Nyawalakeun Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda, Perlu Dirumuskeun deui

- 10 Januari 2024, 14:30 WIB
Patimuan antara Walungan Cimutur jeung Citanduy di Karangkamulyan Ciamis. Ngalahirkeun peradaban.
Patimuan antara Walungan Cimutur jeung Citanduy di Karangkamulyan Ciamis. Ngalahirkeun peradaban. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Andri P. Kantaprawira, tokoh nonoman Sunda, nyebutkeun jati diri Sunda atawa adeg-adeg jeung tangtungan Sunda ti baheula mula geus nyampak. “Ku urang ayeuna urang rumuskeun supados tiasa langkung diimplementasikeun,” pokna.

Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda, ceuk Tatang Sumarsono, nyokona kana jengléngan anu sisipatna fisik, ari tangtungan nyokona kana hal-hal batiniah (psikis).

“Mun dipatalikeun jeung Sunda, boa-boa adeg-adeg jeung tangtungan Sunda téh bisa dirumuskeun leuwih ringkes jadi idéntitas Sunda. Idéntitas téh ciri atawa kaayaan husus anu dipiboga ku hiji jalma, boh anu sipatna fisik atawa lahir, boh psikis atawa jiwa atawa batin,” ceuk Tatang Sumarsono.

Baca Juga: Kaancuran Bangsa jeung Nagara

Identitas, ceuk Tatang, bisa dilegaan deui, lain ngan ukur keur hiji jalma atawa individu. ”Tumerapna teu ngan ka saurang, tapi jalma jenuk, larapna mah bisa ka komunitas, saturunan, atawa sakocoran karuhun, sabeungkeutan, profési, sapadumukan di hiji wewengkon, sakayakinan jeung sajabana,” ceuk Tatang.

Identitas Sunda

Tatang ngajéntrékeun  idéntitas Sunda tangtuna tumerapna ka urang Sunda. Idéntitas anu nyoko kana hal-hal anu sipatna psikis sok disebut jatidiri, anu éta téh  bisa kagambar dina ucap jeung paripolah, katut sakur anu dihasilkeunna, rék anu dianggap hadé, rék anu dianggap goréng. “Éta minangka indikator pikeun ngukur jatidiri téh,” pokna.

Jatidiri Sunda, éta téh ciri husus anu dipiboga ku urang Sunda. Sok sanajan dina kanyatannana mah geus loba anu paselup atawa bias, naha ieu téh Sunda atawa lain. Mun nyaritakeun jatidiri Sunda, éta téh ciri husus anu dipiboga ku urang Sunda atawa lain.

Ceuk Tatang, mun nyaritakeun jatidiri Sunda, tangtu maksudna lain ka hiji jalma, tapi kum ka urang Sunda. Jatidiri anu sipatna batin nyampakna dina moral, karakter, jeung spiritualitas. Remen kapireng, jatidiri Sunda téh keur ngarandapan krisis. Lamun enya dina kondisi kitu , naha naon anu jadi ukuranna?,

Baca Juga: Peuyeun Kroto ti Kabupaten Ciamis, Dijieun Piopat Poeeun Samemeh Jumaah Kaliwon

“Henteu babari ngawajabna téh, sabab réa variabelna. Ngan nu jelas kecap krisis téh ngandung harti négatif. Dina krisis téh nuduhkeun ayana prosés anu jugjuganna atawa pihasileunnana matal pikasalempangeun tur teu dipiharep teu luyu jeung cita-cita. “Urang bisa tumanya, naha iraha jatidiri Sunda keur teu krisis?” ceuk Tatang.

Naha Sunda nu keur teu krisis teh dina jaman Pajajaran, waktu Sunda dipangaruhan ku Mataram, atawa Sunda jaman normal, jaman Roesdi jeung Misnem, atawa Sunda sanggeus jadi bagéan ti Indonésia, atawa ayeuna dina jaman diprésidénan ku Jokowi? “Tétéla ngajawabna teu gampang,” ceuk Tatang.

Ngan waé, sambung Tatang, lamun urang ngabandungan anu diébréhkeunna kasalempang, mindeng pisan kapireng urang Sunda keur ngrandapan krisis, jeung dina rupa-rupa hal deuih. “Éta ungkara téh jol-jol pada ngaheueuhan wé, tapi jadi kacindekan urang Sunda mémang keur ngarandapan krisis multi diménsional,” pokna.

Wawuh kana tangtungan

Daséf Arifin nyebutkeun adeg-adeg jeung tangtungan Sunda kudu napak dina tatapakan, ngadeg dina pangadegan jeung nangtung dina tangtungan. Napak dina tatapakan hartina, pageuh maneuh miara ajén ajaran pikeun ngaronjatkeun kamampuh diri. Ngeunaan kamampuh diri gedé pakaitna jeung tangtungan.

Baca Juga: Ngawangun Desa tina Padat Karya Tunai, Aya nu Dipake Nyieun Lapang Voli

“Karuhun urang Sunda méré pépéling sangkan urang Sunda wawuh katangtunanna: Sing wawuh katangtung ingsun, sing sing dalit ka sanubari. Maksudna kudu apal kana kamampuh diri, lamun apal kana kamampuh diri, urang Sunda moal salah nempatkeun dirina, tangtungan bakal nangtung luyu jeung kamampuh diri,” pokna.

Dasep nyebutkeun urang kudu sing nyaho kana diri, naon anu kudu dikanyahokeun dina diri, dayana kamampuhanana. “Lamun nyaho kana kamampuhan diri, pasti urang bakal merenahkeun diri dina tempat anu luyu jeung kamampuhanana. “Anu disebut daya atawa kakuatan wujudna pagawean karya,” pokna.

Rek kumaha boga daya jeung upaya lamun henteu boga kamampuhan. Dalit kasanubari hartina tékad, ucap jeung lampah teu meunang gagabah.”Kamampuh teh tangtu wae perlu diulik, perlu diipuk, dikembangkeun, perlu diatik, dipeuseuh, tepi ka tembong adeg-adeg jeung tangtunganana,” ceuk Dasef Arifin.

Ngaran Propinsi nu Nyunda

Ngeunaanan ngaran Propinsi Sunda, “Piraku urang Sunda cicing di tempat anu ngaranna teu nyunda. Urang Sunda, mangsa revolusi hijrah ka Yogya, salila tilu bulan apruk-aprukan kukurubutan, asruk-asrukan ka leuweung, bari diudag-udag ku congo bedil, datang ka Yogya kudu bitotama jeung tentara Belanda,” ceuk Abah Alwi.

Baca Juga: Tina 15.000  IKM nu Aya di Kabupaten Bandung Karèk 4000 nu Bogaeun Sertifikat Halal

Teu kaitung ratusan soldadu jeung rayat anu ngababatang jadi layon. Bari ninggalkeun Bandung anu geus dihuru. Di Yogya, di Jawa Tengah, malah tepi ka Jawa Timur, tentara ti Sunda panghareupna dina numpes PKI nu baruntak taun 1948. “Na atuh sanggeus aman ngaran Sunda teu aya,” ceuk Abah Alwi.

Yogya jadi daérah istiméwa, Acéh jadi daérah istiméwa, Papua ngadadak jadi ngaran propinsi. Ari urang Sunda tepi ka danget ieu teu jadi daérah istiméwa, malah ngaran propinsina ogé teu nyunda.

“Geus meujeuhna urang Sunda singkil babarengan, malikeun deui ngaran propinsi jadi Propinsi Sunda,” ceuk Wan Renggo.

Ngaran Sunda kudu témbong hurung nangtung, boh sacara budaya, boh sacara politik. Ku kituna perlu aya deui sawala badag atawa kongrés Sunda, neruskeun hanca garapan anu katunda nyaéta Kongrés Pemuda Sunda anu digelar tanggal 4-7 Novémber 1956 supaya Sunda leuwih nguniang di Nusantara jeung di mancanagara.

“Tina kituna simkuring ngarasa perlu jeung penting ngagelar kongrés Sunda, sangkan urang Sunda leuwih katémbong kapunjulanna. Geus heubeul urang Sunda hayang ngaganti ngaran Propinsi Jawa barat jadi Propinsi Sunda, atawa Pasundan atawa tatar Sunda,” ceuk Andri P. Kantaprawira.

Ku ayana ngaran Propinsi Sunda, urang Sunda baris leuwih ngarasa reueus ka sarakanna, kana budayana, ka bangsana, kana basana, kana kasenianana jeung kana kamapuhna katut ka jati dirina. “Sunda kudu hudang, Sunda kudu tandang, Sunda kudu jadi bangsa pangpunjulna dina sagala widang,” ceuk Andri.***

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah