Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh, Ngarobah Kabijakan Adipati Sastrawinata

23 Februari 2023, 09:30 WIB
Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, jeung Gubernur Jawa Barat. Pamarentah Kabupaten Ciamis keur soson-soson ngaganti ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh, prosesna masih panjang. /Humas Pemkab Ciamis/

GALURA -Nohonan jangjina, Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, keur tohtohan narekahan, luyu jeung peraturan, sangkan Kabupaten Ciamis ngaranna balik deui ka asalna: Kabupaten Galuh, saperti samemeh Adipati Sastrawinata jeneng Bupati Galuh.

Ngaran Kabupaten Galuh diganti jadi Kabupaten Ciamis jaman Kabupaten Galuh dibupatian ku Adipati Sastrawinata taun 1915. Naon kasang tukang Adipati Sastrawinata ngaganti ngaran Kabupaten Galuh jadi Kabupaten Ciamis tepi ka danget ieu tacan kaungkab.

Digantina ngaran Kabupaten Galuh jadi Kabupaten Ciamis nu dipokalan ku Adipati Sastrawinata dikukuhkeun ku pamaréntah kolonial Belanda. Ti taun 1915, ngaran Kabupaten Galuh dina administrasi pamarentahan diganti ku ngaran Kabupaten Ciamis.

Baca Juga: Putri Anjungsari (36), Prajurit Cirebon Tugur Sisi Walungan Lebah Parahu ti Kelebuh, Ngan Ujug-Ujug Birat

Adipati Sastrawinata asalna ti Purwakarta ngan masih turunan Ciancang, masih turunan bupati-bupati Galuh. Sastrawinata jadi bupati Galuh ngaganti Sutawijaya, diangkat ku kolonial Belanda.

Sutawijaya nu jadi bupati Galuh ti taun 1812 tepi ka taun 1815 téh asalna ti Cirebon, salahsahiji ti opat bupati panyelang. Disebut bupati panyelang lantaran lain rundayan Prabu Haurkuning.

Sutawijaya téh bupati panyelang nu pamungkas nu diusir ku urang Tatar Galuh lantaran kalakuanana cenah teu pikaresepeun, di antarana mindeng pabéntar paham jeung patih Galuh.

Teu kawas jaman kolonial Belanda, proses digantina deui Kabupaten Galuh jadi Kabupaten Ciamis, henteu babari, kudu ngaliwatan sababaraha tahapan. Di antarana aya kajian akademik nu lain ukur ditilik tina jihad sejarah, tapi oge sosial, ekonomi, budaya, jeung pulitik.

Baca Juga: Pokdarwis Prabu Wangi Desa Winduraja Magelarkeun Seni Pertunjukan Damar Larung, 12 Maret 2023

Lian ti eta aya aspirasi ti masartakat. Lebah dieu pamarentah desa sa-Kabupaten Ciamis geus masrahkeun aspirasi masarakat nu mikahayang ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh.

Pamarentah Kabupaten Ciamis kudu menta kasaluyuan ti DPRD Kabupaten Ciamis. Geus satuju diajukeun ka tingkat Provinsi Jawa Barat. Provinsi nyaluyuan diajukeun ka pamarentah pusat, ka Kemendagri.

Geus tepi ka Kemendagri mah tinggal ngadagoan kaputusan naha disaluyuan atawa henteu. Mun disaluyuan tinggal dilaksanakeun: ngaganti lambang, ngaganti kop surat, plang ngaran ti mimiti tingkat kabupaten tepi ka tingkat desa jeung kalurahan.

Patalekanana: Naha sanggup henteu urang Ciamis, kaasup pamarentah Kabupaten Ciamis, ti mimiti bupati, wakil bupati, asda, kepala dinas, camat, kepala desa, ketua RW, ketua RT, ngawujudkeun jeung ngajalankeun ajen filosofis Galuh?***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler