Kabayan Ngalanglang Jaman (7): Nyasar ka Jaman Sangkuriang

- 8 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

TI tebéh tonggoh kareungeu aya sora ngagurubas tarik naker.

Duka naon, da ti lebah Sangkuriang jeung badégana mah teu katénjo nanaon, iwal ti rungkun jeung tatangkalan anu sawaréh ting galebru rarubuh sawaréh deui ting rarajeg, ngan dahanna baé nu pasoléngkrah téh.

Dangdaunan mah geus teu kacaturkeun deui, pasoléngkrah di sakuliah tempat. Atuh da éta sora gumuruh nu duka ti mana sumberna téh dibarengan ku cahaya ting burinyay teu béda ti tatit.

Teu lila, jep sora gumuruh téa téh geus teu kadéngé deui.

Jempling.

Sangkuriang rarat-rérét ka sakurilingeunana. Néangan badégana anu satia.

Kasampak badégana téa keur silirangkul bari ngayekyek.

Nénjo kitu, Sangkuriang ukur gogodeg.

“Ki Amuksaketi! Ki Amuksalaksa! Meugeus! Nanaonan éta téh?!” ceuk Sangkuriang bari mésem.

Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa kawasna can éling tina pangacianana, can rerep tina kasimana, tangka Sangkuriang cocorowokan gé tayohna teu kadéngéeun. 

“Meugeus, Ki Amuksaketi! Ki Amuksalaksa, meugeus!”

Demi ngadéngé dununganana cocorowokan, Ki Amuksaketi éling tina kasimana.

Sot baé rangkulan Ki Amuksalaksa anu nangkeup pageuh kana beuheungna téh dilésotkeun.  

“Hah? Enggeusan, Anom?”

“Naon nu enggeusan téh?” omong Sangkuriang bari deui-deui mésem.

“Duka atuh, Anom. Naon bieu téh, Ki Adi?”

“Nyao!” témbal Ki Amuksalaksa, bari panénjona ngarérétan ka sakurilingna.

Nénjo sakurilingna geus burakrakan kitu, gebeg… Ki Amuksalaksa reuwas liwat saking. Tuda bieu mah boro-boro katénjo kaayaan sakurilingna téh, da puguh panonna ngahaja dipereketkeun dipeureumkeun, sieun nénjo anu matak pikasieuneun.  

“Ambuing, ambuing! Mangkeluk naon atuh nu geus ngagunasika alam téh, nya?!” omongna, panonna molotot.

Ki Amuksaketi gé kakara eungeuh. Panonna dibolototkeun nyidik-nyidik kaayaan sakurilingna.

“Ambuing, ambuing!” pokna gogodeg. “Aya naon bieu téh, Anom?”

Can gé Sangkuriang ngajawab pananya badégana, ti lebah rungkun anu geus peuray katebak angin lilimbungan, torojol hiji lalaki tengah tuwuh anu papakéanana teu ilahar ceuk ukuran Sangkuriang katut badégana.

Éta lalaki tengah tuwuh téh melong ka Sangkuriang jeung badégana, laju gigisik semu teu percaya kana teténjoanana.

Rét ka sakurilingeunana, gigisik deui. 

Nénjo polah jalma anyar datang kitu peta, Sangkuriang jeung badégana silirérét. Asa ahéng, di tengah leuweung geledegan kitu aya jalma anyar datang bari papakéanana teu lumrah jeung maranéhanana. Polahna gé deuih éstu matak teu pikahartieun.

Séjén jeung Ki Amuksaketi katut Amuksalaksa anu ngayekyek nyumput di tukangeun Sangkuriang, Sangkuriang mah geuwat taki-taki masang jurus.

“Éit!  Saha andika, di mana lembur matuh? Jeung naon pamaksudan wuri-wuri datang ka dieu?”

Nénjo pamuda hareupeunana masang jurus, bari jeung nanya kalawan sora nu bedas, éta jalma anyar datang téh neger-neger manéh. 

“Punten baé, kulan. Kami téh Kabayan téa...,” omong jalma anyar datang, rengkuh naker.

“Naha maké ‘téa’, da kula mah teu wawuh ka andika?! Boro-boro wawuh, nyaho ngaran gé hanteu... Lamun maké ‘téa’ mah, nya saeutikna kudu apal ngaran, meureun... Di mana lembur matuh?” Sangkuriang angger taki-taki, bisi itu ngabongohan narajang.

“Di Kota Bandung, kulan. Di Komplek Kenangan Indah.”

“Ari maksud datang ka dieu?”

“Teu aya maksud nu utama mah, kulan. Ngan kami téh kasasar ka dieu. Lembur naon ieu téh, Ki Silah? Jeung saha ari Ki Silah téh?”

“Lembur? Lain lembur ieu mah! Pan katénjo meureun ku andika... ieu mah leuweung geledegan... Bukit Tunggul ngaranna. Tuh, beulah ditu…,” Sangkuriang nuduhkeun ka lebah kaler, “... Gunung Tangkubanparahu. Pangna disebut Tangkubanparahu téh...”

“Pédah jiga parahu nangkub, nya?” Profésor Kabayan motong omongan.

“Lain jiga, tapi enya!” Ki Amuksaketi anu ti tatadi nyumput tukangeun dununganana, geuwat  nyampeurkeun Profésor Kabayan, bari angger asa-asa tur waspada.

Kitu deui Ki Amuksalaksa, ngiclik tukangeunana.

“Enya!” Ki Amuksalaksa ngéngklokan baturna. “Na andika teu nyaho, apan tadina mah éta téh parahu, ngan lila-lila jadi gunung. Mimitina mah éta parahu téh disepak ku Anom...”

“Ku Anom? Da sakanyaho kami mah, kitu gé ceuk dina dongéng, disépakna téh lain ku Anom, tapi ku Sangkuriang.”

“Enya, kitu. Ari Anom téh Sangkuriang kénéh. Ari Sangkuriang téh Anom kénéh...”

“Baruk? Ngora kénéh, nya, Sangkuriang téh?”

“Ih, belegug geuning jalma anyar datang téh. Sok ah, Dulur, bagéan andika nu nerangkeun!” omong Ki Amuksalaksa ka Ki Amuksaketi, semu nu keuheul.

“Kieu, Ki Sanak... aéh, Ki Kabayan, nya, ngaran téh?”

“Enya, sebut wé Kabayan. Atawa mun rék lengkép mah, Profésor Kabayan, kituh. Tong maké émbél-émbél ‘Ki’ sagala, da kami mah can pantes disebut aki-aki...”

“Enya, heg, heg. Rék disebut naon-disebut naon gé, da angger jirimna mah éta-éta kénéh, lin? Kieu..., mémang can kolot-kolot teuing Sangkuriang téh. Ngora kénéh pisan, malah mah. Ngan, anu dimaksud Anom ku kula jeung ku batur kula mah, sesebutan keur ieu yeuh...,” omong Ki Amuksaketi bari nunjuk ku jempolna ka Sangkuriang, “Bisi can nyaho, ieu téh Sangkuriang. Ari kula jeung batur kula mah nyebutna téh Anom. Anom Sangkuriang!”

Beg, Profésor Kabayan ngagebeg. Beu, naha lalampahan téh bet jauh-jauh teuing?! Bet kalah nyasar ka jaman Sangkuriang, geuning?

Ras Profésor Kabayan inget, mesin waktu jieunanana téh saenyana can bisa dipaké, lantaran can aya alat pengendali taun jeung tempatna.

Éta ge bisa dipaké kétah, tapi si mesin téh bakal kuma karepna, moal bisa diatur ku nu ngadalikeunana. Nyaho-nyaho geus ngajeblag wé beréndélan angka taun dina layar monitor téh.

Inget ayeuna mah manéhna, tadi gé dina layar monitor téh ngajeblag béréndélan angka... asana mah: taun 2000 saméméh Masehi! Ari tempatna nuduhkeun hiji wewengkon di kaléreun Kota Bandung, tempat asal manéhna.

“Beu, ana kitu mah aing téh geus nyasar ka jaman Bandung Purba!” gerentes haténa.    

 “Ku naon andika bet ngahuleng? Naha andika gimir nyanghareupan Anom jeung kaula duaan?”*** Lajengkeuneun

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (8): Jaman Bandung Purba

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x