Jaman Pajajaran, Angklung kungsi Dipake Musik Perang

14 November 2023, 13:00 WIB
Angklung buhun Kanekes ngabuktikeun angklung geus aya jauh samemeh Karajaan Pajajaran. Jaman Pajajaran angklung dipake musik perang. /kabarbanten/com

GALURA.CO.ID -Angklung jaman Sunda Galuh kungsi dipake musik perang, ditabuh keur nyumangetan prajurit nu keur maju di medan lagu. Di antarana wae dina Perang Bubat di Majapahit waktu Prabu Linggabuana rek ngawinkeun siwina ka Hayam Wuruk.

Najan jumlahna saeutik, prajurit Sunda mampu nembongkeun wewesenna tepi ka hese diperuhkeunana. Kitu deui Prabu Lianggabuana. Kabeh oge nembongkeun kateuneung jeung kaludeungna. Sumangetna ngabebela di antarana alatan ngageder musik angklung.

Prabu Linggabuana gugur di Bubat, kitu para pajuritna. Ngaranna seungit nyambuang ka sakuliah Nusantara. Prabu Linggabuana dijulukan Prabu Wangi, raja nu mertahankeun harga diri jeung kahormatan karajaan.

Baca Juga: Bebebegig Sukamantri  Ciamis, Pasukan Prajurit Jaman Karanggantungan

Prabu Linggabuana, narah dicacampah ku nagara sejen, sok sanajan eta nagara keur jugala, keur pada ngambeuan di wilayah Nusantara. Komo deui apan Sunda mah tacan dikawasa ku Majapahit, tacan dirurug ku pasukan Gajah Mada.

Balik deui kana angklung, saenyana angklung awalna salasahiji alat tatabeuhan nu dipake dina upacara atawa nu ritual nu aya patalina jeung pare, keur ngahormat Nyi Pohaci atawa dina budaya Jawa mah: Dewi Sri.

Beh dieu, angklung ditabeuh dina ritual kaagamaan. Tina kituna angklung jaman Karajaan Sunda Galuh jeung jaman Pajajaran tacan jadi waditra kesenian nu ditabeuh dina pagelaran.

Jaman Karajaan Sunda Galuh tepi ka jaman Pajajaran, angklung jadi waditra musik korps prajurit karajaan. Musik keur nambahan sumanget, kawani, jeung kateuneung prajurit, teu beda jeung musik korps tentara jaman kiwari.

Baca Juga: Lain ukur Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

Dina Perang Bubat angklung ditabeuh keur ngagedurkeun jiwa tempur prajurit Sunda Galuh nu nyanghareupan prajurit Majapahit nu jumlahna leuwih rea.

Jaman Pajajaran oge angklung masih dipake musik korps prajurit, kaasup keur nyanghareupan gempurang pasukan Banten jeung balad-baladna. Alatan angklung, welasan taun prajurit Pajajaran mampu mertahankeun puseur dayeuh Pakuan Pajajaran.

Mun Jaya Antea, senopati Pajajaran henteu hianat mah, biheng iraha Pakuan Pajajaran bisa direbut ku Banten. Ceuk sakaol Jaya Antea teh ngunek-ngunek pedah cintana ditolak ku Dewi Mayangsari.

Tanda-tanda Jaya Antea rek hianat geus tembog ti anggangna. Jaya Antea mindeng ngaku-ngaku Kean Santang, putra mahkota Pajajaran. Kumaha nasib Jaya Antea sanggeus Pakuan Pajajaran runtag? Banten “merenan” Jaya Antea. Alesanana: nu hianat bakal hianat deui, kaasup ka Banten.***

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler