GALURA -Gerakan Bagus Rangin meunang rojongan tokoh masarakat di sabaraha daerah. Dina ngayakeun gerakan ngalawan pamarentah kolonial Hindia Belanda saterusna, Bagus Rangin meunang bantuan tanaga, pakarang jeung dahareun (logistik) ti sabaraha daerah.
Bantuan tanaga keur gerakan Bagus Rangin dina baruntak ka Hindia Belanda dipingpin ku tokoh daerahna sewang-sewangan, tokoh nu elmu agamana jeung kaprajuritanana masagi.
Enggoning bajuang ngalawan Hindia Belanda. Bagus Rangin meunang Eta bantuan di antarana datang ti daerah Jatitujuh, Rajagaluh, Baruang Kulon, Baruang Wetan, Sumber, Bantarjati, Cikao, Kandanghaur, Kuningan, Linggajati, Luragung, Maja, Sumedang, Karawang, jeung Subang.
Dumasar data anu geus kakoreh, pangaruh gerakan Bagus Rangin sumebar di daerah Cirebon, Majalengka, Kuningan, Indramayu, Sumedang, Karawang, jeung Subang.
Pakarang anu digunakan ku pasukan jeung balad Bagus Rangin: bedog, keris, pedang, tumbak, bedil jeung mariem. Bedil jeung mariem bantuan ti sabaraha urang kapala daerah, jumlahna saeutik.
Pikeun numpes gerakan anu dipupuhuan ku Bagus Rangin, Gubernur Jenderal A.J. Wiese nugaskeun Nicolaes Engelhard pikeun mingpin pasukan Kompeni.
Gubernur Jenderal A.J. Wiese oge menta bantuan para bupati di Tatar Sunda sangkan ngirim pasukan. Tapi teu sakabeh bupati tumut kana eta parentah.
Baca Juga: Putri Anjungsari (31), Anjog ka Pameuntasan Citarum, Bena Lengiteun Laratan Putri Anjungsari
Sabagean pasukan bantuan bupati ditugaskeun ngajaga tapel wates daerah sewang-sewangan, sangkan daerah gerakan Bagus Rangin teu ngalegaan.
Sabagean deui mantuan pasukan Hindia Belanda nyerang puseur gerakan Bagus Rangin di daerah Jatitujuh. Di eta tempat der perang rongkah. Di dua pihak loba anu tiwas, pangpangna di pihak Bagus Rangin.
Pangna ti pihak Bagus Rangin leuwih loba nu gugur, kahiji, jumlah pihak nu nyerang leuwih loba batan pihak nu diserang.
Kadua, pakarang nu digunakeun ku pihak Bagus Rangin teu saimbang jeung pakarang lawan anu lolobana mangrupa bedil. Bagus Rangin jeung sesa baladna kapaksa mundur bari neangan tempat panyumputan.
Sumber kolonial Hindia Belanda nu mangrupa resolusi tanggal 25 Februari 1806, nyebutkeun ayana gerakan ngalawan pamarentah kolonial di daerah Cirebon. Tangtu gerakan anu dimaksud dina eta resolusi teh gerakan Bagus Rangin.***