Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Niskala Wastu Kancana

6 September 2023, 08:40 WIB
Darto Pujarsono, kuncen, di hareupeun patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban, Desa Bunter, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis.* /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Di Kampung Cibangban, Desa Bunter, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis loba titinggal sejarah. Di antarana patilasan Eyang Dalem Arya Kancana, di ponclot pasir nu teu pati luhur. Paeunteung-eunteung jeung masjid jami Kampung Cibangban, sisi jalan Gardu-Cisaga, mun.

Di sisi jalan aya gapura sarta aya tulisan Situs Dalem Arya Kancana. Jalan ngajugjug ka ponclot nanjakna netek, ditangga-tangga, aya kana 60 tangga. Tadina mah ukur dibatu. Ku pokalna Yadi Haryadi, kepala dusun Cibangban, tanggana ditembok.

Darto Pujarsono, kuncen Situs Pecat Dudukuy, nyebutkeun dina lahan nu legana sagemblengna dua hektaran, aya tilu makam. Nu pangluhurna mah hiji, makam Dalem Arya Kancana atawa disebut oge Arya Suryakancana., dua deui rada handap makam pangiringna nu teu dipiwanoh ngaranna.

Baca Juga: Toponomi Sadananya Kabupaten Ciamis Ceuk Tradisi Lisan Dumasar kana Sipat Wargana

Saha ari Eyang Dalem Arya Kancana teh? “Anjeunna saur sakaol mah kawitna ti Solo, ti Mataram, dongkap ka dieu nyebarkeun agama Islam,” ceuk Darto Pujarsono, nu leuwih dipiwanoh ku julukanana: Bah Ujul.

Dalem Arya Kancana teh bangsawan di Pulo Jawa nu gede pangaruhna nu ngahaja dikirim ka wewengkon Cibangban. Inyana ngawanohkeun sistim pamarentahan. Memeh aya Dalem Arya Kancana mah taya pamarentahan nu ngatur hirup kumbuhna masarakat.

“Anu darongkap ka dieu sanes mung Eyang Dalem Arya Kancana, tapi oge nu sanesna,” ceuk Bah Ujul. Tokoh sejenna nu daratang ka Cibangban teh: Panita Nawang Wulan, julukan keur Sultan Bahar ti Cirebon; Panita Manantura atawa Sultan Hasanudin ti Banten.

Anu sejenna: Panita Malikul Hakim, julukan keur Sanggawulung nu asalna ti Solo. Kecap panita teh ceuk Abah Ujul, gelar keur jalma nu luhung elmu pangaweruh jeung masagi dina kabatinana.

Jaman Galuh

Ngeunaan eta tokoh-tokoh, kaasup Eyang Dalem Arya Kancana, ukur sakitu-kituna, tacan kakoreh saha-sahana jeung jujutanana. Ngan patokan keur maluruhna atawa ngira-ngirana mah aya katerangan taun nu ditepikeun ku akina Bah Ujul.

Akina Bah Ujul teh ngaranna Sukatmi Natadiharja nu dijulukan Aki Gandeng atawa Ayah Kapit. “Pun aki tilar taun 1995,” ceuk Abah Ujul. Keur aya keneh dikieuna, akina mindeng ngobrol soal patilasan nu aya di Cibangban.

Baca Juga: Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medan Perang

Ceuk akina teh, kabeh patilasan di Cibangban geus aya ti taun 1370 Masehi. Aya patalina jeung Galuh nu puseur karajaanana di Kawali. Cibangban ka Kawali anggangna aya kana 16 kilometer.

Dumasar babon sejarah Galuh, tepi ka taun 1370 anu jadi raja di Kawali teh Prabu Bunisora, nu nyuluran alona lantaran waktu lanceukna, Prabu Linggabuana, tilar di Bubat Majapahit, alona masih keneh budak, can meujeuhna jadi raja.

Alona Prabu Bunisora teh Niskala Wastu Kancana, diistrenan jadi raja taun 1371 Masehi. Jeneng jadi raja tepi ka taun 1475 Masehi. Eyang Dalem Arya Kancana teh bisa jadi Niskala Wastu Kancana nu kungsi ngalanglang wewengkon Cibangban.

TANGGA jalan ka patilasan Eyang Dalem Arya Kancana, lobana 60 tangga sarta jalanna netek.*

Eyang Dalem Kancana teh ngaran tokoh nu ngaruju ka Niskala Wastu Kancana. Teu beda jeung patilasan di Nusa Larang di Situ Lengkong Panjalu, di dinya aya makam atawa patilasan Hariang Kancana. Bisa jadi Hariang Kancana teh taya lian ti Prabu Niskala Wastu Kancana.

Dina naskah Carita Parahyangan (CP), disebutkeun Prabu Nisakala Wastu Kancana dipusarakeun atawa dikurebkeun di Nusa Larang, nusa hartina pulo.

Anu leuwih nguatkeunana, di Desa Ciomas, aya patilasan nu disebut Geger Omas. Prabu Bunisora mindeng nyepi dinya, tilar jeung dipusarakeun di Geger Omas.

Kumaha ngaran tokoh sejen nu bisa disebutkeun jaman beh dieu? Banten jeung Mataram kungsi parebut pangaruh di Priangan jeung di Cirebon.

Banten mah apan tepi ka ngarecah Kasultanan Cirebon jadi tilu: Kasepuhan, Kanoman, jeung Kacirebonan, sabab tadina pangaruh Mataram di Cirebon kuat pisan.

Baca Juga: Milangkala Kabupaten Majalengka Kuduna mah Bulan Februari, Fakta Sajarahna Kuat

Di sababaraha wewengkon di tatar Sunda aya patilasan nu dipatalikeun jeung Banten katut Mataram. Gede kamungkinan Nawang Wulan teh utusan Cirebon.

Manantura utusan ti Banten, Malikul Hakim utusan ti Mataram. Eyang Dalem Arya Kancana lain utusan ti Solo, tapi ngaruju ka Prabu Niskala Wastu Kancana.

Titincakan dugaan patilasan atawa situs Eyang Dalem Kancana raket patalina jeung Kawali, jeung Prabu Wastukana aya dua: Ngaran Dalem Kancana.

Lian ti eta katerangan Ayah Kapit suwargi nu nyebutkeun sakur patilasan di Cibangban titinggal taun 1370 Masehi, dina taun sakitu sajaman jeung Prabu Wastukancana.

Tacan resmi dijadikeun cagar budaya

Situs nu aya di Cibangban tacan aya nu diplangan Cagar Budaya. Hartina tacan diregistrasi ku Balai Pemeliharaan Cagar Budaya (BPCB) Serang Banten. Padahal eta teh penting pisan ngarah patilasan taya nu ngagunasika, taya nu ngaruksak, jeung ngarah dirumat.

Kepala Kampung Cibangban, Yadi Haryadi, ngaenyakeun patilasan di Cibangban tacan dicatet ku BPCB Serang. “Insya Alloh saenggalna diusulkeun,” pokna.

Di Cibangban nu bisa ditetepkeun jadi cagar budaya teh aya opat tempat: Situs Pecat Dudukuy, Situs Eyang Dalem Kencana, Leuweung Gede jeung Situs Titinggal.

Diregistrasina situs di Cibangban diperlukeun lantaran Cibangban dikembangkeun wisata alam jeung religi. Wisata alamna: hiking, off road, jeung trabas, di sabudeureun leuweung jati bogana Perhutani.

“Unggal sasih Mulud digelar ritual meresihan situs Pecat Dudukuy sareng situs Eyang Dalem Arya Kancana,” ceuk Yadi. Dilaksanakeun Senen Kaliwon atawa Kemis Kaliwon.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler