Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

- 14 Februari 2023, 11:59 WIB
Patilasan Prabu Siliwangi di Leuweung Pajajar Rajagaluh, Kabupaten Majalengka. Karajaan Rajagaluh  nu diadegkeun ku Dewa Niskala lain dongeng.
Patilasan Prabu Siliwangi di Leuweung Pajajar Rajagaluh, Kabupaten Majalengka. Karajaan Rajagaluh nu diadegkeun ku Dewa Niskala lain dongeng. /

Teu saeutik pakta sejarah nu tadina tradisi lisan nu dianggap dongeng, upamana wae ngeunaan Perang Troya di Romawi kuna.

Arkeolog ti Balai Arkeologi (Balar) Bandung, Lufti Yondri, nyebutkeun keur nangtukeun hiji tempat atawa wewengkon ngandung ajen sajarah henteuna bisa ditengerkeun tina legenda masarakat satempat.

Unggal situs sejarah, tempat nu ngandung ajen sajarah, pasti aya legendana, aya riwayatna. Di mana-mana kituna teh.

Di wewengkon Rajagaluh kaasup patempatan nu dianggap titinggal Karajan Rajagaluh oge alusna mah dipake titincakan pikeun panalungtikan sejarah jeung arkeologi.

Saha nu apal hasil panalungtikanana bisa nguatkeun di wewengkon Rajagaluh kungsi ngadeg karajaan, Karajaan Rajagaluh, karajaan bawahan Pajajaran.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah