Prabu Nusia Mulya Dua Welas Taun Mertahankeun Pakuan Pajajaran

26 Desember 2023, 16:30 WIB
Batu Palangka Sriman Sriwacana, tempat ngistrenan raja-raja Pajajaran. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Prabu Ragamulya Suryakancana nu oge disebut Prabu Pucuk Umun Pulasari alias Nusia Mulya, nyangking kalungguhan jadi raja di Pajajaran lilana 12 taun, 1567-1579 M.

Inyana teh raja pamungkas Pajajaran,  taun 1579 M, Karajaan Pajajaran carem, dirurug ku Banten jeung balad-baladna nu nganut politik tumpes kelor.

Nusia Mulya jeneng jadi raja sabada Prabu Nilakendra tilar. “Dumasar Kropak 406, salila neyekel pamarentahan, Prabu Ragamulya Suryakancana henteu cicing di puseur dayeuh Pakuan Pajajaran, tapi di Pulasari, ayeuna wilayah Pandeglang,” ceuk Undang Darsa, filolog ti Unpad Jatinangor Semdang.

Baca Juga: Karamat Talun Kabupaten Cirebon Patilasan Pangeran Cakrabuana Mbah Kuwu Sangkan

Eta  sababna, Prabu Ragamulya atawa Nusia Mulya disebut oge  Pucuk Umun Pulasari. Tempat dumukna teh di tutugan Gunung Pulasari.

Ku sabab cicing di dinya, jaman Nusia Mulya puseur Pajajaran saenyana mah lain di Pakuan Pajajaran, tapi di Pulosarai. Ngan meureun teu kaambeu ku Banten jeung balad-baladna.

Kawasna Prabu Raga di Pulosari henteu nembongkeun dirina raja, tapi nyamur jadi resi. Atribut karajaan henteu dipake. Naha make cicing di wewengkon nu deukeut ka puseur Karajaan Banten?

Sigana strategi. Banten moal nyangkaeun raja Pajajaran ngungsi ka wewengkon nu deukeut ka puseur dayeuh Banten.

Baca Juga: Salasahiji Keris Gagaman Pangeran Diponegoro, Keris Naga Siluman

Lian ti strategi nyumput di  nu caang, Prabu Ragamulya hayang nyirnakeun pikir jeung raga di tempat keur ngahontal jatining diri, tempat ngahontal manusa mulya, eta sababna disebut Nusia Mulya jeung Ragamulya.

Pulasari dianggap tempat ngahontal darajat manusa nu bener-benet manusa nu beresih tina rereged kasalahan.

Di Pakuan Pajajaran, para senopati jeung prajurit Pajajaran satekah polah nadah panarajang pasukan Surasowan Wahanten jeung pasukan Pakungwati Cirebon.

Lila oge bisa asup ka lelewek Pakuan Pajajaran teh. Kurang leuwih nungguan 12 taun, Banten jeung Cirebon bisa nalukkeun Pakuan Pajajaran teh.

Baca Juga: Barendelan Lululuhur Ciamis  jeung Tasikmalaya, Luluhur Satempat jeung Satingkat Raja Wilayah

Lamun tea mah Jaya Anthea, salasaurang gegeden Pakuan Pajajaran henteu hianat, henteu ngabejakeun rusiah strategi pasukan Pajajaran dina mertahankeun Pakuan Pajajaran, Banten jeung Cirebon merelukeun waktu nu leuwih lila pikeun nalukeun Pajajaran teh.

Cenah mah ku Banten, Jaya Anthea rek dijadikeun raja di Pajajaran. Ngan sanggeus Pajajaran runtag, ku Banten Jaya Anthea teu diangkat jadi raja malah disilibkeun ka tempat mencil.

Jaya Anthea dina Pantun Bogor disebutkeun mikahayang Dewi Mayangsari, siwi Nusia Mulya, ngan ditolak sapajodogan. Dewi Mayangsari kawinna ka Rakean Kalang Sunda.

Waktu Pakuan Pajajaran bisa direbut, Rakean Kalang Sunda gugur, waktu ngajaga jeung nangtayungan Dewi Mayangsari nu harita keur kakandungan.

Baca Juga: Luluhur Sunda di Wewengkon Limbangan Garut, Jumlahna Ngaratus

Undang Darsa nyebutkeun Pajajaran sirna ing bhumi ing ekadaci cuklapaksa Wesakhamasa saharsa limangatus punjul siki ikang cakakala.

(Pajajaran sirna ti alam dunya tanggal 11 bagean caang bulan Wesaka taun 1501 Saka). Meneran tanggal 11 Rabiul`awal 987 Hijriah, nu dina bulan Masehi  tanggal 8 Mei 1579.

Pasukan Banten jeung Cirebon ceuk sakaol ngahuru karaton Pakuan Pajajaran tepi ka teu nyesa. Ari ceuk paraahli kabatin mah karaton Pakuan Pajajaran disumputkeun sacara gaib tepi ka ayeuna.

Kamampuan nyumputkeun hiji bangunan atawa tempat lain ukur carita, tapi jaman perang kamerdekaan oge ngabukti.

Waktu pasukan Siliwangi kudu hijrah ka Yogyakarta, di antarana ngaliwat ka Cisaga, Kabupaten Ciamis. Aya pasukan nu ditinggalkeun di Cisaga, henteu kabeh ka Yogyakarta.

Baca Juga: Karajaan Banten Sabada Pajajaran Burak, Karaton Surosowan Diancurkeun ku Daendels

Hiji mangsa Walanda ngaroris ka Cisaga, tapi Walanda henteu bisaeun nempo imah nu dipake markas tentara Siliwangi, katempoeunana teh pakebonan.                  

Undang Darsa nyebutkeun pasukan Banten jeung Cirebon henteu ngagomeng-gomeng barang-barang titinggal Pajajaran nu luhung ajenna nu jadi simbul karajaan.

Prasasti Batutulis jeung patung Ki Purwakali henteu diancurkeun. Kitu deui Watugilang Sriman Sriwacana, tempat ngistrenan raja-raja Pajajaran, malah dibawa ka Banten.

Ari Makuta Binokasih Sanghyang Pake mah memeh Pakuan Pajajaran direbut ku Banten oge geus dibawa ka Sumedanglarang sarta dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun.

Baca Juga: Situs Pasir Pantun Sukadana Ciamis, Nanggap Pantun Kajadian Musibat

Ceuk sakaol, Jaya Perkosa nu ditugaskeun mawa eta mahkuta nyieun heula duplikatna. Anu dipasrahkeun ka Geusan Ulun mah duplikatna.

Dayeuhan (padumuk) Pakuan Pajajaran ngarungsi ka kidul, ka Bayah jeung ka Cisolok. Ngababakan di tempat anyar nu kiwari jadi kampung adat, di antarana kampung Gelar Alam.

Kean Santang, putra mahkota, lumpatna ka Pagunungan Kendeng di Banten Kidul, ngagabung jeung masarakat Kanekes atawa Baduy.

Nusia Mulya jeung Panembahan Yusuf salila jadi raja saenyana sanasib, ngan beda jalan. Nusia Mulya salila 12 taun nahan panarajang pasukan Banten jeung Cirebon keur mertahankeun Pakuan Pajajaran.

Ari Panembahan Yusuf satekah ngarebut Pakuan Pajajaran, tangtui wae kudu ngaluarkeun waragad nu lain saeutik.

Nusia Mulya leuwih lila jadi raja batan Panembahan Yusuf. Nusia Mulya mah 12 taun (1567-1579 Masehi), ari Panembahan Yusuf 10 taun (1570-1580 Masehi).

Kurang leuwih satuan sanggeus Pakuan Pajajaran sirna, Panembahan Yusuf tilar. Mun nyekel pamanggih Pajajaran runtag taun 1580, Panembahan Yusuf tilarna sataun reujeung jeung runtagna Pajajaran.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler