Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

- 16 September 2023, 12:12 WIB
Muahimin atawa Cak Imin, jadi cawapres kawas cai nu ngalir.
Muahimin atawa Cak Imin, jadi cawapres kawas cai nu ngalir. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Bakal calon wakil presiden nu ogè Ketua Umum PKB Muhaimin Iskandar, ngaluuhan acara Halaqoh para Ajengan jeung Habaib di Kabupaten Bandung, di Hotel Sunshine Resort, Soreang, Kabupaten Bandung, Juma'ah 15 September 2023.

Satutas ngakhotibam solat Juma'ah di Masjid Agung Al Fathu, Soreang, Cak Imin hadir di stengahing para ajengan dibarengan pangurus pusat PKB, pengurus PKB Jabar katut Kabupaten Bandung, kaasup Ketua DPC PKB nu ogè Bupati Bandung Dadang Surpiatna.

Dina Ieu acara, Muhamin nyaritakeun kasang tukang maju bakal calon wakil presiden  Anies Baswedan. Ceuk Muhaimin di ahir Agustus saniskara dinamika koalisi nerekab harita.

Baca Juga: Mapella Unla dina Mapeling Mahasiswa Anyar, Nyalametkeun nu Kapahung di Lante 6

Para ketua PKB ngariung di Jakarta. Danget harita dirina saparkanca nyawalakeun pamilihan legislatif hungkul, tapi cenah kawas cai ngamalir tuluy ngagulidag jangji ulama- ulama diibaratkeun cai ulah ngeuyeumbeu, ulah tepi ka jadi bau.

Ku kituna, sagancangna sangkan cai teus ngamalir, jalur cai panghadèna pikeun bangsa Indonesia nu ' baldatun thayyibatun wa rabbun ghofur (hiji nagari nu ngumpulkeun kahadèan alam jeung kahadèan laku wargana)'.

Nurutkeun Muhaimin, kana sataun ka tukang para habib ngariung di Jakarta kaasup dirina jeung Anies Baswedan, katut Yusuf Kalla ogè hadir, ngasoakeun dirina (Cak Imin) sangkan jadi pamingpin.

Malahan, Cak Imin ngungkabkeun munseug dirina geus diparèntah Kiayi Kholl As’Ads (putra salah sahiji nu ngadegkeun NU) sangkan marengan Anies Baswedan, etabtèh ti 2021.

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

Imin ngaku, dirina diangkir ku Kiyai Kholl As’Ads, terus dipeto kudu papasangan jeung Anies Bswedan dina Pilpres. Ku pameredih ieu inyana ngaku, harita sajongjongan ngahuleng, teu jol bisa mèrè jawaban.

Jadi, ceuk Muhaimin binih -binihna mah geus aya ti bèh ditu mula. Sanggeus mènta kamandang ka ulama jeung solat istiharah, nya dirina maju.

Nurutkeu Muhaimin, sajalan jeung èta PKB nyieun kaputusan pikuen ngadeklarasikeun dirina sabagè bakal calon wakil presiden marengan Anies Baswedan.

Muhaimin miharep, para kiyai eungp ara ajengan di Jawa Barat sangkan ngajarkeun palsafah cai namalir jadi fakta kaakuatan pikeun ngunggulkeun Pemilu 2024.

25 taun Reformasi, ceuk MuhaImin, 2024 nuju parubahan nu leuhwih alus, liwat hambalan nu ngabutuhkeun kasadaran pamingpin bangsa, sakabèh masarakat, panyampurnaan rupa-rupa model kawijakan ngabogaan kakurangan jeung kaleuwihan.

Ceuk Muhaimin, insya Alloh koalisi perubahan jadi panyampurnaan kawijakan tina kawatesanan jadi kaadilan jeung kamerdekaan nu hakiki pikeun ngajalankeun kanegaraan. PKB kungsi jeung SBY salila 10 taun, 10 taun jeung presiden Jokowi. Ayeuna PKB ngabogaan luang keur nyampurnakeun 25 taun reformasi dina pamarèntahan. ***  Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah