SJI Digiatkeun deui, PWI Siap Ngahirupkeun Diklat Jurnalistik pikeun Wartawan

- 26 Oktober 2023, 05:00 WIB
/Dok. PWI Pusat/Galura/

Di sagédéngeun éta, dina rapat ogé diguar sababaraha hal stratégis patali jeung ngaronjatkeun pendidikan jurnalistik PWI. Contona, nyiapkeun grand design pikeun program pendidikan PWI 2023-2028. Tuluy, ngaguar program turunan jeung tambahanana. Di antarana, pendirian jeung pengembangan Sekolah Jurnalisme Indonesia (SJI) di unggal propinsi, intensifikasi workshop atawa diklat jurnalistik, jeung ngadegna PWI Institute.

Baca Juga: Galura Cetak IV Oktober 2023, Nganti Pamimpin Harendong Papak, Misteri Makam dina Kuta

Ngeunaan SJI, dipiharep ieu program pelatihan téh bisa dimimitian taun ieu, kagiatan bubuka atawa kick off-na dilaksanakeun paling leuir Januari 2024.

Program workshop atawa diklat jurnalistik ogé bakal jadi program unggulan PWI kalawan ngaubkeun sakumna jaringan PWI di daerah. Engké baris disiapkeun linkage antara Bidang Pendidikan PWI Pusat jeung para Wakil Ketua Bidang Pendidikan Provinsi katut Kabupatén/Kota. Ieu modél bisa disebutkeun minangka bottom up, di mana PWI di daerah méré input kumaha hadéna diayakeun workshop jurnalistik anu luyu jeung kaarifan lokal masing-masing daerah.

Sanajan kitu, PWI Pusat tetep anu nyieun konsep diklat. Anapon PWI daerah anu ngalaksanakeunana luyu jeung kondisi katut kamampuh séwang-séwangan. PWI Pusat nyiapkeun konsep, materi, sertifikat, katut narasumber utama, sakaligus ngumpulkeun data jeung pemetaan kualitas wartawan di unggal daerah.

Kagiatan bakal dilaksanakeun sacara periodik. Provinsi atawa daerah anu aya minat bisa nyaluyukeun jadwal anu geus dirancang ku PWI Pusat.

Baca Juga: Dua Taun Noron Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn Proklim 

PWI Institute

PWI Institute, direncanakeun minangka hiji program, atawa engkéna mun seug bisa dilaksanakeun tur eksis, baris jadi lembaga husus anu wilayah gawéna bisa leuwih lega tur béda jeung SJI.

PWI Institute mangrupa lembaga atawa organisasi anu diadegkeun kalawan tujuan ngalaksanakeun hiji kagiatan pikeun ngarojong pendidikan, pamikiran/panalungtikan wartawan dina widang jurnalistik, atawa widang nu patali. Contona, dina widang kabudayaan, sosial, jeung persahabatan internasional.

PWI Institute ogé engkéna bakal nyiapkeun béasiswa wartawan pikeun diajar di luar nagri, ngayakeun kompetisi kagiatan jurnalistik, méré penghargaan ka sing saha waé anu dianggap boga jasa dina widang atawa profési kawartawanan, boh ti jero boh di luar nagri.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah