Putri Anjungsari (48), Di Sisi Citarum Tepung jeung Tukang Parahu nu Picurigaeun, Telik Sandi Musuh?

- 7 Maret 2023, 05:30 WIB
Salahsahiji bagian bangunan karaton Pakuan Pajajaran (Foto: @ainusantara)
Salahsahiji bagian bangunan karaton Pakuan Pajajaran (Foto: @ainusantara) /Nanang S/Galura

ANJOG ka darmaga pameuntasan di Citarum, di wewengkon Rajamandala teh sareupna. Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Gingin, ti darmaga Cimanuk, sanggeus liwat pilemburan metakeun pangabisana, bebelesatan lumpat tarik lir paser nu dilepaskeun tina gondewa. Masing mindeng reureuh oge tereh tepi, leuwih gancang batan naek kuda.

 

Ngarasona henteu di warung, tapi di handapeun tangkal lame nu geus kahot. Teu jauh ti darmaga. Di dieu mah darmagana teh leuwih rame, rakitna oge aya sababaraha hiji jeung galede, malah aya tali badag nganteng meuntasan walungan, keur puntanganeun tukang rakit mun keur meuntaskeun panumpang, salian ngawelah ku galah.

Kawantu geus sareupna anu lalar liwat geus arang. Teu loba nu mareuntas. Sababaraha urang tukang rakit dariuk ngariung dina jukut, dina gili-gili walungan, teu jauh tina tempat dicangcangna rakit. Kawasna mah keur uplek ngawangkong, malah aya nu bari pepeta sagala, jeung tunjak-tunjuk ka lebah tonggoh.

Di unggal warung nu bangunana rata-rata baradag, galede, malah aya tempat sare sagala, katempo loba nu keur ngawadang. Obor geus diseungeut, di unggal hareupeun warung,  ngagebur hurung, nyaangan ka jero warung. Tambah deui ku seuneu hawu. Dina meja dahareun ngetit palita nu diwadahan dina batok.

Keur murak bebekelan, salahsaurang tukang rakit saurang nyampeurkeun. Awakna jangkung leutik,  dudukuy nu dijieun tina anyaman awi,  digantelkeun kana tonggongna. Pakeanana sarwa hideung. Nyoren bedog nu perah jeung sarangkana tina tanduk munding, kaciri herang meles, kawasna remen dielapan make minyak suuk.

“Sampurasun,” pokna.

“Rampes,” tembal  Aki Jaya

Tukang rakit diuk gigireun Aki Jaya dina batu demprak.

“Ti mana daria? Asa karek panggih,” ceuk tukang rakit.

“Kami ti Kawali,” walon Aki Jaya.

“Ambuing jauh temen. Arek ka mana?”

“Hayang nganjang ka luluhur,” tembal Aki Jaya. “Sok diasaan, ngan tiis, geus rada lila,” ceuk Aki Jaya deui bari ngageserkeun  kulub ganyol ka hareupeun tukang rakit.

“Karek bieu dahar,” ceuk tukang rakit bari ngareret ka Asmita, Gingin jeung ka Atus. “Karek ayeuna ka dieu,” pokna deui.

“Kami mah ngatilu kalian. Ngan barudak mah karek ayeuna,” tembal Aki Jaya.

“Nganteur caritana mah,” ceuk tukang rakit.

Aki Jaya seuri.

“Moal waka indit ayeuna ka dituna?” ceuk tukang parahu deui.

“Ke ngaso heula. Ongkoh hayang tengah peuting ngadeuheusna,” ceuk Aki Jaya. “Teu jauh ti dieu patilasanana? Unggal mah meuntasna ti ditu,” sambung Aki Jaya bari nunjuk ka kiduleun walungan.

“Deukeut. Make parahu wae ambeh gancang.”

“Andika boga parahu?”

“Boga, cukup keur opat urang mah.”

“Kumaha di dituna ayeuna? Angger loba nu datang?”

“Unggal poe oge sok aya wae nu ka ditu. Peuting oge loba, malah loba nu ngarendong,” tembal tukang rakit.

“Peuting ayeuna kumaha, loba nu ka ditu?” ceuk Gingin milu nanya.

“Teu nyaho loba henteuna mah, ngan pasti aya nu mujasmedi di ditu. Anu datangna mangkukna tacan baralik sigana lantaran peuting kamari mah riweuh tepi ka isuk-isuk. Loba jelema. Henteu lugina mujasmedina. Cenah mah perjurit Carbon oge aya, ngan ayeuna mah geus arindit ka kulon.”

“Riweuh ku naeun?” Asmita nembrong.

“Aya nu ti teuleum, cawene. Rek nyepi di ditu, meuntas tumpak parahu, ngan lain ti dieu meuntasna. Di tengah walungan parahuna ujug-ujug tibalik.”

“Kapanggih?” Gingin milu nanya.

“Acan. Ayeuna keur diteangan keneh.”

“Dina parahuna ngan saurang?” Atus panasaraneun.

“Tiluan, tukang parahu saurang, urang dieu, saurang deui lalaki nu marengan cawene. Tukang parahu jeung lalakina mah salamet, bisa ngojay ka sisi. Parahuna teu tuluy palid, geus dihanjatkeun, taya nu ruksak.”

“Eta ceuk baturna, cawenena bisa ngojay teu?” ceuk Atus.

“Teu nyahoeun.”

“Urang mana, cenah,” Atus nanya deui.

“Bejana mah urang kulon.”

“Ari batur cawenena aya keneh?”

“Aya, di imah kuncen, milu neangan.”

“Ari di dieu taya nu bisaeun neangan nu ti teuleum?”

“Nya, aya, geus kahot. Ku inyana mah tara aya nu teu kapanggih. Tapi kajadian nu ayeuna mah, rada aneh. Tektek nu dialungkeun ka walungan kalah ka kabawa palid, dituturkeun tepi ka tektek palidna ka nu deet. Biasana mah sok muter lebah layon nu ti teuleum.”

“Boa ku buhaya.”

“Wah, buhaya ti mana. Euweuh buhaya di dieu mah.”

 “Mun kitu mah teu tilar nu ti teuleumna,” ceuk Gingin nyelengkeng.

Paroman tukang rakit ngariuk, laju mencrong ka Gingin, laju culang-cileung, siga aya nu dipikahariwang. Aki Jaya, Asmita, Atus, Gingin heraneuneun  nempo tukang rakit paripolahna ngadadak robah saperti kitu teh. Sakedepan taya nu nyarita. Tukang parahu saterusna siga nu elekeseng, siga nu teu genah cicing.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x