Geber Si Jumbo jeung Jamilah Wujudkeun Jabar Sehat Sejahtera

23 Mei 2024, 08:38 WIB
Louncing Program Geber Si Jumbo jeung Jamillah anu mangrupakeun gerakan bersama Literasi Stunting, Imunisasi, Pencegahan DBD, Penanggulangan TBC jeung jaga Ibu Hamil tempatna di SMK Negeri 1 Majalengka Jawa Barat, Rebo ( 22/05/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Sekertaris Daerah (Sekda) Jabar Herman Suryatman ngalouncing Program Geber Si Jumbo jeung Jamillah anu mangrupakeun gerakan bersama Literasi Stunting, Imunisasi, Pencegahan DBD, Penanggulangan TBC jeung jaga Ibu Hamil tempatna di SMK Negeri 1 Majalengka Jawa Barat, Rebo ( 22/05/2024).

Ieu acara ngarojong jejer “Ciptakan Generasi Unggul, Sehat, Cerdas Menuju Provinsi Jawa Barat Sehat Sejahtera”.

Diluuhan ku Pj Bupati Majalengka, Danrem Siliwangi, Kepala Dinas Kesehatan Jabar, Kepala BKKBN Jabar, Forkopimda, Kepala Dinkes Majalengka katut ondangan luanna.

Kepala Dinas Kesehatan Jawa Barat, dr. Vini Adiani Dewi, nyebutkeun kagiatan Geber Si Jumbo jeung Jamilah diiluan ku sakumna siswa-siswi SMA / SMK kabupaten kota anu aya di Jawa Barat sacara zoomeeting. Pamilon anu aya di SMKN 1 Majalengka sajumlah dua rebu siswa.

Kagiatan Geber Si Jumbo jeung Jamilah teh edukasi jeung literasi keur sakumna siswa sakola, sangkan  kahareupna bisa nyosialisasikeun ka kulawargana jeung ka masarakat sabudeureunna.

Si Jumbo pikeun ngaronjatkeun literasi stunting, imuniasasi jumatik di sakola jeung di imah.

Si Jamilah singgetan  tina Jaga Ibu Hamil dan Lingkungan Bersih serta Sehat kalayan mibanda udagan ngajaga sakumna ibu hamil sangkan anak sehat .

"Tujuan kagiatan dinten ieu  kangge ngaronjatkeun kasadaran masarakat perkawis pentingna pencegahan stunting, minangka persiapan generasi unggul, sehat, cerdas sarta Jabar Jero News stunting keur Indonesia Emas," ceuk Vini Andiani.

Dina ieu kagiatan digelar kampanyeu ngeunaan penanggulangan TBC, jeung pencegahan DBD. Dipiharep ku ayana Ieu kagiatan  minangka deteksi dini dina widang kesehatan.

Sekertaris Daerah (Sekda) Jabar Herman Suryatman nyebutkeun kasehatan kudu dilaksanakeun sacara "Sabilulungan" (sauyunan).

Dina hal ieu stunting masih jadi isu gede widang kasehatan di Indonesia. Hanjakalna, salila ieu isu eta dianggap  urusan kolot. Tina kituna rumaja dilibetkeun dina program pencegahan stunting.

Dumasar Survei Kesehatan Indonesia Taun 2023, angka prevalensi stunting umur 0-59 taun di Jawa Barat aya di angka 21,7 persen. Masih di luhur rata-rata prevalensi stunting di Indonesia (21,5 persen). Nembongkeun prevalensi stunting Jabar naek 1,5 persen dibandingkeun taun 2022 anu aya di angka 20,2 persen.

Salian eta kasus DBD di Jawa Barat dina taun 2024 anu kaserang tembus 28 rebu urang oge anu tilar dunya sajumlah 210 nepi Mei 2024. Kasus TBC nepi 211 rebu anu kasebar di Jawa Barat.

"Dina kituna Program anu medal ti Pemprov Jabar ngalangkungan Dinas Kesehatan nyaeta Geber Si Jumo katut Jamilah dipiharep tiasa nurunkeu kasus stunting, DBD, TBC oge literasi ka sakumna siswa sakola salaku agen parubahan Si Jumo minangka program merdeka belajar," ceuk Sekda Jabar.

Dipiharep ti sakumna kagiatan kudu kabukti sauyunan, ti sakumna unsur pamarentah katur komponen lianna ku di dasaran "sabilulungan".

Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi ngapresiasi kagiatan Geber Si Jumbo jeung Jamillah anu dilaksanakeun di SMK Negeri 1 Majalengka.

Dedi miharep ku ayana ieu program sakumna siswa sakola hususna bisa jadi penggerak literasi dina widang kesehatan saperti sosialisasi stunting, DBD, TBC jeung PHBS boh di lingkungan sakola boh di lingkungan masarakat.

Ngawakilan Kapolda Jabar, Kapolres Majalengka oge ngaluuhan acara Geber Si Jumo jeung Jamillah.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, nalika dikonfirmasi, nyebutkeun pentingna gawe bareng antara sababaraha pihak dina ngungkulan tangtangan kesehatan saperti stunting, demam berdarah dengue (DBD), jeung tuberkulosis (TBC).

"Kolaborasi antawis pamarentah, TNI, Polri, sarenb masarakat kawilang esensial dina nyiptakeun generasi anu unggul, sehat, tur cerdas. Ngalangkungan gerakan rereongan, urang satekah polah ngawujudkeun Provinsi Jawa Barat anu sehat oge raharja," ceuk AKBP Indra Novianto.

Acara dipungkas ku masrahkeun layang pangajen ka pamilon jeung ka  pihak anu gede kontribusina dina palaksanaan program kesehatan. Ku suksesna acara Geber Si Jumo jeung Jamillah, dipiharep kasadaran jeung partisipasi aktif masarakat dina ngajaga kesehatan jeung kebersihan lingkungan bakal tuluy ngaronjat, mawa Provinsi Jawa Barat ka mangsa hareup anu leuwih sehat tur Raharja.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler