Pirajeuneun Asmita ngareret ka girangeun walungan, katempo rakit ngageuleuyeung. Anu ngawelahna dua urang, ti hareup jeung ti tukang, galahna awi saleunjeur, panjang. Di antarana nu ngawelah dariuk opat urang. Kabeh oge lalaki, make pakean sarwa hideung, kitu deui totopongna. Anu ngawelah mah make dudukuy tina anyaman awi.
“Ki,” ceuk Asmita bari noel Aki Jaya nu angger merhatikeun Atus nu ngojayna bari teuteuleuman.
Aki Jaya ngareret.
“Rakit,” ceuk Asmita bari ngalieuk ka lebah girang.
Aki Jaya curinghak, jung nangtung. Panonna mencrong ka lebah rakit nu beuki deukeut wae.
Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut
“Kira-kirana saha, nya? Siga nu rek nyampeurkeun urang,” ceuk Asmita nu angger diuk.
“Nu keur ngala lauk, kitu?” tembal Aki Jaya malik nanya.
“Asa teu katempo parabotna,” ceuk Asmita. “Jigana lain keur ngala lauk. Piraku rakitna lajuna tarik.”
Aki Jaya diuk deui. Panonna mah angger manco kana rakit nu luak-leok nyingkahan batu badag nu ditaringgul di walungan. Tapis pisan tukang rakit ngawelahna teh. Kawasna geus manukna rarakitan di Cimanuk. Anu tumpak rakit tembong siga nu kakara tumpak rakit di walungan nu caina tarik, leungeunna maruntang awi pamageuh rakit.