Tahu Bungkeng, Salasahiji Panaratas Industri Tahu Sumedang

- 3 Februari 2023, 17:30 WIB
Tahu Bungkeng nu naratas tahu di Sumedang/ FB
Tahu Bungkeng nu naratas tahu di Sumedang/ FB /

 

GALURA - Tahu Bungkeng geus kakoncara minangka tahu oleh-oleh has Sumedang.

Salila ieu Sumedang katelah minangka kota tahu, nu onjoy salasahijina tahu Bungkeng.

Mun pareng ngajugjug Sumedang, lian ti nyimpang ka tahu Bungkeng, asa aya nu kurang mun mulangna teu mawa oleh-oleh tahu teh.

Baca Juga: Caringin Juliana boom Rungkad Taun 1942, dina Mangsa Sarua Kakawasan Walanda Pindah ka Jepang

Kaolahan rupaning kuliner tahu di Sumedang, saeutik gedena geus nguniangkeun paekonomian rakyat.

Tah, ari carita ngeunaan kamekaran Tahu Bungkeng nu ngawarnaan industri tahu Sumedang mah, bisa dimimitian waktu Ong Kino mulang deui ka Tionghoa, usahana teh dituluykeun ku anak-incuna.

Ong Kino naratas usaha nyieun tahu sumedang di Jalan 11 April Nomer 53, Sumedang.
Basa ngamimitian datang, kaayaan Sumedang kota sepi keneh.

Baca Juga: Alun-Alun Bandung Baheula Kungsi Dipake Tempat Ngadu Domba jeung Maenbal

Munggaran usaha mah dagang kiripik aci, laju taun 1917 kana tahu.

Mangsa Jepang, kedele dijatah ku tentara Jepang.

Mroduksina ge masih tradisional, di tempat usaha nu bareto mah katelah Jalan Tegal Kalong, Kalurahan Kota Kaler.

Tahu hasil produksi Ong Kino dijual ka kampung-kampung.

Baca Juga: Program Petani Milenial, Pemdaprov Jabar: Perang Rusia Ukrania Matak Ngateugkeun

Taun 1955, angkutan umum geus rame. Mimiti ngajual di terminal beus atawa oplet.

Eta usaha tahu sumedang dituluykeun ku anakna Ong Kino, nyaeta Ong Bung Keng (1901-1993).
Usaha tahu mingkin mekar, miboga rasa has, kajojo, tur dibere label Tahu Bungkeng.

Sumedang ge mingkin mekar, rame, ekonomi beuki nguliat.

Taun 1970-1980, kamekaran bisnis tahu sumedang laju ngaronjat.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Kitu deui Tahu Bungkeng ge ngaronjat, nu dina taun 1950-an sapoena teh 16 kg-20 kg kedele, undak jadi 50 kg-60 kg sapoena, kalawan ngahasilkeun 2.000 tepi ka 3.000 tahu.

Puncak kajayaan Tahu Bungkeng taun 1992.

Harita, sapoena teh 100 kg kedele, tur ngahasilkeun 7.000 tahu.

Taun 1996, anakna Ong Bung Keng, nyaeta Ukim, nuluykeun usaha Tahu Bungkeng.

Baca Juga: Walangsung Ngababakan, Jadi Panguasa tapi Angger Babakti ka Pajajaran

Saengan tahu sumedang beuki loba. Ka dieunakeun mah produksi Tahu Bungkeng sapoena teh 4.500-5.000 tahu. Dijualna di sababaraha outlet, kaasup nu di Jalan 11 April, Sumedang.

Sumedang jadi katelah minangka kota tahu, nu mibanda rasa nu has, matak deudeuieun.
Usaha tahu di Sumedang nu salasaurang panaratasna teh Ong Kino.

Kiwari meh ampir di sapaparat jalan di Sumedang ngadeg jongko tahu sumedang.

Baca Juga: Karajaan Munggaran di Cirebon nu Ngadegkeunana Walangsungsang, Rundayan Galuh Kawali

Teu saeutik nu muka usaha tahu sumedang teh maranehanana nu kungsi digawe di pabrik Tahu Bungkeng. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah