aya wanoja nu pikiranna maju.
Eta pamuji teh upamana kaluar ti J.H. Abdendanon, Cora Vreede de Stuers, jeung Gubernur Jenderal Idenburg nepi ka Raden Dewi Sartika meunang pangajen bintang perak jeung bintang emas.
Baca Juga: Desa Tigaherang Rajadesa, Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Jawa Barat
Mingkin lila, Sakola Istri mingkin mekar wae. Materi ajarna ge nambahan. Lain war katerampilan jeung kasehatan, tapi katambahan ku atikan ngeunaan agama.
Dina taun 1910, ngaran Sakola Istri diganti jadi Sakola Kautamaan Istri nu sakolana nyebar di sawatara tempat di Tatar Sunda. ***