Ngarumat Tatakrama jeung Etika

- 31 Januari 2024, 16:00 WIB
Ilustrasi etika
Ilustrasi etika /

Al-Qur’an ogé geus ngatur kana tatakrama atawa sopan santun dina ngadu’a atawa neneda ka Alloh. “Pék aranjeun ngadu’a ka Alloh kalayan sora anu sopan (teu gogorowokan). Satemenna Alloh teu mikaresep ka jalma-jal­ma anu kaleuleuwihi” (Q. S. Al A’raf : 55).

Dunya atikan, boh di sakola ti mimiti tingkat dasar nepi ka pa­guron luhur, nyakitu deui di pasantren mangrupakeun tempat nu­mu­wuhkeun tatakrama. Ku lantaran kitu, dunya atikan kudu ngahontal kana tilu ajén, nyaéta ajén kognitif, afektif, jeung psikomotorik.

Ku basa anu basajan mah dunya atikan téh kudu mam­puh ngeusian otak (kongitif), numuwuhkeun sikep akhlak hadé (afektif), jeung mampuh numuwuhkeun watak sumanget bajoang (psikomotorik). Han­jakalna, kiwari dunya atikan téh lo­lobana mah ukur ngudag-ngu­dag ngeusian otak ku panga­weruh wungkul, ampir mopoho­keun kana numuwuhkeun akhlak jeung watak anu hadé.

Rengking kahiji atawa niléy anu hadé, lulus cum claude (lulus kalayan niléy istiméwa) ti perguruan tinggi jadi udagan sangkan dipikareueus.  Mémang teu salah, nu jadi hanjakalna téh dina cara naghontalna aya kalana  ngala­kukeun cara-cara nirca, ngalanggar tatakrama jeung aturan anu geus disaluyuan tur natrat dina aturan.

Baca Juga: Kriya di Ciamis, Mibanda Potensi ngan Tacan Dipalire ku Pamarentah

Tangtuna ari cara-cara nirca téh ngalanggar kana aturan tatakrama. Ka dituna, dunya atikan ukur hasil numuwuhkeun élmu pangaweruh anu namper dina otak, tapi lulusan dunya atikannana miskin tina akhlak jeung watak anu hadé.

Malik bin Anas anu kakoncaran ku panggilan Imam Malik, tokoh madzhab Malikiyah, kalintang pisan merhatoskeun kana tatakrama dina nyuprih jeung ngajarkeun élmu. Anjeunna mah tara batal wudhu salami masihkeun pelajaran bagbagan agama.

Boro-boro ngajarkeun Al Qur’an, dalah ngajarkeun hadits ogé anjeuna mah salamina ngajagi kana wudhu. Anjeunna mah pantang ngajarkeun hadits bari lujag-lejeg, sok komo bari diguguyon­keun mah. Anjeunna nyaurkeun, “Poma aranjeun ulah rék ngaguguyonkeun kana agama.”

Dina kasempetan nu sanésna anjeunna masihan wejangan ka ja­maah atawa santrina, “Geus sapayusna jalma-jalma anu nung­tut élmu ngarumat sikep sopan santun, teu gurung gusuh, nga­jauhan sikep peunggas ha­repan, jeung sapayusna satiap balaréa nyonto kana akhlak talajak hadé ti kalangan kolot-kolot baheula” (diterjemahkeun sacara bébas tina Kitab Hilyatul Aulia, Jilid ka-6, kaca 318, anggitan Abu Nu’aim Al Asfahani).

Sapamadegan sareng Imam Malik, Syekh Sholih Utsaimin masihan wejangan sangkan urang ngajaga sopan santun boh dina nyiar  élmu atawa da’wah. Urang kudu ngajauhan sikep ngulit bawang jeung barangasan, sok komo dina jaman kiwari mah loba jalma anu ukur ngagugulung kahirupan dunya bari bodo dina urusan agama (diterjemahkeun sacara bebas tina kitab Syarah al Mumti’, jilid ka-3, kaca 209, anggitan Syeikh Sholih Utsaimin).

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah