Perang Bubat dina Carita Lisan di Desa Luragung Landeuh, Aya Putri nu Teu Milu ka Majapahit

6 Juni 2023, 16:51 WIB
Makam Nyi Inten Galuh di Kecamatan Luragung Kabupaten Kuningan. Dina sejarah lisan di Luragung, aya 42 urang prajurit Galuh jeung saurang putri Galuh nu teu milu ka Majapahit. /

GALURA -Perang Bubat di Majapahit nu kajadianana diperkirakeun taun 1357 Maséhi tétéla di masarakat ogé dipikawanoh, lain ukur ditulis dina Pararaton, Kidung Sundayana, jeung dina Carita Parahyangan. Sejarah lisan di Desa Luragung Landeuh, Kacamatan Luragung Kabupaten Kuningan némbongkeun Perang Bubat téh pakta sejarah.

Perang Bubat di Majapahit, lain ngan ukur dipedar dina naskah-naskah kuna nu mindeng dijadikeun sumber sejarah: Pararaton, Kidung Sundayana, jeung dina Carita Parahyangan. Tapi ogé kapanggih dina sejarah lisan di masarakat Desa Luragung Landeuh, Kacamatan Luragung, Kabupatén Kuningan.

Pedaran sejarah lisan di Desa Luragung Landeuh beda jeung pedaran dina Pararaton, Kidung Sundayana jeung dina Carita Parahyangan. Henteu nyaritakeun Perang Bubat, tapi nyaritakeun prajurit Galuh jeung putri karaton nu teu diajak ka Majapahit.

Baca Juga: Pajajaran Runtag di Tatar Galuh Ngadeg Karajaan Galuh Salawe, Ngarundaykeun Bupati Galuh Ciamis

Urang Désa Luragung Landeuh nyebutkeun waktu rék ngawinkeun siwina, Dyah Pitaloka atawa Citra Resmi ka Hayam Wuruk, Prabu Linggabuana ngajugjug Majapahit maké kapal laut ti palabuhan Muarajati Cirebon.

Ti Kawali, puseur dayeuh Karajaan Sunda Galuh, rombongan Prabu Linggabuwana maké jalan darat. Ti Kawali tepi ka Muharajati dikawal ku 42 urang prajurit petingan.

Ngan ku sabab ka Majapahitna lain rék perang, prajurit nu 42 urang katambah ku saurang putri nu teu weléh babarengan jeung Dyah Pitaloka teu terus diajak balayar. Kacida pisan handeueuleunana. Tapi teu bisa majar kumaha lantaran paréntah raja.

Ku Prabu Linggabuwana, 42 urang prajuritna sina ngadagoan bari ngajaga tapel wates karajaan di lebah Cipamali, walungan nu kiwari jadi tapel wates Jawa Barat jeung Jawa Tengah di Pulo Jawa beulah kalér. Meunang pancén kitu ti rajana, para prajurit sok jurit peuting di lelewek Cipamali.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Mulang deui ka Kabupaten Galuh, Sejarah Galuh Bagian Awal Leubeut ku Mitos

Nganti iber ti Majapahit

Para prajurit mun  pareng aya sudagar nu tas balayar ti wétan teu weléh nananyakeun ngeunaan rombongan Prabu Linggabuana. Para prajurit ngarasa melang ka raja jeung ka rombonganana, bisi meunang bancang pakéwuh, najan ka wétanna lain rék perang atawa ngaréngsékan pasualan, tapi rék ngawinkeun putri raja.

Saenyana waktu narima lamaran ti Hayam Wuruk, di karaton Surawisésa nu cenah pernahna di tempat nu ayeuna dipaké SMP I Kawali, hareupeun lapang sépak bola, para pangagung loba nu teu satujueun Dyah Pitaloka dika­winkeun di Majapahit.

Pangna teu satujueun pedah ngarempak purbatista-purbatisti (katangtuan) Sunda. Teu ilahar awéwé kawin di tempat lalaki. Pangagung karajaan di antarana Bunisora Suradipati, adina Prabu Linggabuana, mépélingan sangkan lanceukna teu buru-buru narima lamaran Hayam Wuruk.

Bisi di satukangeun lamaran aya maksud-maksud nu nyamuni. Harita, cenah, kakawasaan Majapahit nungkeb wilayah Nusantara, ukur Sunda nu can dikawasa téh.

Baca Juga: Sri Baduga Maharaja Mindahkeun Puseur Karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran, Sangkan Maritimna Kuat

Kurang leuwih sabulan nganti béja, para prajurit nu 42 urang hiji mangsa meunang béja ti saurang sudagar nu kakara balik ti wétan. Éta sudagar téh nyaritakeun kajadian nu tumiba ka rombongan Prabu Linggabuana kabeh perlaya di Bubat ku pasukan Majapahit.

Prabu Linggabuwana nolak siwina dijadikeun upeti sakumaha paménta urang Majapahit.

Di lapang Bubat, rombongan Prabu Linggabuana dirempug ku prajurit Majapahit nu jumlahna tepi ka ngarébu. Prabu Linggabuwana jeung pangiringna, najan sakumaha masagina dina élmu béla diri, ahirna bobor karahayuan.

Di antara rombongan Prabu Linggabuana nu teu gugur teh Arya Panaragan, kapercayaan Pakuan Pajajaran nu ditugaskeun ngajejeran Prabu Linggabuana. Ngan teu mulang deui ka Pajajaran, anggur ngalalana di Jawa Timur, sarta nyiprakeun kasenian nu ayeuna dingaranan Reog Ponorogo.

Prajurit Galuh wera

Ngareungeu béja kitu, prajurit nu teu bisa milu ka Majapait téh ambekeun kacida. Ambek kapegung, jeung nalangsa pedah teu bisa buméla ka rajana jeung teu bisa males pati. Pamikirna, meureun mun loba prajurit nu milu ka Majapahit mah, Prabu Linggabuana jeung siwina bisa disalametkeun, bisa balayar deui ka Kawali.

Putri pangiring Dyah Pitaloka mah tepi ka ceurik eueuriheun. Ku sabab euweuh dagoaneun deui lantaran raja jeung rombonganana gugur di palagan Bubat, paraprajurit téh terus balik ka Kawali seja ngabéjaan urang karaton.

Salila di perjalanan muru Kawali, paraprajurit gawéna murang-maring baé. Ari putri karaton, da puguh awéwé cipanonna teu weléh murubut.

Gering parna

Di satengahing lalampahan di lebah Luragung Landeuh ayeuna, putri ti Kawali téh katarajang gering parna. Sigana kaleleban ku Dyah Pitaloka, dununganana.

Para prajurit kacida pisan bingungeunana. Saurang aki-aki nu katelahna Suramanggala nyobaan ngubaran, ngan ku sabab kasakitna geus parna antukna eta putri tilar.

Anu dianggap makam putri pangiring Dyah Pitaloka perenahna di Désa Dukuhmaja, désa pamekaran ti Luragung Landeuh, masih kabawah Kecamatan Luragung.

Ku urang dinya disebutna makam Nyi Inten Galuh, pédah asalna ti Galuh, ti Kawali. Tepi ka danget ieu makam Nyi Inten Galuh dirumat hadé pisan.

Paraprajurit nu 42 urang sanggeus ngurebkeun layon Nyi Inten Galuh, neruskeun deui lalampahanana. Saméméh indit nitipkeun heula barang-barangna, di antarana bae keris, tumbak, rompi (baju has prajurit) sarta nyebutkeun hiji mangsa bakal dicokot deui.

Baca Juga: Kalungguhan Kawali jadi Puseur Karajaan Dikuatkeun ku Prasasti, Ngandung Ajen Mandiri keur Kabupaten Ciamis

Pakakas perang bieu, tepi ka ayeuna masih kénéh, jadi banda désa nu dirumat kalayan hadé. Paraprajurit téh henteu kungsi tuluy miang ka Kawali, tapi terus ngahiang, cenah sok némbongan mangrupa maung lodaya.

Masarakat di Luragung mah mikawanoh pisan kana sajarah lisan bieu. Malah kamashurna ngéléhkeun carita ngeunaan pamingpin Luragung sorangan, Ki Gedéng Luragung.

Ku kituna, najan wewengkon Kuningan téh daérah Karajaan Sunda nu pangheulana dikawasa ku Cirebon, ari lelembutan masarakatna mah tepi ka kiwari ogé angger nganteng ka Galuh. Nu sok dijarohan ku masarakat tepi ka ayeuna, angger makam Nyi Inten Galuh.

Unggal milangkala Luragung, urang Luragung nyekar ka makam Nyi Inten Galuh. Dina poé-poé séjénna ogé teu weléh loba nu nyekar ka makam Nyi Inten Galuh.

Prajurit nu 42 urang, Nyi Inten Galuh téh dijadikeun simbul kasatian rayat ka pamingpinna, ka pamingpin nu bener-bener pamingpin nu nyaah ka rahayat, lain pamingpin nu ngabeungharan diri sorangan.

Nyi Inten Galuh

Saha ari ngaran asli Nyi Inten Galuh? Dina legénda nu aya di Luragung teu disebutkeun saha ngaran sabenerna Nyi Inten Galuh. Gedé kamungkinan éta mah julukan wungkul.

Baréto masarakat Sunda tara wanieun nyebut ngaran ka nu dipihormat jeung ka nu geus boga umur. Upamana waé ka nu boga jabatan jurutulis désa diebut Pa Ulis, nu ngurus masalah agama disebut Pa Lebé, tepi ka eureun mancén tugas, ngan ditambahan ku Pa Ulis manten, atawa mun urut kepala désan disebut Pa Lurah hormat.

Komo deui ka raja, ka kulawadet karaton, rayat tara wanieun nyebut ngaranna, tapi ku jujuluk, sakapeung jujulukna téh maké ngaran tempat di mana tilarna.

Sultan Cirebon aya nu dijulukan Panembahan Giri Laya, pédah maotna (laya) di Gunung Giri Yogyakarta, waktu ku Sultan Agung ditawan di ditu.

Nu matak ngaran Nyi Inten Galuh, gedé kamungkinan éta mah julukan ti masarakat, pédah asalna ti Galuh. Maké ngaran inten, ngandung harti éta téh tokoh dipihormat sarta holna ti kulawarga karaton.

Baca Juga: Karajaan Munggaran di Cirebon nu Ngadegkeunana Walangsungsang, Rundayan Galuh Kawali

Inten jenis batu permata nu gedé pisan pangajina. Nu boga ngaran Inten, biasana keur wanoja, baheula, lain jalma teu samanéa. Sebutan inten Galuh ngandung harti éta wanoja kembang karaton, putri.

Ari ti somahan (rayat biasa) moal mungkin dijulukan Nyi Inten Galuh. Komo deuih apan Nyi Inten Galuh ditundana bari dibarengan ku 42 prajurit pinilih.Leuwih ti éta, makam Nyi Inten Galuh tepi ka ayeuna masih kénéh dipiara, jeung sok dijarohan ku masarakat Luragung.

Kaayaan ieu ogé nuduhkeun Nyi Inten Galuh lain sambarang wanoja. Moal boa kitu Nyi Inten Galuh téh Dyah Pitaloka? Ngahaja teu dibawa ka Majapahit pikeun ngajaga hal-hal nu teu dipiharep.

Anu ngaranna rek ka Majapahit tangtu wae kudu boga saku dua. Lebih dieu Prabulinggabuaana henteu asal rek ngawinkeun Dyah Pitaloka.

Prajurit nu 42 urang pangna ngahiang bisa jadi lantaran ngarasa teu mampu ngajaga Dyah Pitaloka nu matak milih sirna ti dunya rame. Ngan ku naon urang Kawali teu mindahkeun makam Nyi Inten Galuh ka Kawali?***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler