Kembaranana Aya di Surabaya Gedong Saté Teu Bisa Dijadikeun Model Arsitektur Sunda

- 21 Januari 2023, 10:00 WIB
Gedong Sate geus jadi ikon Jawa Barat tapi teu bisa dijadikeun arsitektur has Jawa Barat.*
Gedong Sate geus jadi ikon Jawa Barat tapi teu bisa dijadikeun arsitektur has Jawa Barat.* /

GALURA -Gedong Sate geus jadi ikon Jawa Barat. Gedong Sate jeung Jawa Barat geus henteu bisa dipisahkeun, saperti Rumah Gadang jeung Minangkabau.

Saenyana Gedong Sate teh hasil eksperimen saurang arsitek Walanda nu memehna ngider heula di Asia Tenggara jeung Nusantara keur neangan bentuk bangunan nu has.

Gedong Sate nu ayeuna jadi kantor gubernur Jawa Barat téh titinggal Walanda. Mimiti diadegkeun tanggal 27 Juli 1920.

Baca Juga: Nu Balantik Dodol Karanjang Imlék di Tasikmalaya jeung Banjar keur Meujeuhna Bungah, Pesenan Merul!

Ceuk rarancang mah Gedong Sate bakal dijadikeun kantor departemen pamaréntah pusat.

Harita, pamaréntah Hindia Walanda bakal mindahkeun puseur pamaréntahan ti Batavia (Jakarta) ka Bandung.

Tepi ka taun 1924, kantor-kantor departemén nu geus réngsé dibangun karék sabagéan leutik, nyaéta nu ayeuna disebut Gedong Saté.

Di Gedong Sate ngantor Departemén Pekerjaan Umum (PU), sarta kantor pusat pos jeung telekomunikasi.

Mangsa éta, Gedong Saté disebut Gouvernements Bedrijven (Pusat Instansi Pamaréntah).

Alatan krisis monétér, rarancang mindahkeun puseur dayeuh pamaréntah Hindia Walanda ti Batavia ka Bandung téh bolay.

Pangwangunan kantor departemén pamaréntah pusat kandeg.

Baca Juga: Pakansi Pabaru Imlék di Taman Safari Indonesia Cisarua Bogor, Aya Parade Sun Go Kong, Ieu Beréndélan Acarana

Waktu krisis monétér neutneutan pulih, kaburu ngageder Perang Dunia ka-2, nu ngalantarankeun Walanda serah bongkokan ka Jepang.

Najan nu diadegkeunana karék sabagéan leutik tina rarancang saméméhna, karek ngawujud lima persen, bangunan Gedong Saté pada muji. Kituna téh ti jaman Belanda tepi ka danget ieu.

Disebutkeun Gedong Sate nu diarsitékturan ku Ir. J Gerber ti Jawatan Gedung-gedung Negara (Lands Gebouwendients), bangunan nu pangéndahna sa-Nusantara.

Para arsiték nyebutkeun Gedong Saté nu nempatan lahan 27.000 méter pasagi téh méh sarua jeung gaya bangunan di Italia jaman réniassance.

Tambah deui, umumna bangunan meunang nyieun pamaréntah Hindia Belanda, kajaba matak kekecrek, ogé monuméntal. Bentuk bangunana salawasna simétris.

Baca Juga: Putri Anjungsari (3)

Bagéan hareup Gedong Sate aya ornamén nu nyirikeun tradisional, saperti dina bangunan candi Hindu.

Di tengah-tengah bangunan induk Gedong Saté, ngajega munara nu hateupna umpak-umpak kawas bangunan Meru di Bali atawa pagoda di Thailand.

Gaya bangunan kieu, adumanis gaya arsitéktur Barat jeung Timur.

Gedong Sate téh hasil ékspérimén arsiték Walanda nu keur nénéangan bentuk arsitéktur Indonésia nu boga ciri mandiri.

Ir. J Gerber méméh nyiptakeun bentuk bangunan Gedong Saté ngider heula ka sababaraha nagara di Asia Tenggara jeung Nusantara. Hasilna, nya bentuk Gedong Saté nu pada muji.

J Gerber lian ti ngarancang Gedong Sate, ogé kungsi ngarancang bangunan HBS di Surabaya Jawa Timur nu ayeuna bangunan SMA I Jalan Wijayakusumah Surabaya.

Gaya bangun HBS di Surabaya sarua jeung Gedong Sate. Ngandung harti Gedong Saté ogé aya di Surabaya, ngan teu pati monuméntal, teu kawas Gedong Saté di Bandung.

Di Jawa Barat, beuki dieu, babakuna sanggeus nagara urang merdéka gaya bangunan Gedong Sate diturutan ku swasta dina ngadegkeun bangunan keur kantorna.

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

Di Bandung, gapura di gang-gang atawa di jalan nu asup ka paimahan réa kapanggih nu tengahna aya munaraan. Hateupna umpak-umpak sarta luhurna aya nu ngacung kawas saté.

Purnama Salura, dosen arsitéktur di Universitas Parahyangan (Unpar) Bandung nyebutkeun batan urang Sunda ayeuna hésé nénéangan atawa ngoréhan bentuk arsitéktur Sunda nu orisinil jeung tuluy-tuluyan dipaké ti jaman ka jaman, leuwih hadé paké waé bentuk bangunan Gedong Saté.

“Geus jadi ciri has Jabar teh Gedong Sate,” ceuk Purnama Salura

Soal kapangaruhanana ku bentuk bangunan candi Hindu, Pagoda (Thailand), jeung Meru (Bali), ceuk Purnama Salura teu kudu dipasualkeun, lantaran dina lebah arsisitéktur mah tangtu aya pangaruh-pangaruh ti luar.

“Bentuk bangunan, imah di Sunda, terus-terusan mekar, henteu matok di hiji bentuk arsitéktur,” pokna.

Bentuk bangunan imah di kampung adat di Sunda teu bisa dijinekeun éta téh gaya arsitéktur asli (orisinil Sunda).

Baca Juga: Kiwari Dibaekeun, Konservasi Alam ku Karuhun Sunda Dipentingkeun pisan

“Imah-imah tradisional di Asia, di Thailand, Jepang, Malaysia, jeung di daérah-daérah sejen bentukna méh sarua jeung imah di kampung adat Sunda,” ceuk Roza Mintaredja, arsitek nu sarua lulusan Unpar.

Di Jawa ogé, sakumaha ditémbongkeun dina réliéf Candi Borobudur bentuk bangunan imahna téh kawas di Sunda, panggung.

“Jadi, bentuk imah di Jawa ayeuna keuna pangaruh luar. Ceuk dugaan mah pangaruh ti Cina jaman Sailéndra. Nu matak bentuk imah saperti di kampung adat lain ciri mandiri arsiréktur Sunda,” ceuk Roza.

Roza, nu kasundaanana anteb téh mindeng pada ngageunggeureuhkeun pédah rancangan bangunan nu dijieunna, babakuna hateupna ampir sarua jeung imah adat di Minangkabau jeung di Malaysia.

“Tara ambek dicawad téh, dijelaskeun waé, imah tradisional Sunda lain ukur aya di Sunda,” ceuk Roza.

Baca Juga: Kang Emil Asup Golkar, Erick Thohir Ngawilujengkeun, Ieu Conto Kamandang Netijen

Bentuk imah panggung mah di mana-mana ogé kitu-kitu kénéh, anu béda gayana, asésoris jeung dina ornaménna.

“Bentuk hateup badak heuay, tagog anjing, galudra ngupuk, julang ngapak hasil kréatifitas urang Sunda béh dieu, lain bentuk arsitéktur nu orisinil jeung abadi,” ceuk Roza.

Kumaha mun nyonto karaton-karaton jaman karajaan Sunda?

“Ari bentuk karaton Sunda aya kitu ilustrasina, atawa gambaranana, paling henteu dina naskah-naskah kuna?” témbalna malik nanya.

“Pan euweuh, teu kaci ukur dicipta-cipta mah, komo ukur dumasar implengan nu dibarengan ku mistik mah,” pokna deui.

Roza teu satujueun mun Gedong Saté dipaké modél keur arsitéktur Sunda.

“Gedong Saté mah pan geus écés hasil adumanis arsitéktur Barat jeung Timur, diselapan gaya bangunan candi Hindu, Meru jeung Pagoda. Komo deuih apan di Surabaya aya bangunan nu sawanda jeung Gedong Saté,” pokna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah