Cibarani di Situs Sejarah Samida Rajadesa Ciamis, Pepeling Karuhun Sunda dina Ngajaga Alam jeung Lingkungan

25 Januari 2023, 10:00 WIB
Cinyusu Cibarani di Situs Sejarah Samida Rajadesa Ciamis sok dipake mandi ku nu boga niat, keur kajajayaan.* /

GALURA -Lalanto ka Situs Sejarah Samida jeung ka sumber cinyusu Cibarani, di Kampung Cibulakan, Desa Sirnajaya, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat teh keur usum ngiji, Ahad (22/01/2023).

Sanggeus ngilikan Situs Sejarah Samida anu ceuk para arkeologi mah tadina punden berundak, jeung tempat pembakaran mayat, terus turun ka Cibarani.

Ti Situs Sejarah Samida jalan ka Cibarani masih keneh taneuh, rada rubak, disengkedan, sisieunana harieum ku kakayon jeung tatangkalan, ngan jalanna mah rada lalening.

Baca Juga: Putri Anjungsari (7)

Beak pudunan manggih lengkob, nu ka beulah wetanna sawah. Beulah kenca gawir nangtawin nu sarua hieum ku kakayon jeung tatangkalan.

Cai dina pancuran awi ngagolontor, herang ngagenyas. Handapeun pancuran titincanana dijieun tina awi golondongan nu dijajarkeun.

Sibeungeut di dinya seger pisan, kawas sibeungeut ku cai murni saperti cai kemasan. Komo mun mandi.

Ceuk masarakat Cibulakan babakuna malem jeung poe Jumaah kaliwon memang sok loba nu ngadon mandi di dinya kalayan paniatan sewang-sewangan. Cenah mah keur kajayaan nu matak disebut cai kajayaan atawa Cibarani.

Baca Juga: Leuweung Jahim, Wisata Alam Pagunungan Ciamis Kalér

Ku warga urang dinya mah Cibarani arang dipake lantaran jauh ka pilemburan, jeung tempatna kawilang hara-haraeun, najan geus kaliwatan ku jalan desa nu geus diaspal labur (aspal curah).

Baheula mah, ceuk Iwan, salahsaurang tokoh masarakat Rajadesa, di Cibarani aya leuwi, jero jeung lumayan lega. Cai ti leuwi dikocorkeun keur nyaiaan sawah nu aya di wetaneunana.

Hanjakalna Cibarani ari usum halodo mah sok saat, paling henteu caina orot. Pangna cai kajayaan di Situs Sejarah Samida Rajadesa saat alatan lingkunganana geus teu ngamungkinkeun ngaluarkeun cinyusu ari usum halodo.

Cai kajayaan di Situs Sejarah Samida Rajadesa, teu beda jeung ti cinyusu di Karangkamulyan, Cikawali Astana Gede Kawali, saenyana musieum alam nu nembongkeun cara karuhun Sunda dina ngajaga konservasi alam.

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

Sumber cai, leuweung tempat nandean jeung nyimpen cai hujan teh ku karuhun Sunda kacida pisan dipusti-pustina.

Wewengkon sabudeureunana dijaga jeung dirumat, malah tara jauh jeung tempat sumujud ka Nu Murbeng Alam.

Sangkan taya nu wanieun ngaruksak, sumber cai atawa cinyusu sok dipatalikeun jeung hal-hal gaib. Mun kabeneran aya tangkal caringin, lame, calingcin, sok dianggap geueuman lantaran dianggap sirah caina aya nu ngageugeuh.

“Ajaran luluhur dina matrikeun pentingna ngajaga alam kudu dijaulkeun deui,” ceuk Iwan.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler