Ketua F PKB DPR RI Muji ka Kabupaten Bandung dina Kapamingpinan Dadang Supriatna

- 25 April 2024, 05:30 WIB
Ketua Fraksi PKB DPR RI, Cucun Ahmad Syamsurija
Ketua Fraksi PKB DPR RI, Cucun Ahmad Syamsurija /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ketua Fraksi Partai Kebangkitan Bangsa (F PKB) DPR RI, Cucun Ahmad Syamsurijal, reueuseun dina umur nu ka-383, Kabupaten Bandung jadi daerah pangmajuna jeung jadi contoeun di Jawa Barat.

"Minangka warga Kabupaten Bandung, simkuring reueus ningal tumuwuhna Kabupaten Bandung dina kapamingpinan Bupati Kang Dadang Supriatna. Bawiraos ieu kamjenqan  pantes diapresiasi," ceuk Cucun, Rebo, 24 April 2024.

Ceuk ieu Wakil Ketua Badan Anggaran DPR RI teh teu gampang tur diperlukeun perjuangan luar biasa mawa hiji daerah ngahontal kamajuan. Sok komo dina mangsa susah recovery ekonomi satutas sasalad.

Tapi, Bupati Dadang Supriatna, ceuk Cucun, ku kahayang kuat jeung didorong kaihlasan hayang ngawangun jeung ngaraharjakeun masarakat Dadang Supriatna mampu nèmbongkeun kapamingpinan nu kuat dina mangsa werit di awal kapamingpinana.

"Simkuring nitènan, ti kawit bupati, perangkat daerah, dinas-dinas sareng sakum komponen di Kabupaten Bandung mampu nyirikeun kaguyuban kanggo masarakat," ceuk Cucun.

Ieu cenah ceuk Cucun konci kaberhasilan Bupati Dadang Supriatna ngaliwatan mangsa-mangsa sulit satutas Covid-19, tuluy mawa Kabupaten Bandung 'ngabrèt ngaliwatan ekspektasi saha waè jadi daerah pangpunjulna di Jawa Barat.

"Tingal wè lèngkah-lèngkah positif Kang DS. Tumuwuhna ekonomi, kamandirian fiskal, saniskara program torobosan sepertos insentif guru ngaji, insentif RT RW, linmas sareng nu sanèsna,," ceuk Cucun.

Tina isisi fiskal upamana, ceuk Cucun, Dadang Supriatna mampu ngaronjatkeun APBD asalna Rp 4,6 triliun dina 2021, jadi Rp 7,4 triliun di taun 2023. Atuh PAD Kabupaten Bandung ti Rp 900 miliar jadi Rp 1,3 triliun.

Cucun ogè meunteun Bupati Dadang nu oge kader PKB minangka top leader sajati sabab mampu ngagerakeun sakum stakeholder aub kana pangwangunan di Kabupaten Bandung.

"Sakum stakeholder nu aub ngawangun Kabupaten Bandung diapresiasi Pemkab Bandung ku insentif sareng BPJS Ketenagakerjaan tur BPJS Kesehatan. Ieu lengkah luar biasa," ceuk Cucun.

Teu ukur kitu, tarèkah ngronjatkeun tumuwuhna ekonomi, jeung karaharjaan masarakat Dadang Supriatna nyusun  program seperti pinjaman bergulir tanpa bunga jeung tanpa agunan. Cucun meunteun ieu geus hasil nurunkeun angka kamiskinan jeung nu ngaligeuh.

Pirang-pirang insentif jeung bantuan ka para patani, tukang ojek pangkalan tepi ka masarakat miskin ekstrim ogè dipeunteun Cucu kacida dirasakeun mangpaatna ku masarakat.

Nu luar biasa, ceuk Cucun, gedèna perhatian Dadang Supriatna kana pangwaangunan desa. Najan geus meunang kucuran dana desa ti pamarèntah pusat, ceuk Cuncun, Pemkab Bandung ogè ngocorkeun bantuan dana ka desa dina alokasi dana perimbangan desa (ADPD).

"Nya teu anèh upama Kabupaten Bandung dileler 313 pangajèn. Simkuring wakil rakyat ti Kabupaten Bandung ngiring reueus sareng ngapresiasi prestasi Kang DS. Mugia Kabupaten Bandung teras janten pilot project di Jawa Barat sareng Nusantara," ceuk Cucun. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah