Pamingpin anu Nyunda

- 20 Februari 2024, 16:10 WIB
Ilustrasi Prabu Siliwangi, Kisah pertarungan sengit dengan segerombolan macan putih (foto @ainusantara)
Ilustrasi Prabu Siliwangi, Kisah pertarungan sengit dengan segerombolan macan putih (foto @ainusantara) /Nanang S/Galura

Ku: Teddi Muhtadin, dosen Prodi Bahasa dan Sastra Sunda Unpad Bandung

PILIH kuring! Pilih kuring! Kitu ceuk gambar nu paragpag sapanjang jalan. Dina layar ponsén paselup warta jeung hoaks. Forum-forum diskusi diayakeun, kompanyeu di mana-mana. Rupa-rupa cara dilakonan. Calon pamingpin nu ieu diugung-ugung, nu itu dipépéhék. Kaayaan rengkeng. Pantes pilihan umum ukur sababara poé deui. Ayeuna mangsana milih pamingpin. Indonésia ka hareup ditangtukeun ku ayeuna.

Tiap kelompok, organisasi, atawa golongan pasti aya pamingpinna. Kumaha cara milihna jeung nu kumaha nu dipilihna pasti aya aturanana. Ari urang Sunda mibanda kritéria keur pamingpin? Ieu pertanyaan téh nguniang lantaran réa pamingpin hasil pilihan lima taunan téa bet teu nyugemakeun. Loba bukti henteu luyu jeung jangjina, pamingpin anu pajar rék ngaraharjakeun rayat téh dina émprona mah kalah ngawur kasintu nyieuhkeun hayam.

Urang Sunda pasti mibanda kritéria pikeun pamingpin. Lain baé sacara lisan, saraca tulisan ogé aya. Piraku urang Sunda anu kungsi boga karajaan mangratus taun bari wilayah kakawasaanana lega henteu dirojong ku tulisan. Tina hasil kajian para filolog kiwari urang bisa maca tulisan winangun naskah nu umurna ratusan taun. Rupa-rupa nu dipedarna ogé. Kaasup kriteria pikeun pamingpin.

Dina sababaraha artikel nu diserat ku Pa Undang Ahmad Darsa sareng Ibu Elis Suryani Nani Sumarlina urang terang kumaha ari kriteria pamingpin Sunda, anu sok disebut parigeuing. Aya opat naskah anu dipedarna, nyaéta Sanghyang Hayu (SH), Sanghyang Siksakanda ‘ng Karesian (SSK), Fragmen Carita Parahyangan (FCP), jeung Amanat Galungungung (AG). Éta naskah téh opatanana ditulis dina abad ka-16.

Mun digundukkeun aya opat perkara anu patali jeung pamingpin téh, nyaéta (1) tujuan mingpin, (2) widang garapan, (3) naon anu kudu ngancik dina diri pamingpin, jeung (4) naon anu ulah ngancik dina diri pamingpin.

Dina naskah SH ditétélakeun yén tujuan pamingpin téh nyaéta ngretakeun janma réya (ngaraharjakeun jalma réa) jeung ngretakeun bumi lamba (ngaraharjakeun dunya). Jadi lain keur makmak-mekmek ngabeunghakeun diri sorangan. Kitu deui, sok sanajan lain nagara démokrasi, luluhur Sunda geus wanoh kana pentingna pembagian kakawasan.

Konsép tri tangtu di buana écés ditétélakeun dina FCP; aya tilu unsur nu nangtukeun kahirupan di dunya téh nyaéta prebu, rama jeung resi. Prabu kudu ngagurat batu, panceg, taat jeung patuh ngalaksanakeun aturan jeung kanagaraan, saciduh metu saucap nyata. Rama kudu ngagurat lemah, kudu adil jeung wijaksana. Resi kudu ngagurat cai, mibanda sipat nu matak ningtrimkeun di pangadilan, adil jeung ngaraharjakeun ra’yat. Dina alam démokrasi: prabu babandinganana éksékutif, rama babandinganana législatif, jeung ari resi babandinganana yudikatif. Kaasup kana kaom resi téh deuih para inteléktual jeung para pangatik.

Pikeun pamingpin anu mampuh ngretakeun bumi lamba téa, aya nu kudu jeung ulah dilakonan. Dina naskah SH diécéskeun yén pamingpin téh kudu bisa nyaimbangkeun tilu sipat: (1) kayawakcita (sehat/kuat–nyabda–haté); (2) budigunapradana (wijaksana–arif–soléh), (3) matatutuktalinga (penempo-ucapan-pangrungu); (4) bayusabdahedap (énérgi–ucapan–itikad), jeung (5) pratiwiakasaantara (bumi–angkasa–antara). Luar biasa. Jadi, pamingpin téh kuku bisa jadi panyaimbang. Hartina mampuh nimbang tur nempatkeun rupaning perkara dina kasaimbangan kahirupan nu jembar.

Lian ti éta, dina SSK ditétélakeun yén pamingpin téh kudu mibanda dalapan kawijaksanaan atawa astaguna, nyaéta (1) ahiman (panceg), (2) animan (leuleuy), (3) isitwa (jujur); (4) lagiman (motékar); (5) mahiman (jembar panyawang); (6) prakamya (leukeun), (7) prapti (tepat sasaran), jeung (8) wasitwa (jembar haté).

Kumaha kuduna sikap hiji pamingpin ka nu dipingpinna dieceskeun dina SSK. Aya sapuluh padoman (dasa prasanta) nu kudu dipimilik  ku hiji pamingpin, nyaéta (1) asih; (2) guna; (3) hook, nyaah; (4) karunya; (5) mupreruk, nengtremkeun; (6) ngala angen, simpati waktu nu dipingpinna keuna musibah; (7) ngulas, ngaprésiasi kana naon anu kahontal; (8) nyecep, bisa ngabeberah haté upama ngahontal nu dipiharep; (9) pésok, mampuh meuli haté atawa ngarasa reueus; jeung (10) ramah.

Dina SSK ditétélakeun yén pamingpin téh kudu mibanda pamor, karisma anu disebut pangimbuhning twah, sangkan dipigamir, dipikaajrih. Pangimbuhning twah téh aya dua belas, nyaeta (1) cangcingan, terampil dan cekatan; (2) emét, rikrik gemi; (3) gapitan, réla berkorban; (4) imeut: (5) karawaléya, béréhan; (6) langsitan, rapékan; (7) leukeun; (8) morogol-rogol, gedé sumanget digawé; (9) paka pradana, wani kidang kalayan sopan tur étis; (10) purusa ning sa, jiwa pahlawan, jujur, wani pikeun bebeneran; (11) rajeun, rajin; jeung (12) widagda, wijaksana.

Di sagigireun anu kudu aya dina diri pamingpin, dina naskah Sunda ogé dibéréndélkeun naon nu ulah aya dina diri pamingpin. Pamingpin nu idéal, dina perspektif Sunda lian ti kudu ibanda karakter anu hadé, inyana oge kudu mampuh ngajauhan opat perkata anu goréng anu disebut opat paharaman.

Nu kahiji babarian, pamingpin mah teu meunang babari kasigeung, rasa manéh, babari ambek, hayang meunang sorangan, babari kapangaruhan, jeung teu boga pamadegan. Kadua, pundungan, teu pantes pamingpin babari pundung, tepi ka susah rék rukun gawé. Katilu humandeuar, mindeng luhlah.

Pamingpin model kieu baris leungiteun sumanget digawé, jeung moal dipikaresep. Kaopat, kukulutus. Pamingpin anu mindeng kukulutus karakterna goréng patut lantaran mikirna teu weléh négatif, teu boga tanggung jawab, jeung mibanda sipat munapék.

Lian ti éta, dina naskah AG diécéskeun yén pamingpin téh (1) mulah kwanta, ulah poporongos; (2) mulah majar laksana, ulah sindir sampir; (3) mulah madahkeun pada janma, ulah ngagogoréng nu séjén; jeung (4) mulah sabda ngapus, ulah bohong. Pamingpin ogé ulah jadi buta anu ngaruksak kahirupan, anu disebut catur buta, nyaéta (1) burangkak, boga sipat sombong jeung teu boga etika, (2) mariris, tipikal jalma korup, tukang tipu, jeung tukang bohong; (3) maréndé, tukang nyieun karuksakan; jeung (4) wirang, teu jujur, hayang meunang sorangan, jeung teu weléh hayang nyingkahkeun batur.

Tina pedaran ieu katangén yén ari pamingpin dumasar kana pituduh nu dikotrétkeun dina naskah-naskah Sunda kuno téh aya opat perkara, nyaéta (1) mibanda tujuan pikeun ngaraharjakeun urang réa, (2) digawé luyu jeung widangna, henteu pacorok kokod, (3) kudu nyieun kahadéan, jeung (4) ulah nyieun kagoréngan atawa karuksakan.

Naha di antara calon pamingpin ayeuna anu paragpag dina galiho, poster, layar ponsél jsté mibanda kriteria saperti kitu? Mun aya calon pamingpin anu nyumponan kritéria cara nu diécéskeun dina naskah Sunda mah ulah hamham pilih. Sabalikna, upama henteu mibanda ciri-ciri samodél kitu nya teu kudu dipilih. Nu sok popolotot, nipu, ngabohong, nyilakakeun batur moal enya dipilih jadi pamingpin.

Dina mangsa kiwari, mapaykeun atawa nyukcruk kasang tukang para calon pamingpin téh teu susah-susah amat. Umumna jalma kiwari mah rékam jejakna nembrak ka masarakat. Kari masarakat nu milihna baé panceg ngareungeukeun nuranina.Cag.***  

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah