GALURA.CO.ID -Kahirupan urang teu jauh béda jeung dunya patalimarga anu leubeut ku rambu-rambu. Dina kahirupan urang kudu ngagugu kana rambu-rambu kahirupan. Lamun urang ngalabrak kana éta rambu-rambu, urang bakal tinemu jeung katugenah jeung karupek dina kahirupan. Tatakrama mangrupakeun salah sahijina tina rambu-rambu kahirupan.
Balaréa mikaceuceub ka jalma-jalma anu ngalabrak tatakrama, misalna teu sopan, calutak, ngunghak, jeung ngalunjak ka saluhureun. Ku lantaran kitu, ajaran Islam mah kacida pisan ngahargaan kana tatakrama atawa kasopanan. Sacara basajan, ieu tatakrama diwengku dina kecap akhlak.
Salila tatakrama anu lumaku di hiji kaum atawa kampung teu tojaiyah jeung aturan Alloh katut Rosul-Na tur aya kamaslahatan pikeun balaréa, bakal jadi madarat lamun dilabrak, maka éta tatakrama bisa disebutkeun bagéan tina akhlak Islami. Contona ngucapkeun “punten” nalika ngaliwat ka hareupeun saurang jalma jadi bagéan tatakrama anu teu meunang dilabrak, sabab lamun dilabrak bakal pimatakeun.
Baca Juga: Adjie Esa Poetra: Kudu Aya Gubenur nu Nawujudkeun Provinsi Sunda
Tingkat paling minimal urang disebut jalma colonos, kadituna bakal nimbulkeun piomongeun sabab aya jalma anu ngarasa dilélécé ku tingkah laku urang. Sok sanajan kitu, ieu kecap punten teu bisa ngéléhkeun kana ucapan Assalamu’alaikum. Kari ngadumaniskeun carana. Misalna ngucapkeun “Asslamu’alaikum warohmatullohi wa barokatuh. Punten ngiring ngalangkung”, jeung sajabana.
Dina hal ibadah ogé teu lepas tina tatakrama. Élmu fiqih jeung tasawuf mangrupakeun élmu anu ngatur tatakrama ibadah, utamana dina tatakrama rekés ka Alloh. Hasilna dilarapkeun dina tatakrama hirup kumbuh jeung papada manusa.
Dina hiji waktos Rosululloh saw sareng rombongan para sahabat miang ka Madinah. Anjeunna masihan conto ka para sahabat pikeun ngucapkeun tahlil sareng takbir nalika nyorang jalan anu tarahal tur nanjak. Para sahabat ngagugu kana paréntah Rosululloh saw. Maranéhna ting gorowok maca tahlil sareng takbir.
Ngadangu tinggorowokna para sahabat, anjeunna cumarios, “Héy sakabéh manusa, aranjeun kudu ngabogaan sopan santun. Anjeun ulah dzikir bari gogorowokan. Launan sora aranjeun, sabab anjeun muji jeung ngadu’a téh lain ka Dzat anu tunarungu, tapi anjeun ngadu’a ka Dzat Anu Maha Ngadangu, Maha Deukeut, Maha Suci, tur Maha Mulya” (Ditarjemahkeun sacara bébas tina kitab Shohih Bukhori, hadits nomer 2.992).
Baca Juga: Palanggeran Etika dina Naskah Sunda, Dipahing pisan Hianat ka Nu Geus Boga Jasa
Al-Qur’an ogé geus ngatur kana tatakrama atawa sopan santun dina ngadu’a atawa neneda ka Alloh. “Pék aranjeun ngadu’a ka Alloh kalayan sora anu sopan (teu gogorowokan). Satemenna Alloh teu mikaresep ka jalma-jalma anu kaleuleuwihi” (Q. S. Al A’raf : 55).
Dunya atikan, boh di sakola ti mimiti tingkat dasar nepi ka paguron luhur, nyakitu deui di pasantren mangrupakeun tempat numuwuhkeun tatakrama. Ku lantaran kitu, dunya atikan kudu ngahontal kana tilu ajén, nyaéta ajén kognitif, afektif, jeung psikomotorik.
Ku basa anu basajan mah dunya atikan téh kudu mampuh ngeusian otak (kongitif), numuwuhkeun sikep akhlak hadé (afektif), jeung mampuh numuwuhkeun watak sumanget bajoang (psikomotorik). Hanjakalna, kiwari dunya atikan téh lolobana mah ukur ngudag-ngudag ngeusian otak ku pangaweruh wungkul, ampir mopohokeun kana numuwuhkeun akhlak jeung watak anu hadé.
Rengking kahiji atawa niléy anu hadé, lulus cum claude (lulus kalayan niléy istiméwa) ti perguruan tinggi jadi udagan sangkan dipikareueus. Mémang teu salah, nu jadi hanjakalna téh dina cara naghontalna aya kalana ngalakukeun cara-cara nirca, ngalanggar tatakrama jeung aturan anu geus disaluyuan tur natrat dina aturan.
Baca Juga: Kriya di Ciamis, Mibanda Potensi ngan Tacan Dipalire ku Pamarentah
Tangtuna ari cara-cara nirca téh ngalanggar kana aturan tatakrama. Ka dituna, dunya atikan ukur hasil numuwuhkeun élmu pangaweruh anu namper dina otak, tapi lulusan dunya atikannana miskin tina akhlak jeung watak anu hadé.
Malik bin Anas anu kakoncaran ku panggilan Imam Malik, tokoh madzhab Malikiyah, kalintang pisan merhatoskeun kana tatakrama dina nyuprih jeung ngajarkeun élmu. Anjeunna mah tara batal wudhu salami masihkeun pelajaran bagbagan agama.
Boro-boro ngajarkeun Al Qur’an, dalah ngajarkeun hadits ogé anjeuna mah salamina ngajagi kana wudhu. Anjeunna mah pantang ngajarkeun hadits bari lujag-lejeg, sok komo bari diguguyonkeun mah. Anjeunna nyaurkeun, “Poma aranjeun ulah rék ngaguguyonkeun kana agama.”
Dina kasempetan nu sanésna anjeunna masihan wejangan ka jamaah atawa santrina, “Geus sapayusna jalma-jalma anu nungtut élmu ngarumat sikep sopan santun, teu gurung gusuh, ngajauhan sikep peunggas harepan, jeung sapayusna satiap balaréa nyonto kana akhlak talajak hadé ti kalangan kolot-kolot baheula” (diterjemahkeun sacara bébas tina Kitab Hilyatul Aulia, Jilid ka-6, kaca 318, anggitan Abu Nu’aim Al Asfahani).
Sapamadegan sareng Imam Malik, Syekh Sholih Utsaimin masihan wejangan sangkan urang ngajaga sopan santun boh dina nyiar élmu atawa da’wah. Urang kudu ngajauhan sikep ngulit bawang jeung barangasan, sok komo dina jaman kiwari mah loba jalma anu ukur ngagugulung kahirupan dunya bari bodo dina urusan agama (diterjemahkeun sacara bebas tina kitab Syarah al Mumti’, jilid ka-3, kaca 209, anggitan Syeikh Sholih Utsaimin).
Alloh swt parantos ngemutan ka Rosululloh saw anu pasti ogé lumaku pikeun urang, sangkan ngalarapkeun tatakrama atawa sopan santun dina ngalaksanakeun da’wah. Tujuannana sangkan jalma-jalma ngarasa kataji ku da’wah urang. Kadituna bisa nganteurkeun maranéhna pikeun mikacinta ka Alloh jeung Rosul-Na.
“Maka kulantaran rahmat ti Alloh, anjeun mampuh lemah lembut (leuleus jeujeur liat tali, ngajauhan sikep ngulit bawang). Lamun mah haté anjeun kasar (barangasan jeung garihal), tinangtu maranéhna bakal mabur, ngajauhan ti sakurilingeun anjeun” (Q. S. Ali Imron : 159). *** Ade Sudaryat